Sekolah Tinggi Agama Islam Roudlotul Ulum, Udagan Paguron Luhur Islami nu Dibeungkeut Ajén Ahlakul Karimah

16 November 2023, 05:05 WIB
Kampus Sekolah Tinggi Agama Islam (STAI) Roudlotul Ulum, di Kompleks Ponpes Roudlotul Ulum Cisasawi, Desa Cihanjuang, Parongpong, Kabupaten Bandung Barat.* /Dok. Roudlotul Ulum/Galura/

 

 

GALURA.CO.ID. – Dibarung ku udagan ngawujudkeun paguron luhur nu unggul, Sekolah Tinggi Agama Islam (STAI) Roudlotul Ulum ngadeg kalawan mibanda cita-cita ngamekarkeun ajén kompetitif dunya pasantrén.

Nyoko kana basis pasantrén, dina saniskara kagiatan STAI Roudlotul Ulum gé teu leupas tina beungkeutan ajén-inajén ahlakul karimah.

Éta udagan STAI Roudlotul Ulum téh laju dilarapkeun dina usaha-usaha nu strategis geusan ngarojong tujuan organisasi ngayakeun paguron luhur nu unggul kualitasna enggoning ngagumelarkeun sarjana nu mampuh ngamekarkeun tur ngalarapkeun sakumna élmuning kaislaman, katut elmu séjénna.

Lian ti éta, mibanda kaunggulan, kamandirian, kompetitif, jeung profesionalisme dina ihtiar ngawangun masarakat nu cerdas, adil, katut raharja, sarta boga daya saéng boh di tingkat nasional boh internasional.

Baca Juga: Galura Cetak III November 2023, Ngaguar Pentingna Ngungkab Bukanagara di Cisalak Kabupaten Subang

Waktu dikolongan, Ketua Yayasan Roudlotul Ulum, KH MD Ubaidillah AB, M.Pd. ngébréhkeun, STAI Roudlotul Ulum gé teu weléh ngayakeun kagiatan panalungtikan sahadé-hadéna malar mawa mangpaat pikeun balaréa dina raraga nimukeun, ngamekarkeun, jeung nyebarkeun élmu pangaweruh tur teknologi, nu taya lian keur kamaslahatan masarakat katut kamekaran élmu pangaweruh.

“Di sagédéngeun éta, ngokolakeun pangabdian jeung matéakeun rupaning potensi masarakat tur alam enggoning ngadorong kamekaranana geusan ngahontal karaharjaan,” pokna, Kemis, 9 November 2023.

Satuluyna inyana mertélakeun, yén dina prak-prakanana salila ieu, STAI Roudlotul Ulum gé ngawangun rukun gawé jeung lembaga-lembaga nu ngokolakeun widang élmu pendidikan, ékonomi, komunikasi, dina skala nasional sarta internasional.

“Éta téh estu boga tujuan ngabantu kahontalna udagan pendidikan nasional dina ngawujudkeun masarakat nu ariman jeung takwa, dibarung ngaronjatna ajén sumber daya manusa sarta nyiapkeun insan profésional,” ceuk KH MD Ubaidillah AB.

Kampus STAI Roudlotul Ulum perenahna di Kompleks Ponpes Roudlotul Ulum Cisasawi, Desa Cihanjuang, Kacamatan Parongpong, Kabupaten Bandung Barat. Program studi di STAI Roudlotul Ulum téh aya Manajemen Pendidikan Islam, Hukum Ekonomi Syariah, jeung Komunikasi Pendidikan Islam.

Baca Juga: Tatanen di Urang Sunda, Ngahuma, Henteu Ngarobah Taneuh

Udagan séjénna STAI Roudlotul Ulum nyoko kana tujuan pendidikan sakumaha nu kaunggel dina Undang-Undang Nomer 20 Taun 2003, nyaéta ngawujudkeun sistem jeung iklim pendidikan nasional nu mibanda ajén, dibarung ahlak mulya, motékar, wawasan kabangsaan, cerdas, sarta ngawasa élmu pangaweruh tur teknologi enggoning ngamekarkeun karakter urang Indonesia.

Ti dinya, laju dilarapkeun dina kagiatan pendidikan, panalungtikan, jeung pangabdian ka masarakat, boh dina perkara ngamekarkeun élmu-élmu kaislaman boh cabang-cabang élmu lianna.

“Lulusan STAI Roulotul Ulum dipiharep jadi insan nu unggul, kompetitif, profesional, kalawan diwewegan ku pangaweruh jeung kaparigelan tur kamandirian, ogé mibanda ahlak nu mulya,” ceuk KH MD Ubaidillah AB.

Dina kétakna salila ieu, STAI Roudlotul Ulum usaha satekah polah malar jadi paguron luhur nu boga peran penting jeung strategis dina pangwangunan bangsa-nagara, utamana ngagumelarkeun sumber daya manusa nu unggul tur ngawasa élmu-élmu kaislaman turta widang élmu séjénna, maslahat di tingkat nasional reujeung global.

“Program strategis séjénnana nyaéta STAI Roudlotul Ulum terus ngawangun rukun gawé sarta kamitraan jeung sakumna pihak, boh skala nasional boh internasional, kalawan lajuning lakuna téh mangpaat pikeun karaharjaan balaréa,” ceuk KH MD Ubaidillah AB.***

Baca Juga: Inalillahi wainna ilahi rojiun, ceuk Enung Basa Kapilih Jadi Ketua PWI Kabupaten Bandung Periode 2023-2026

Editor: Rosyid E.Abby

Tags

Terkini

Terpopuler