Bewara tina Pantun Bogor: Agama Raja Sunda teh Agama Sunda

- 16 Februari 2023, 12:30 WIB
Gunung Gede Pangrongo, di tutuganana kungsi diadegkeun Balay Pamunjungan Arca Domas, ceuk Pantun Bogor nandakeun agama raja Sunda teh agama Sunda,
Gunung Gede Pangrongo, di tutuganana kungsi diadegkeun Balay Pamunjungan Arca Domas, ceuk Pantun Bogor nandakeun agama raja Sunda teh agama Sunda, /

 

GALURA -Pantun Bogor sacara teu langsung ngabewarakeun agama raja Sunda jeung umumna urang Sunda lain Hindu atawa Budha, tapi agama Sunda  nu salahsahijina ayana Balay Pamunjungan Arca Domas.

Ceuk Pantun Bogor episode Aki Uyut Baju Rambeng Bewara, anu ngadegkeun Balay Pamunjungan Arca Domas di antarana Prabu Wisnu Brata, di tutugan Gunung Parangguh (Gunung Pangrango). Ieu tanda agama raja Sunda teh agama Sunda.

Balay Pamungjungan Arca Domas nu diadegkeun Prabu Wisnu Brata dipupuhuan ku bramesta (pandeta agung) nu ngaranna Sang Jati Jatra nu beuki magehkeun raja Sunda ngagem agama Sunda.

Baca Juga: Karajaan Rajagaluh Jaman Prabu Cakraningrat Dipedar dina Babad Cirebon

Anu ngaganti Prabu Wisnu Brata, Prabu Kalang Carita ngadegkeun Balay Pamunjungan Arca Domas di Kihara Hiyang, di tutugan Ardi (Gunung) Munda Mandala. Tina kituna Prabu Kalang Carita oge ngagem Agama Sunda.

Kihara Hiyang dina Pantun Bogor disebutkeun di Ardi Munda Mandala atawa Arda Welah, ayeuna dipikawanoh ku sebutan Gunung Salak. Kihara Hiyang dituduhkeun ayana di Leuweung Songgom.

Pernahna Kihara Hiyang peuntaseun, beulah wetan, Pakuan Pajajaran, luhureun Cihaliwung (Ciliwung) mun ayeuna di sabudeureun Bantar Kemang.

Dina Pantun Bogor episode “Pakujajar di Lawang Gintung “ versi Jongol diterangkeun:

Pamujaan di Leuweung Songgom di mumunjul Kihara Hiyang, pamujaan batu anu tujuh, anu ngundak tilu tumpakan. Ieu dua katerangan ngajelaskeun Balay Kihara Hiyang pernahna di Leuweung Songgom lain di gunung Salak.

Baca Juga: Karajaan Ragaluh nu Diadegkeun ku Dewa Niskala, ceuk Kuncen Leuweung Prabu Siliwangi, Lain Dongeng

Pantun Bogor Episode Tunggul Kawung Bijil Sirung nerangkeun:

Prabu Kalang Carita nyieun Pamujan Agung di mumunggang Giri Dwi Munda Mandala, sajajaran eujeung Taman, disebutna Mandala Sang Hyang Parakan Jati, satonggoheun Talaga Sanghyang Tampian Dalem, nyela bumi di Kuta Babaton (bentukna) nyilang ti kuta Babaton.

Laju disebutkeun: Mandala Parakan Jati sajajar eujeung Taman, jeung Nyela (nyilang) bumi di Kuta Babaton.

Anu dimaksud taman sigana lain Taman Milakancana di Pakuan, tapi Taman di Kampung Sindangbarang. Di dieu memang loba patilasan nu nyirikan urut taman jaman Karajaan Sunda, di antarana pancuran jeung balong.

Baca Juga: Cianjur Kungsi Jadi Puseur Kopi di Priangan Nalika Dipupuhuan ku Bupati Aria Wiratanu

Bewara sejenna ti Pantun Bogor Prabu Ragasuci nu oge disebut Prabu Kalang Carita (1297-1303) putra Prabu Guru Darma Siksa mibanda gelar Sang Mokteng Taman nu hartina dikurebkeun di Taman. Tamanna moal jauh ti kabuyutan nu dibanguna: di sabudeureun Kadatuan Surabima (Sindangbarang).

Dugaan saheulanan kompleks makamna di punden Sanghyang Rucita Pasir Eurih, Sindangbarang, Kabupaten Bogor. Di dieu aya nu dingaranan Kuta Babaton atawa Kuta Wawaton (Benteng Batu), diperkirakeun ieu ngarabn nyoko kana Kota Batu ayeuna anu teu jauh jeung Kampung Budaya Sindangbarang.

Ku sabab kitu bisa dipastikeun Balay Pamunjungan di tutugan Gunung Salak teh Mandala Parakan Jati, lain Kihara Hiyang. Kihara Hiyang dibangun ku Prabu Siliwangi abad 15-16 M pikeun ngaganti Sanghyang Padungkukan jeung Rancamaya nu geus ditinggalkeun ku sabab geueuman, teu luyu jeung tempat pamujaan.

Dumasar kana kaayaan Kampung Sindangbarang nu leubeut ku titinggalan kuno warisan tradisi megalitikum, lain titinggal Hindu atawa Budha, nandakeun ti saprak Pakuan Pajajaran diadegkeun abad ka-7 ku Prabu Tarusbawa, Sindangbarang mah geus jadi kabuyutan Jatisunda, kabuyutan tempat kagiatan kaagaamaan jeung kagiatan intelektual.

Baca Juga: Eyang Mahmud Ceuk Hiji Kaol Tadina Prajurit Mataram nu Seunggah Balik deui ka Mataram

Kabuyutan Jatisunda teh tuturus Kabuyutan Arca Domas di Gunung Sanghyang Purwa (Gunung Gede Cianjur), Kabuyutan Gunung Padang Campaka Cianjur Pakidulan jeung Kabuyutan Kuta Gegelang di Gunung Bunder. Anu pangheulana aya taya lian ti Kabuyutan Jatisunda, jauh samemeh Karajaan Sunda diadegkeun.

Samemeh aya Kabuyutan Mandala Kihara Hyang, upacara-upacara agama Sunda kayaning Tata Kinariyan, Tata Duriya, Bakti Astula, Bakti Arakana, Guru Bumi, Kuwera Bakti, kaasup upacara leutik lainna dipuseurkeun di Kabuyutan Mandala Jati (Sindangbarang) jeung di kapuunan-kapuunan diluar kadaton.

Eta bukti ageman urang Sunda harita lain agama Hindu atawa Budha, tapi agama Sunda. Saumpama aya warna-warna Hindu atawa Budha ngan ukur sausap saulas, henteu nyosok jero jadi ageman nu mangarahan kahirupan sapopoe. Ari agamana mah agama Sunda, ngan dina tradisi sapopoe mah kacampuran Hindu jeung Budha.

Teu matak heran Kentring Manik Mayang Sunda prameswari Sri Baduga milih dumuk di Kadaton Surabima di Sindang Barang, henteu di karaton di Pakuan. Cenah, inyana hayang leuwih teleb neuleuman agama Sunda lantaran boga teureuh Lampung (Nusa Bima), ninina jeung indungna lain asli Pajajaran.

Baca Juga: Desa Subang Kuningan Kungsi Jadi Markas Komando Jawa

Kadaton di Sindang Barang Prabu Susuk Tunggal (Sang Haliwungan), bapana Kentring Manik, dingaranan Kadaton Sura Bima. Surawisesa (Sang Kuwanen) seuweu Sri Baduga ti Kentring Manik ti leuleutik keneh diatik bagbagan agama Sunda ku uwana, Sang Amuk Murugul di Kadaton Surabima. Surawisesa dilahirkeun di Sindangbarang.

Tina ieu pedaran bisa dicindekkeun urang Sunda ti jaman Purba keneh geus boga agama: agama Sunda. Agama Hindu jeung Budha tapi teu bisa mekar ukur ngalengkepan tradisi agama Sunda henteu nepi ka ngakar, komo deui ngageser agama Sunda mah. Eta sababna candi di Tatar Sunda mah henteu dipentingkeun.***

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah