Asal usul Bagus Rangin, Pajuang Jatitujuh Majalengka, Aya nu Nyebutkeun asalna ti Cireundeu jeunng ti Demak

- 26 Februari 2023, 09:30 WIB
Bagus Rangin taun 2019 kungsodiusulkeun jadi pahlawan Nasional. Ngan teu disaluyuan ku pamarentah pusat. Asal usul Bagus Rangin aya nu nyebutkeun ti Rajagaluh aya oge n u nyebutkeun ti Demak.
Bagus Rangin taun 2019 kungsodiusulkeun jadi pahlawan Nasional. Ngan teu disaluyuan ku pamarentah pusat. Asal usul Bagus Rangin aya nu nyebutkeun ti Rajagaluh aya oge n u nyebutkeun ti Demak. /Nanang S/Galura

Ceuk A. Sobana Hardjasaputra, anggota Pengurus Pusat Studi Sunda jeung Dewan Pakar Sejarah Budaya Ruwat (Rukun Wargi Tatar) Bagus Rangin asalna ti Demak, turunan Embah Buyut Sambeng.

Ngaran bapa Bagus Rangin teh Sentayem alias Buyut Teyom. Bagus Rangin boga tilu dulur lalaki. Lanceukna, Buyut Bangin, adina Buyut Salimar jeung Ki Bagus Serit.

Sentayem (Buyut Teyom) teh kiyai (ajengan) anu kacida taatna kana ajaran agama Islam. Inyana mibanda ilmu agama anu luhur, nepi ka loba jalma jaradi muridna (santri), kaasup Bagus Rangin sadudulur.

Dina ngalap elmu agama, Bagus Rangin lain ngan ukur ngaguru ka bapana. Inyana oge guguru ka hiji ulama Banten nu mibanda jujuluk Ama (Rama) Banten.

Baca Juga: Bagus Rangin Baruntak ka Hindia Belanda dimimitian ti Palimanan Cirebon

Hasil gemblengan bapana jeung Ama Banten dina widang elmu agama, Bagus Rangin jadi jalma soleh sarta remen tirakat. Bagus Rangin mibanda gede wiwaha sarta leber wawanen nanjeurkeun bebeneran.

Ku sabab kitu, Bagus Rangin jadi tokoh anu dipikaserab tapi dipiwanoh ku rahayat, sabab inyana teu sungkan tutulung ka nu butuh ku pitulungna.

Pedah tabeat jeung sikep Bagus Rangin kitu, ku Sultan Cirebon dibere kapercayaan jadi kapala daerah (Kabagusan) Jatitujuh. Dina eta kalungguhan, Bagus Rangin meunang pangkat senapati.

Sanggeus meunang kalungguhan, hubungan Bagus Rangin jeung rahayat beuki raket, taya hahalang antara pajabat jeung rahayat.***

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah