Episode Perjoangan Bagus Rangin, Ngalawan Kolonial Belanda jeung Kolonial Inggris

- 26 Februari 2023, 12:30 WIB
Gubernur Jabar, Ridwan Kamil keur biantara dina seminar nasional usulan Bagus Rangin jadi Pahlawan Nasional taun 2019. Bagus Rangin bajuang ti jaman Kolonial Belanda tepi ka jaman Kolonial Inggris.
Gubernur Jabar, Ridwan Kamil keur biantara dina seminar nasional usulan Bagus Rangin jadi Pahlawan Nasional taun 2019. Bagus Rangin bajuang ti jaman Kolonial Belanda tepi ka jaman Kolonial Inggris. /Nanang /

GALURA -Telik sandi (mata-mata) pihak Bagus Rangin ngiberan Kolonial Belanda bakal ngeprik pasukan gabungan gabungan ti sabaraha kabupaten ti Kadipaten ka Jatitujuh.

Bagus Rangin gancang marentah anak buahna supaya nancebkeun umbul-umbul warna beureum di lapang Jawura ciri nangtang perang ka pasukan Kolonial Belanda.

Bagus Rangin oge marentah para pamingpin pasukan pajuang sangkan miheulaan nyerang musuh, pasukan Kolonial Belanda

Baca Juga: Asal usul Bagus Rangin, Pajuang Jatitujuh Majalengka, Aya nu Nyebutkeun asalna ti Cireundeu jeunng ti Demak

Sigana Kolonial Belanda oge ngirim telik sandi ka Jatitujuh, sabab sanggeus pasukan kolonial datang ka Jatitujuh, terus nyerbu Jawura. Der perang rongkah anu ngabalukarkeun loba anggota pasukan tiwas, pangpangna pasukan Bagus Rangin.

Dumasar kana data anu patali jeung eta kajadian, bisa jadi perang di Jawura lumangsung dina paro taun 1810. Kurang leuwih sataun ti harita, pamarentah Kolonial Belanda henteu ngayakeun tindakan ka pihak Bagus Rangin.

Singhoreng harita kakawasaan Daendels geus melempem, malah harita Indonesia aya dina kalangkang kakawasaan Inggris. Paro taun 1811 Daendels mulang ka nagri asalna.

Kakawasaan di Indonesia ragrag ka pamarentah Inggris anu diwakilan ku Letnan Gubernur Jenderal T.S. Raffles (1811-1816).

Baca Juga: Mingpin Rahayat Ngalawan Hindia Belanda, Bagus Rangin Dianggap Ratu AdilBaca 

Lolongkrang waktu samemeh Raffles ngajalankeun pamarentahan, dimangfaatkeun ku Bagus Rangin pikeun ngumpulkeun kakuatan keur neruskeun perjuangan.

Pamarentahan Raffles anu sifatna ngajajah tangtu moal beda jeung pamarentahan kolonial samemehna, kitu meureun pamikiran Bagus Rangin harita.

Dina raraga ngumpulkeun kakuatan, Bagus Rangin lunta ka Karawang. Sabagian rahayat di eta daerah ngabageakeun Bagus Rangin kalayan daria jeung gumbira.

Malah Bagus Rangin diperedih sangkan mingpin gerakan di Karawang. Tindak-tanduk Bagus Rangin katohyan ku Raffles.

Baca Juga: Perjoangan Bagus Rangin Ngalawan Hindia Belanda Meunang Bantuan ti Sababaraha Daerah

Pikeun ngungkulan gerakan rahayat Karawang nu dipingpin ku Bagus Rangin, Raffles marentah bupati Kabupaten Karawang jeung Bupati Cianjur mingpin prajurit sewang-sewangan milu meruhkeun gerakan rayat Karawang.

Pasukan Cianjur diparentah nyerang Karawang. Pasukan Karawang dibantu ku pasukan Mangkunegara ti Solo nyerang Bantarjati, sabab Bagus Rangin geus aya deui di Bantarjati ngeprik wadya baladna.

Di Bantarjati der deui perang rongkah (16-29 Februari 1812). Ku sabab jumlah tanaga pasukan jeung pakarang teu saimbang, pasukan Bagus Rangin kadesek.

Bagus Rangin mundur ka hiji tempat, tapi musuh terus ngudag. Bagus Rangin sabalad-balad ngayonan musuh di eta tempat. Eta sababna eta tempat dingaranan Pangayonan.

Baca Juga: Perjoangan Bagus Rangin Ngalawan Hindia Belanda Meunang Bantuan ti Sababaraha Daerah

Bagus Rangin jeung sesa baladna mundur deui ka Panongan. Pasukan musuh ningker Panongan. Nya di tempat eta akhirna Bagus Rangin katangkep (27 Juni 1812).

Ceuk buku carita nu disusun ku Yosef Iskandar jeung RAA Martanagara mah Bagus Rangin teh pamustunganan katewak ku Kolonial Belanda sarta dihukum mati di basisir Karang Kasongan, Indramayu.

Wadyabaladna mancawura, paburencay, lantaran kitu nu diparentahkeun ku Bagus Rangin. Ieu kaunggel dina sasakala Situ Jawura hiji situ nu jadi bandara Kertajati.

Mungguh urang Bantarjati mah teu percaya mun Bagus Rangin ditawan jeung dihukum mati mah. Urang Bantarjati tetep yakin Bagus Rangin salamet sarta terus ngagedurkeun sumanget perjoangan.

Urang Bantarjati percaya Bagus Rangin dimakamkeun di Desa Kertajati kiwari. Ngan kokolot di ieu lembur ngonci kalawan rapet soal riwayat Desa Bantarjati.

Teu meunang didadarkeun, basana teh pamali. Meureun maksudna mah sangkan Belanda teu nyahoeun Bagus Rangin teh harita mah jumeneng keneh. Nyumput di nu caang, anu kacangkalak mah Bagus Rangin mamalihan.***

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah