Mubes POM SAQ Nur Madani 2023, Ngaronjatkeun Kétak Organisasi pikeun Ngarojong Kamajuan Siswa jeung Sakola

24 September 2023, 20:49 WIB
Musyawarah Besar Persatuan Orang Tua Murid (POM) Sekolah Alam Qur’an (SAQ) Nur Madani 2023 di Masjid Nurusy Syifa, Desa Cihanjuang Rahayu, Parongpong, Kabupaten Bandung Barat, Saptu, 23 September 2023.* /DOK. SAQ NUR MADANI/Glr/

GALURA.CO.ID – Mubes atawa Musyawarah Besar Persatuan Orang Tua Murid (POM) Sekolah Alam Qur’an (SAQ) Nur Madani 2023 digelar minangka sarana pikeun ngarojong kamajuan sakola, kaasup kamajuan siswa.

Éta Mubes POM SAQ Nur Madani 2023 téh Mubes nu munggaran dilaksanakeun, dikokojoan ku parakolot siswa jeung sakola.

Dina Mubes POM SAQ Nur Madani 2023 gé disawalakeun rupaning perkara geusan ngamekarkeun ketak organisasi, dumasar Anggaran Dasar (AD) jeung Anggaran Rumah Tangga (ART), nu ogé dibahas dina Mubes.

Ku digelarna Mubes gé dipiharep bisa dijadikeun sarana pikeun ngamekarkeun tur leuwih matotoskeun rupa-rupa kagiatan nu dilaksanakeun ku POM SAQ Nur Madani.

Mubes POM SAQ Nur Madani 2023 lumangsung di Masjid Nurusy Syifa, Desa Cihanjuang Rahayu, Parongpong, Kabupaten Bandung Barat, Saptu, 23 Séptémber 2023.

Baca Juga: Gebyar Budaya Nelesan di Desa Nagarapageuh, Panawangan, Ciamis, Taya Opak jeung Kupat

Ketua POM SAQ Nur Madani, Iswanti, ngécéskeun, ieu Mubes notog kana udagan sangkan POM bisa mingkin ngaronjat ajén ketak-karyana geusan nyiapkeun barudak sajeroning nyanghareupan umur akil balég.

Kitu deui, Mubes POM SAQ Nur Madani 2023 gé dipasieup ku ayana Kajian Parenting Islami pikeun nambah wawasan jeung pangaweruh wali murid dina ngatik budak.

“Lian ti éta, Mubes POM SAQ Nur Madani 2023 boga tujuan netepkeun AD/ART, aturan tata tertib POM minangka hiji beungkeutan organisasi, sarta kalengkepan kapangurusan,” ceuk Iswanti.

Mubes POM SAQ Nur Madani 2023 harita nu dihadiran ku sakumna pangurus POM, sarta wawakil kolot siswa ti kelas 1 tepi ka kelas 6 téh miboga jejer (téma) “Menjadikan POM Lebih Berkualitas Menyiapkan Anak Menghadapi Usia Baligh.”

Baca Juga: Ngajual Sumur

Anapon pedaran Kajian Parenting Islami diungkulan ku sakumna kolot siswa, jamaah majlis ta’lim, Kepala Sakola sarta paraguru katut réngréngan Yayasan Nur Madani, tur ondangan lianna.

Ari nu jadi dasar lumangsungna éta Mubes nyaéta Keputusan Menteri Pendidikan Nasional RI Nomer 044/U/2022 ngeunaan Dewan Pendidikan dan Komite Sekolah, sarta lajuning laku tina dibentukna Panitia Mubes POM SAQ Nur Madani ping 19 Juli 2023.

SAQ Nur Madani téh perenahna di Kampung Tutugan, Desa Cihanjuang Rahayu, Kacamatan Parongpong, Kabupaten Bandung Barat.

“Kamajuan organisasi, salasahijina teu leupas tina ajén ketak parapangurusna kalawan diwewegan ku loyalitas jeung konsisténsina. Muga waé ayana POM SAQ Nur Madani téh baris mawa mangpaat pikeun kamajuan sakola katut parasiswana. Ngahaturkeun nuhun ka sakumna pihak nu parantos ngarojong kana ieu kagiatan Mubes POM SAQ Nur Madani 2023,” ceuk Iswanti.***

Baca Juga: PKM FISIP Unpas Bandung Ngarojong Kamekaran Rumah Madu di Cihanjuang KBB

Editor: Rosyid E.Abby

Tags

Terkini

Terpopuler