Jumba Program SMAN Situraja Sumedang, Kasehatan Lahir jeung Batin

10 Oktober 2023, 10:25 WIB
Bangunan SMAN SIturaja Sumedangt, mibanda program Juma, keur kasehatan lahir batin. /Tetti/galura.co.id

 

 

GALURA.CO.ID -SMAN Situraja Sumedang ngadeg 1 April 1976, ku alpukah Bupati Sumedang, Drs. Sopyan Iskandar. Nu jadi Kepala Sakola munggaran, Drs. R. Yunus. Ieu sakola téh pernahna di Jl. Kaum No. 14 Situraja, Kabupatén Sumedang. Luas tanahna 13.459 méter pasagi, sedengkeun wangunana mah 7.456 méter pasagi. Jumlah guru 63 urang, siswa 1.147 urang dibagi jadi 32 kelas.

SMAN Situraja Sumedang boga slogan Konstruktip, Cinta Alam, Ramah jeung Andal, disingget jadi “KAKONCARA”, kalayan miharep “Smantura,” maksudna kakoncara kamana-mana.

Ceuk guru Bahasa Sunda di ieu sakola, Candriyani Utami Dewi S.Pd., pikeun ngahontal KAKONCARA Smantura, SMAN Situraja boga program-program unggulan widang akademik, di antarana saban taun KOMARA (Kompetisi Mata Pelajaran Juara) pikeun siswa. Satuluyna, saban poé Jumaah sok diayakeun kagiatan Jumroh (Jum’at Rohani), dieusian ku solat duha babarengan.

Baca Juga: Jambore PTK PAUD 2023 di Bumi Perkemahan Gunung Puntang Kabupaten Bandung Pamilonna Rebuan

Udaganana  sangkan siswa kaasah ahlakna, Jumsih (Jum’at bersih), supaya ling­kungan sakola salilana resik tur beresi, Jumba (Jum’at Berolagraga), sangkan siswa jeung guruna sehat lahir batin, jeung Jurasik (Jum’at Literasi Asik), nyaéta mintonkeun kaparigelan siswa.

Aya ogé program non akademik, diantarana Shipa (Paré Siliwangi Pajajaran), nyaéta siswa jeung guru babarengan melak paré dina badeng atanapu émbér. Waktuna panén, pihak sakola sok ngulem alumni nu geus jadi gegedén atawa inohong. Ayeuna geus ngamimitian melak tomat dina émbér, mun pareng panén baris diayakeun kagiatan Wisata Belanja Metik Sendiri.

Cék Candriyani, SMAN Situraja mibanda prétasi akademik, nyaéta kabawa kana Kompetisi Sains Nasional (KSN) ka tingkat provinsi Jawa Barat, pon kitu deui nu lulus Seleksi Nasional Berdasarkan Prestasi (SNBP) saban taun ngaronjat. Atuh lulusanana ogé réa nu katarima kuliah di paguron luhur negeri.

Lain wungkul sakola nu nyongcolang téh, tapi Kepala Sakola ogé, Iwan Kartiwa, S.S., M.Si., taun 2006 kaasup nu meunang panglélér layang pangajén ti Gubernur Jabar tina prétasina dina widang literasi, nyaéta juara II Lomba Karya Tulis Ilmiah. Taun 2022 jadi peringkat ka 5 Anugerah Pena Penulis Nasional nu diayakeun ku Ikatan Guru Indonesia (IGI) Pusat.

Baca Juga: Wisuda XXIV S1 IAI Persis Bandung Bupati: Wisudawan Tanggungjawab kana Elmu nu geus Disuprih

Nepi ka ayeuna Iwan masih aktip nulis tur jadi penyunting buku. Bukuna nu geus medal, judulna “Ruang Rindu Profesi Guru,” medal bulan April 2019, Gagasan dan Harapan Perbaikan Dalam Bidang Pendidikan, medal taun 2023.

Pon kitu deui para siswana, kaasup nu leubeut prestasi, diantarana: Juara desain Poster jeung Pasanggiri Monolog Tingkat Provinsi Jawa Barat. Sedengkeun prestasi nu dicangking di tingkat Kabupaten Sumedang dianatara:  Juara Cipta Puisi, Seni Kriya, Baca Puisi, Solo Gitar, Film Pendek, jeung juara Vocal.

Aya sababaraha pasualan nu disanghareupan ku SMAN Situraja, diantarana réa siswa nu seunggah neruskeun kuliah, kusabab paktor ekonomi. Cara ngungkulanana, pihak sakola réa méré informasi ngeunaan beasiswa Kartu Indonesia Pintar (KIP) jeung lowongan gawé sangkan bisa kuliah bari digawé.

Candriyani guru lulusan Pendidikan Bahasa Daérah Universitas Pendidikan Indonesia (UPI) Bandung téh miharep sangkan pamaréntah nambahan bantuan anggaran, utamana ka sakola negeri nu teu aya iuran siswa, sabab réa kagiatan akademik jeung non akademik enggoning ngaronjatkeun kamampu jeung kaparigelan siswa. Ulah nepi ka kagiatan nu kawilang penting pikeun kamajuan bangsa kateug alatan kurang waragad.

Harepan keur para guru di Indonesia, sing kreatip ning­katkeun kamampu, sangkan siswa kapecut motivasi diajarna, patali jeung kamajuan jaman, nyaéta réa sakola  nu fullday.

Harepan pikeun siswa, ku meuweuhna media online, nu sagalana sarwa gampang, sing jadi pangjurung sumanget tur soson-soson diajar pikeun ngahontal cita-cita. Keur sakumna sakola di Indonesia, Candriyani miharep, mibanda udagan para lulusanana jadi jalma nu mangpaat keur dirina, kulawarga, masarakat, bangsa jeung nagara.*** Tetti Hodijah

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler