Inalillahi wainna ilahi rojiun,' ceuk Enung Basa Kapilih Jadi Ketua PWI Kabupaten Bandung Periode 2023-2026

- 14 November 2023, 19:14 WIB
Ketua PWI Jawa Barat Hilman Hidayat ngawilujengkeun ka  Enung D Susana nu kapilih jadi Ketua PWI Kabupaten Bandung dina Konferensi PWI Kabupaten Bandung, Salasa (14/11/2023).
Ketua PWI Jawa Barat Hilman Hidayat ngawilujengkeun ka Enung D Susana nu kapilih jadi Ketua PWI Kabupaten Bandung dina Konferensi PWI Kabupaten Bandung, Salasa (14/11/2023). /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID. Enung D Suasana kapilih jadi ketua PWI Kabupaten Bandung periode 2023-2026 hasil Konferensi PWI Kabupaten Bandung nu digelar, di Sekretariat PWI Kabupaten Bandung, Jalan Ciloa Desa Pamekaran, Soreang, Salasa 14 Nopember 2023.

Tina 24 Daftar Pemilih Tetap (DPT), Enung meunang sora 13. Lawan-lawanna meunang 8 jeung 3 sora. "Innalillahi wainna ilaihi rojiun," ceuk Enung basa inyana kapilih.

Cenah teu nyangka sacongo buuk oge rèk jadi Ketua PWI Kabupaten Bandung, da puguh sama sakali teu nyiapkeun diri nyalon.

Baca Juga: Kemkominfo, Dewan Pers, jeung PWI Sapuk Ngarojong Jurnalisme nu Piunggul dina Pemilu 2024

"Simkuriing ngedalkeu innalillahi, ku margi memang ieu pancèn nu abot kanggo simkuring. Ku margi kitu simkuring neda pangrojong sareng bantosan ti sakumna pangurus nu badè dibentuk engke," ceuk Enung.

Samèmèhna, Panitia Penyelenggara Konferensi PWI Kabupaten Bandung nu dipupuhuan ku Didi Mainaki geus nyair bakal calon Ketua PWI. Tina hasil nyair aya 3 urang nu boga niat hadè rèk leuwih nanjeurkeun PWI Kabupaten Bandung.

Sababaraha tahapan dilakonan, samalah ngayakeun acara Ngadu Gagasan Para Bakal Calon Ketua PWI, pikeun nepikeun visi misi jeung gagasan sangkan nu milih, ceuk Didi Maenaki mah teu milih ucing dina keresek.

Tepi ka peuting piisukanaeunana rèk digelar konferensi, èta 3 urang bakal calon tèh masih kènèh jadi kandidat nu rèk dipilih. Tapi di antara nu tiluan eta teu aya Enung Susana.

Baca Juga: Anugerah PWI 2024 Ditujulkeun pikeun 4 Kategori, PWI Provinsi Bisa Ngusulkeun Calon Panarima ti Daerah

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x