Kabayan Ngalanglang Jaman (10): Cinta jeung Pangorbanan

11 Mei 2023, 05:00 WIB
/Desain REA/

SANGKURIANG henteu langsung ngahayukeun pangajak Profésor Kabayan.

Leng ngahuleng sakedapan.

“Tampi, Anom!” Ki Amuksaketi ngahatéan.

“Enya, Nun, tampi!” Ki Amuksalaksa gé milu ngahatéan dununganana.

Sangkuriang can waka némbalan.

Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (9): Mantuan Sangkuriang, Néangan Dayang Sumbi

Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (8): Jaman Bandung Purba

“Kumaha, Sangkuriang?” Profésor Kabayan neuteup seukeut ka Sakuriang nu keur anteng ngahuleng. “Kumaha? Panuju kana usul kami?”

“Hus, lain usul andika, Profésor Kabayan!” Ki Amuksaketi ngagebés. “Kapan anu mimiti ngusulkeun néangan Endén Dayang Sumbi maké mesin waktu téh kaula, lain andika! Naha tuluyna bet diaku ku andika?!” 

Profésor Kabayan ukur kéom.

“Enya, pék baé! Kami mah ngan nuluykeun usul andika!”

“Kumaha, Anom?” ceuk Ki Amuksalaksa teu miroséa anu duaan. “Sugan baé Endén Dayang Sumbi téh bisa kapanggih raratanana ari ditéangan maké mesin waktu mah...”

Sangkuriang ngarénghap.

Ngahuleng deui sajongjongan.

Deui-deui ngarénghap, rada jero.

Tuluy…

“Nya, heug atuh!” témbalna pondok.

Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (7): Nyasar ka Jaman Sangkuriang

Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (6): Nu Tunggara Manah, Midangdam Katresna

Ngadéngé jawaban kitu, Profésor Kabayan, Ki Amuksaketi, jeung Ki Amuksalaksa bangun nu atoh.

“Tah, kitu atuh!” omong tiluanana rampak, mani kawas dikomando baé.

“Mun ti tatadi, heug kituh! Mani hésé rék ngedalkeun sakecap gé, Anom mah!” ceuk Ki Amuksaketi dibarung ku seuri. Témbong huntuna nu luhur geus aya nu punglak lebah capék-rahémna. 

“Enya, mani kudu dipikiran heula. Pira gé ngaenyakeun, naon héséna!”  Ki Amuksalaksa ngéngklokan baturna.

“Lain kitu! Kula mah teu nyaho naon nu disebut mesin waktu téh. Sieun kumaonam. Sieun nyasar, sieun teu bisa balik deui ka dieu.”

“Ih, nyasat atuh, Anom. Keur naon mikabogoh, ari teu dibarengan ku kasinatriaan mah! Keur naon neundeun haté, ari leutik burih mah!” omong Ki Amuksaketi.

“Enya, Anom. Cinta mah perlu pangorbanan. Ku naon pangorbanan Anom bet luntur? Kapan baréto ge Anom téh sakitu sinatriana nyanggupan kahayang Endén Dayang Sumbi. Tepi ka ngabendung situ jeung nyieun parahu gé, geuning bisa anggeus sapeuting jeput,” Ki Amuksalaksa milu ngéngklokan.

“Heueuh, kitu téa mah. Tapi pan baréto gé nyamos, euweuh hasilna!”

“Hih, ari Anom! Éta mah takdir. Takdir ti Hyang Tunggal! Boa mémang Endén Dayang Sumbi téh biang Anom, tepi ka Hyang Tunggal henteu mikeun Anom ngajodo jeung inyana. Atawa mémang boa harita mah can dikersakeun ngajodo, da meureun can ninggang kana mangsana kudu ngajodo. Boa bisa ngajodo téh engké dina mangsana nu mustari. Boa...”

“Boa, boa… Na ari Ki Lanceuk, ti tatadi téh bet boa jeung boa baé!”

Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (5): Leungiteun nu Dipikaasih

Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (4): Ka Mana Salaki Aing?

“Ari geus naon lamun lain boa?! Pasti? Teu bisa disebut pasti, Ki Amuksalaksa, da takdir mah rusiah Hyang Tunggal. Manusa mah ukur ngalakonan takdirna!”

“Heueuh, justru kaula gé ahirna mah boga pikiran ka dinya, nu matak ayeuna daék gé,” omong Sangkuriang semu ngagerendeng.

“Henam atuh, Ki Kabayan, ari andika sadia rék nulungan mah.” Kituna téh bari cengkat tina diukna.

Jung saréréa gé nangtung.

“Ari andika duaan rék ka marana deuih, bet milu cengkat?” ceuk Profésor Kabayan ka badéga nu duaan.

“Har? Na teu jeung kaula, kitu?”

“Enya, naha bet teu jeung kaula?”  

“Lamun arandika milu, rék milu kana naon?”

“Har? Na bet ngalétak ciduh sorangan, andika mah. Kapan milu kana mesin waktu téa!” Ki Amuksaketi rada nyorongot.

“Da kami mah teu ngajak andika duaan. Ukur ngajak ka Sangkuriang.”

Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (3): Lain Mesin Samanéa

Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (2): Nu Paséa Ngaributkeun Hak

“Teu adil atuh! Kapan kami téh badégana, anu siap nandonkeun pati demi kasalametan Anom!”

“Enya, lebah dinyana mah kaharti. Kami gé lain embung mawa saenyana mah, tapi da kumaha atuh, tempatna di mana...”

“Maksud andika?”

“Hampura, lain embung mawa. Tempat diukna gé ngan mahi keur duaaneun...,” Profésor Kabayan garo-garo teu ateul. Ngarasa karunya ongkoh ka nu duaan. 

Nu duaan silirérét papada baturna. 

"Keun baé teu kudu maké tempat diuk. Asal aya tempat kosong wé…," celengkeung Ki Amuksalaksa milu nyoara.

"Hih, nyasat atuh mun aya tempat kosong mah! Euweuh, puguh. Bisi cangcaya mah, engké wé tempo ka ditu," ceuk Profésor Kabayan, bari nunjuk ka kalér, ka lebah mesin waktuna tadi ngagorobas.

Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (1): Kabayan Jadi Profesor

Teu sidik ti lebah maranéhna cicing mah, da lian ti rada jauh téh, ongkoh kahalangan ku rajegna tatangkalan jeung rungkun anu pating ngarunggunuk kénéh, da sawaréh mah geus pating soléngkrah balukar angin lilimbungan perbawa mesin waktu téa.   

"Aéh, heueuh, naha bet asa diingetan," Sangkuriang nepak tarangna. "Ti tatadi téh kalah hayoh wé ngobrolkeun mesin waktu bari jeung teu nyaho bungkeuleukanana. Lain bawa atuh kaula ka hareupeun bungkeuleukanana, kalah hayoh ngajak baé ngadongéng."

"Aéh, heueuh, nya! Enya, kami gé poho, puguh. Bakating kasima ku kaayaan anu teu biasa. Ongkoh deui andika tiluan téh panasaran hayang baé nanggap kami. Nya, henam atuh ari hayang nempo bungkeuleukanana mah, sakalian bari ninggalkeun ieu tempat. Andika, Ki Amuksaketi jeung Ki Amuksalaksa, henam bisi panasaran jeung cangcaya mah, tempo ka ditu…"

Bring opatanana ngalabring ka kalérkeun, ka lebah urut tadi mesin waktu jeung panumpangna ngagorobas téa.

Maranéhna mapay jalan satapak, Profésor Kabayan di hareup jadi tuduh jalan, di tukangeunana Sangkuriang nuturkeun.

Rada anggang ti maranéhna duaan, pangtukangna pisan, ngiclik Ki Amuksaketi jeung Ki Amuksalaksa.   

Beu, geuning rada jauh ti tempat aing manggihan Sangkuriang jeung badégana ka tempat labuhna mesin waktu téh, gerentes Profésor Kabayan.

Sapaparat jalan nu diliwatan, di ditu-di dieu loba tatangkalan anu raruntuh pating pasoléngkrah, malah aya hiji-dua anu ngahalangan jalan. Rungkun-rungkun gé loba anu deplé, jiga buuk kribo anu depak urut kadedetkeun ku topi.

"Jauh kénéh, Ki Kabayan?" 

"Ké, asana mah geus téréh deukeut," témbal Profésor Kabayan, bari rarat-rérét nenget-nenget tempat nu diliwatan. Napasna rénghap-ranjug. Dadana rada kerep turun-naék, kawantu jalan anu disorang henteu rata, sakapeung nyorang jalan anu netek nanjak-mudun.*** (Lajengkeuneun)

Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (11) : Sapu Nyéré Pegat Simpay 

 

Editor: Rosyid E.Abby

Tags

Terkini

Terpopuler