Karaton Sukapura Kari Waasna, nu Bisa Cumarita Ukur Museum Alit Luluhur Sukapura

- 15 Oktober 2023, 10:00 WIB
Ruruntuk Karaton Sukapura di Kabupaten Tasikmalaya. Karajaan Sukapura tinggal waasna, warisanana diteundeun di Museum Alit Luluhur Sukapura (foto: fb).
Ruruntuk Karaton Sukapura di Kabupaten Tasikmalaya. Karajaan Sukapura tinggal waasna, warisanana diteundeun di Museum Alit Luluhur Sukapura (foto: fb). /Nanang S/galura.co.id


GALURA.CO.ID -Di tukangeun terminal Kacamatan Sukaraja, Kabupatén Tasikmalaya, aya wangunan leutik camperenik. Éta gedong leutik téh dingaranan Museum Alit Luluhur Sukapura. Di jerona disimpen rupa-rupa barang nu dianggpa titinggal Karajaan Sukapura, ti awit karajaan ngadeg taun 1632 nepi ka tilemna taun 1947.

Barang pusaka nu masih nyampak kénéh téh saperti gamelan, bendé, makuta, raksukan para raja (tumenggung), pakakas karajaan, korsi, méja, jeung sajabana. Kabéh ogé dina kaayaan hadé jeung karumat. Pangurus Yayasan Sukapura sataun sakali maneuh sok meresihan barang-barang bieu bari direureuah ku acara ritual.

Sababaraha méter ti Museum Alit Luluhur Sukapura ngajugrug tembok anu katembong batana geus lalukutan, perenahna di juru kebon sampeu. Jangkungna témbok téh aya kana tilu méter jeung rubakna aya lima metéran mah. Ti kajauhan témbok téh teu kaciri, kahalang ku tatangkalan jeung jukut nu jarangkung.

Baca Juga: Urang Tionghoa di Nusantara Tadina Nyimpang Alatan Ngadagoan Angin Loba nu Terus Bumetah

Eta témbok téh urut karaton Sukapura. Asalna mah témbok téh masih rada lega. Ngan ku lantaran kadéséh ku wangunan, ku sakola, imah warga, puskésmas jeung ku terminal, sésa wangungan karaton méh ledis. Anu nyésa mung kari sakitu, kari sajuru.

Rundayan Sukapura teu cicingeun, témbok nu masih kénéh ngari téh dipertahankeun. Sanajan kari saménél deui gé lumayan éta tembok téh tanda di puseur Sukaraja baheulana aya karajaan kawentar nyaéta Karajaan Sukapura anu jadi cikal bakalna ngadegna pamaréntahan Kabupatén Tasikmalaya.

Pasarean Raja Sukapura

Teu pati jauh ti Museum Alit di tebéh tonggoh aya pasaréan para Raja Sukapura. Perenahna di Gunung Baganjing, Kampung Panémbong Désa Janggala. Ari lelewek pasaréan para raja mah taya nu wanieun ngaguna-sika. Ti baheula mula nepi ka kiwari dituguran ku juru kunci (kuncén) nu ogé sok nganteur nu jarah.

Sawaréh harta kaya karaton téh masih aya sésana sarta kaburu kasalametkeun ku para rundayan raja, anu ngadegkeun beungkeutan Yayasan Sukapura. Ieu yayasan mampuh mertahankeun jeung ngarawat titinggal Karajaan Sukapura. Lamun teu dirumat kawas kitu mah meureun ledis pisan harta kaya karaton, moal aya sésana.

Baca Juga: Bewara tina Naskah Bujangga Manik, Tetela Akurat, salasahijina Kumitir Tembok Benteng Karaton Mapajahit

Ceuk ujaring béja, cenah, Karaton Sukapura sigrong kabina-bina. Di hareupeun karaton anu ayeuna dipaké terminal téh alun-alun karaton, di tengah-tengahna aya opat tangkal caringin badag. Di hareupeun karaton ngadeg masjid agung sigrong, peuntaseun jalan raya Tasikmalaya-Karangnunggal.

Éta masjid kiwari geus barobah wujudna sarta nepi ka ayeuna masih diparaké kénéh. Padahal mah nya mun karaton teu ditugar, kawasna Sukaraja baris didareugdeug ku sémah ti mana-mendi. Sukaraja jadi puseur sajarah Tasik, lir Kota Jogyakarta, Surakarta, Deli Serdang, Kutai, atawa nu deukeut Kota Cirebon,

Rajakaya titinggal Karajaan Sukapura sawah dalem anu 1egana 12 hektare, balong, kebon awi, jeung puluhan tangkal kalapa anu nepi ka kiwari masih tetep dipertahankeun ku pihak yayasan anu dipupuhuan ku alpukahna Rd. Harumaén Wiratanuningrat. Hasilna dipaké keur ngabayuan para juru kunci limaan kaasup Satori sorangan.

Leungitna bangunan karaton ngarupakeun karugian badag pikeun urang Sukaraja husuna jeung kerur urang Tasikmalaya umumna. Entragan kiwari kaasup urang dinyana sorangan loba nu teu arapaleun di Sukaraja téh baheulana aya pusat pamaréntah karajaan. Ahli sajarah, mah loba ngahaja nalungtik sajarah Karajaan Sukapura.

Anu daratang téh sok manghanjakalkeun ku leungitna bangunan karaton. Untungna wé masih aya musieum nu neundeun barang-barang pusaka titinggal Karajaan Sukapura. Nu nganjang ka urut karaton Sukapura, sok terus ka museum. Tas ti museum terus wé nyalekar ka pasaréan para raja di Gunung Baganjing.

Balukar pindah

Alatan kaayaan pulitik jaman harita, taun 1831 Karaton Sukapura ditinggalkeun ku Kangjeng Raja Tumenggung Wiradadaha VIII jeung Patih Danuningrat. Karajaan Sukapura pindah ka Harjamukti (Manonjaya). Pindahna pusat karajaan aya pangaruh perang Diponogoro (1825-1830) di Yogyakarta.

Baca Juga: Naskah Bujangga Manik, Kapanggih ti Kawali Ciamis, Penting keur Nalungtik Sejarah jeung Toponomi Pulo Jawa

Lian ti balukar perang Diponégoro, alesan séjénna pangna pindah, pédah wilayah kakawasaan Sukapura beuki ngalegaan. Taun 1831 Afdeeling Sukapura ngabogaan wilayah legana 260.312,13 hektare cacah jiwana 4.687 urang. Ku kituna puseur pamaréntahanana kudu aya di tempat nu babari kajugjug ti mana-mana.

Ku pindahna pusat Karajaan Sukapura ti Sukaraja ka Manonjaya, karaton anu diwangun Kangjeng Raja Radén Wirawangsa alias Tumenggung Wiradadaha taun 1632 Masehi téh, kurang karumt. Ku kituna wangunan karaton nu sakitu agréngna beuki lila beuki ruksak. Ka béhdieunakeun dipaké bangunan keur kapentingan umum.

Lain ngan Karaton Sukapura nu ngaleungit téh, Karaton Sukapura di Manonjaya ge taya wujudna. Ngan Manonjaya mah masih boga titinggal sajarah, Masjid Manonjaya nu diadegkeun ku alpukahna RT Danuningrat taun 1837 Maséhi. Kabeneran deuih urang Manonjaya teu wanieun ngarobah kaaslian arsitekna.

Sanggeus Indonésia merdika, taun 1947 Karajaan Sukapura salin jinis jadi pamaréntahan Kabupatén Tasikmalaya. Nu matak di handapeun lambang kabupatén aya tulisan “Sukapura Ngadaun Ngora”.***

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah