Tatar Ukur jeung Dipati Ukur, Riwayat Priangan jaman Mataram

- 13 Juli 2023, 07:15 WIB
Disertasi  Cerita Dipati Ukur Dr. Edi S Ekajati nu dibukukeun jeung [eta kuna Tatar Ukur.
Disertasi Cerita Dipati Ukur Dr. Edi S Ekajati nu dibukukeun jeung [eta kuna Tatar Ukur. /

 

GALURA -Samemeh Kabupaten Bandung jeung Kota Bandung ngadeg, daerah Bandung katelah meunang pangjuluk Tatar Ukur nu ceuk naskah Sadjarah Bandung puseur dayeuhna di Karapyak, ayeuna Dayeuhkolot, Kabupaten Bandung.

Wilayah Tatar Ukur ngawengku Timbanganten, Gandasoli, Adiarsa, Cabangbungin, Banjaran, Cipeujeuh, Majalaya, Cisondari, Rongga, Kopo, Ujungberung, jeung daerah sejenna. Tatar Ukur ngaherum Kabupaten Bandung Barat, Kabupaten Bandung, Kota Cimahi jeung Kota Bandung.

Ti mimiti abad ka-15, sacara turun-tumurun Tatar Ukur diparentah ku Prabu Pandaan Ukur, Dipati Agung, jeung Dipati Ukur. Wilayah Tatar Ukur teh kawilang lega ambahanana ngawengku 9 daerah anu aya di Jawa Barat tur meunang sebutan “ukur sasanga.”

Baca Juga: Raja Sunda Tarusbawa Ngarerepeh Patelakna Karajaan Kalingga jeung Karajaan Sriwijaya

Karajaan Pajajaran burak taun 1579 alatan di rurug ku wadia balad Banten. Raja pamungkas Pajajaran Nusia Mulya ngutus opat urang kandang lante pikeun masrahkeun Mahkota Binokasih Sanghyang Pake ka nalendra (raja) Sumedanglarang.

Utusan anu opatan teh nyaeta Jaya Perkosa, Nangganan, Kondanghapa, jeung Pancar Buana. Ari anu jeneng nalendra di Sumedanglarang mangsa harita nyaeta Putra Ratu Poetjoek Oemoen, pangeran Angkawijaya alias Prabu Geusan Ulun.

Atuh nalika opat urang kandanglante Pajajaran masrahkeun makuta minangka simbul kakawasaan Pajajaran, ku Nalendra Sumedanglarang dibageakeun kalawan daria. Nurutkeun panca kaki mah antara Sumedanglarang jeung Pajajaran teh, cenah, sakaruhun.

Ti saprak burakna karajaan Pajajaran, ahirna Tatar Ukur oge jadi bagian tina wilayah kakawasaan Karajaan Sumedanglarang (panerus karajaan Pajajaran). Puseur dayeuh Karajaan Sumedanglarang teh di Kutamaya (kuloneun kota Sumedang ayeuna).

Baca Juga: Jaman Karajaan Sunda Galuh, Kawali di Kabupaten Ciamis kungsi Mibanda Kalungguhan Penting

Nalika Karajaan Sumedanglarang diparentah ku Raden Aria Suriadiwangsa (anak tere Raden Angkawijaya ti Ratu Harisbaya), Sumedanglarang jadi daerah kakawasaan Mataram (1620). Ti harita status Sumedanglarang robah tina karajaan jadi kabupaten (Kabupaten Sumedang).

Ku Mataram wilayah {riangan dijadikeun daerah pertahanan Mataram Beulah kulon. Pikeun ngahdang ayana kamungkinan serangan pasukan Banten atawa soldadu Kumpeni (VOC) anu ngamarkas di Batavia (Jakarta).

Kasultanan Mataram jaman Sultan Agung (1613-1645) terus-terusan patelak jeung kumpeni. Pon kitu keneh deui jeung Kasultanan Banten. Duanna teu weleh pagetreng, parebut pangaruh di Priangan jeung di Cirebon.

Pikeun ngalingling, ngaping ngajaring, wilayah Priangan, Sultan Agung Mataram ngistrenan Raden Aria Suradiwangsa jadi bupati wadana (pingpinan para bupati) di Priangan (1620-1624) kalayan gelar Pangeran Rangga Gempol Kusumadinata, kakoncara ku julukan Pangeran Rangga Gempol I.

Baca Juga: Perang Bubat dina Carita Lisan di Desa Luragung Landeuh, Aya Putri nu Teu Milu ka Majapahit

Taun 1624 Sultan Agung nugaskeun Rangga Gempol I sangkan ngarurug jeung nalukeun daerah Sampang (madura). Sabot Rangga Gempol I ngajalankeun pancen ngarurug Sampang, jabatan bupati wadana Priangan diwakilkeun ka adina Rangga Gempol I nyaeta Pangeran Dipati Rangga Gede.

Kaayaan di Sumedanglarang kitu, dimangfaatkeun ku pasukan Banten pikeun ngarurug Sumedang, meungpeung Rangga Gempol I katut sajumlah pasukanana aya di Sampang. Tumerapna, Pangeran Rangga Gede kateter nyanghareupan pasukan Banten, sabab wadia balad pasukanana sabagian milu tugas jeung Rangga Gempol I.

Lantaran teu mampuh ngayonan musuh, Pangeran Dipati Rangga Gede dihukum ku Sultan Agung. Inyana ditahan di Mataram. Salila pangeran Dipati Rangga Gede di tahan di Mataram, jabatan Bupati Wadana Priangan dipasrahkeun ka Dipati Ukur, kalayan sarat Dipati Ukur kudu bisa ngarebut Batavia tina kakawasaan Kumpeni.

Taun 1628 Sultan Agung nugaskeun Dipati Ukur pikeun ngabantu pasukan Mataram nyerang Kumpeni ka Batavia. Kalayan dibantu sakira 10 rebu prajurit ti tanah Pasundan, Dipati Ukur transit di Karawang nunggu gabung jeung pasukan Mataram, pingpinan Tumenggung Bahureksa.

Baca Juga: Adipati Panaekan nu Deukeut jeung Dipati Ukur Ngarojong Mataram Nyerang Kumpeni di Batavia

Kurang leuwih saminggu lilana pasukan Dipati Ukur nunggu, pasukan Mataram teu embol-embol datang. Antukna Dipati Ukur nyokot putusan seja nyerang pasukan Kumpeni di Batavia tanpa nunggu heula pasukan Mataram.

Orokaya, pasukan Dipati Ukur kadeseh anu satuluyna kabur katawuran teu manggapulia ngayonan samagrengna pakarang pasukan Kumpeni.

Serangan kadua, anu dipilampah ku pasukan Tumenggung Bahureksa oge gagal. Pasukan Tumenggung Bahureksa jicir. Balukarna sang Tumenggung ngarasa keuheul ka Dipati Ukur anu teu sabar nungguan.

Satuluyna Tumenggung Bahureksa ngalaporkeun eta perkara ka Sultan Agung supaya Dipati Ukur dicangkalak ditibanan hukuman anu satimpal jeung kabedegonganana (bongan teu sabar nungguan).

Baca Juga: Pajajaran Runtag di Tatar Galuh Ngadeg Karajaan Galuh Salawe, Ngarundaykeun Bupati Galuh Ciamis

Sadar kana eta kajadian, Dipati Ukur milih baruntak. Inyana boga niat makar ku jalan misahkeun diri tina kakawasaan Sultan Agung. Dipati Ukur ngajak para umbul (pingpinan-pingpinan Sunda) pikeun biluk kamanehna nyieun kakuatan anyar, nyieun benteng pertahanan di Gunung Lumbung.

Hanjakalna para umbul taya nu daek biluk di ajak barontak ka Sultan Agung ku Dipati Ukur. Samalah para umbul teh anu diantarana Ngabehi Wirawangsa (Sukakerta), Ngabehi Samanhita, Ngabehi Astra Manggala ( Sindangkasih), Uyang Sarana (Indihiang), kalah ngalaporkeun tindakan Dipati Ukur ka Sultan Agung.

Sabada meunang laporan ti umbul anu opat, Sultan Agung langsung ngirim pasukan tempur anu dipingpin ku Narapaksa pikeun ngagempur pasukan Dipati Ukur anu ngamarkas di Gunung Lumbung. Antukna eta dua pasukan der patelak.

Mireungeuh aya kajadian bitotama antara pasukan Mataram ngalawan pasukan Dipati Ukur, sabagian warga ngarungsi aya anu kebat ka daerah Banten, aya anu ka Batavia alias Jakarta. Dina eta bitotama pasukan Dipati Ukur unggul.

Baca Juga: Sri Baduga Maharaja Mindahkeun Puseur Karajaan ti Kawali ka Pakuan Pajajaran, Sangkan Maritimna Kuat

Ku ayana pasukan Mataran kasoran nyanghareupan pasukan Dipati Ukur, harita Sultan Agung muter otak, inyana inget sabab kungsi manggih beja pasukan Dipati Ukur ngan bisa dielehkeun iwal ti ku pasukan wadia balad anu asalna ti tanah Priangan.

Satuluyna Sultan Agung menta bantuan Bagus Sutaputra ti Galuh. Alhasil dina serangan anu kadua pasukan Dipati Ukur bisa dielehkeun. Dipati Ukur beunang kacerek sarta meunang hukuman ti pihak Mataram.

Sabada Dipati Ukur serah bongkokan ka Mataram, wilayah Tatar Ukur dipasrahkeun ka tilu umbul (pamingpin Sunda) anu henteu milu barontak ka Mataram.

Eta tilu umbul teh nyaeta; Ngabehi Astamanggala alias Tumenggung Wiraangunangun,Ngabehi Samanhita alias Tumenggung Tanubaya, katut Ngabehi Wirawangsa alias Tumenggung Wiradadaha.

Baca Juga: Sundakalapa Palabuan Penting ti Jaman Tarumanagara tepi ka Jaman Pajajaran

Eta tilu ngabehi teh satuluyna dibenum jadi bupati mangrupa hadiah ti Sultan Agung sabab geus bisa ngelehkeun Dipati Ukur.

Tumenggung Wiraangunangun jadi Bupati Bandung, Tumenggung Tanubaya jadi Bupati Parakanmuncang, Tumenggung Wiradadaha jadi Bupati Sukapura (ayeuna robah ngaran jadi Tasikmalaya).

Taya nu apal persis dimana jasad Dipati Ukur dikubur. Nu tetela makam atawa kuburan Dipati Ukur meh aya di saban daerah, aya di sababaraha tempat saperti di Astana Luhur (Pemeungpeuk), Puncak Gunung Geulis (Ciparay), sisi Citarum
(Desa Manggahang).

Makam Dipati Ukur ogee aya di Gunung Sadu (Soreang), Kampung Cikatul Pabuntelan (Pacet), Astana Handap (Banjaran), Gunung Tikukur (Desa Manggahang), jeung di Pasir Luhur (Ujungberung Kaler). Ngeunaan riwayat Dipati Ukur memang aya sababaraha versi.*** Lili Guntur

 

 

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah