Angkawijaya Ngiwat Pamajikan Panembahan Ratu, Surat Talak Ditukeuran ku Sindangkasih

- 5 Februari 2023, 09:30 WIB
Karaton Kasepuhan Cirebon. Harisbaya,  bojo Panembahan Ratu diiwat ku Angkawijaya. Surat talak ti Panembahan Ratu ditukeurkeun ku Sindangkasih.
Karaton Kasepuhan Cirebon. Harisbaya, bojo Panembahan Ratu diiwat ku Angkawijaya. Surat talak ti Panembahan Ratu ditukeurkeun ku Sindangkasih. /

GALURA -Waktu nganjang ka Cirebon, raja Sumedanglarang, Angkawijaya nu dijulukan Geusan Ulun ngiwat Harisbaya, kikindeuwanana waktu ngalap elmu di Jawa, nu geus dikawin ku Panembahan Ratu, Sultan Cirebon.

Anu apaleun Angkawijaya ngiwat Harisbaya, bojona Panembahan Ratu, tadina mah ukur kulawarga karajaan. Lila ti lila mah kadengeeun ku rahayat, utamana nu dumuk di puseur dayeuh Sumedanglarang, di Kutamaya.

Rahayat Sumedanglarang jadi nyarahoeun kalakuan rajana. Atuh Angkawijaya jadi bahan obrolan. Masarakat mangloh ka rajana, naha bet make wani-wani ngiwat Harisbaya nu geus dipibojo ku Panembahan Ratu.

Baca Juga: Alun-Alun Sumedang Robah ti Taun 1922 sabada Ngadeg Tugu Lingga, ti Harita Lain Lapang Lega Deui

Rea nu ngarasa rempan, bisi Panembahan Ratu ngiangkeun pasukanana ngajorag ka Sumedanglarang pikeun ngahukum Angkawijaya. Tada teuing bakal riweuh. Masarakat sadar Kakuatan militér Sumedanglarang tacan bisa nandingan Cirebon.

Kaayaan Sumedanglarang, babakuna Kutamaya tiis-tiis jahé. Prajuritna teu weléh taki-taki, réa nu ditempatkeun di tapel wates, bisi Cirebon ngarurug Sumedanglarang.

Prajurit Sumedanglarang ogé ngajaga puseur karaméan, saperti pasar, jeung merhatikeun jalma anyar pinanggih.

Harisbaya sina cicing di Tegalkalong. Mimitina mah dicaram kaluar ti imah. Ku sabab keseleun, ieu putri Sampang Madura téh mindeng jalan-jalan, nempoan kaayaan puseur karajaan.

Baca Juga: Cirebon Misahkeun Maneh ti Pajajaran, Walangsungsang Ngeclakeun Cipanon

Harisbaya mindeng balanja ka pasar nu pagaliwota ku urang luar nu ngadon daragang. Harisbaya kaluar ti imah dikawal ku prajurit Sumedanglarang.

Di antara parapadagang téh aya juru telik Cirebon nu nyamur. Parajuru telik nu ditugaskeun ku Panembahan Ratu téh dipingpin ku Ki Badra nu wanoheun ka Harisbaya.

Sidikeun nu balanja pamajikan Panembahan Ratu, tambah yakin barang nempo pangawalna, bubar pasar Ki Badra buru-buru balik ka Cirebon.

Datang ka Cirebon, Ki Badar, langsung muru ka karaton, nepungan Panembahan Ratu. Ki Badra bebeja Harisbaya aya di Tegalkalong sarta mun kaluar ti imah dikawal ku prajurit.

Baca Juga: Walangsung Ngababakan, Jadi Panguasa tapi Angger Babakti ka Pajajaran

Ki Badra oge ngalaporkeun prajurit Sumedanglarang réa nu ngajaga tapel wates Kasultanan Cirebon jeung Karajaan Sumedanglarang.

Ngadéngé laporan ti juru telikna, Panembahan Ratu gancang ngayakeun gempungan jeung pinisepuh katut panglima perangna.

Kulawarga karaton kasultanan Cirebon geus nyarahoeun soal kungsi papacanganana Angkawijaya jeung Harisbaya di paguron Pajang.

Apaleun deuih Harisbaya kawin ka Panembahan Ratu téh duméh dipaksa ku bapana. Nu matak, Panembahan Ratu nu saméméhna ogé yakineun pamajikanana diiwat ku Angkawijaya geus nyieun kaputusan.

Baca Juga: Karajaan Munggaran di Cirebon nu Ngadegkeunana Walangsungsang, Rundayan Galuh Kawali

Dina éta gempungan, Panembahan Ratu nepikeun sikepna: seja nyerahkeun atawa nalak Harisbaya. Ngan tangtu wae Panembahan Ratu teu kitu wae nyerahkeun Harisbaya.

Panembahan Ratu ménta ka Angkawijaya, surat talak Harisbaya ditukeuran ku wilayah Sindangkasih (Majalengka). Lamun Angkawijaya nolak, Cirebon bakal ngarurug Sumedanglarang, rék nyangkalak Angkawijaya sarta bakal dihukum di Cirebon.

Panembahan Ratu ngirimkeun utusanana ka Sumedanglarang. Lima urang, hiji di antarana lebé (amil), mawa surat talak nu rek dipasrahkeun ka Harisbaya.

Panembahan Ratu miangkeun prajuritna sarebu urang, dipingpin ku Jagasatru, ka deukeut tapel wates. Aya béja tuntutanana ditolak, prajuritna diparentah nyerbu Sumedanglarang.

Baca Juga: Tahu Bungkeng, Salasahiji Panaratas Industri Tahu Sumedang

Waktu utusan Cirebon cunduk ka karaton Kutamaya, kabeneran Angkawijaya keur ngariung jeung parapinisepuh katut para pajabat karajaan.

Sémah ditarima kalayan soméah sarta dipernahkeun hadé pisan. Harita kénéh, utusan Cirebon ditanya naon maksud jeung tujuanana.

Sabada lebé utusan Cirebon nyaritakeun kaputusan jeung tanjakan Panembahan Ratu, Angkawijaya ngahuleng. Ceuk pamikirna, mun teu mikeun Sindangkasih pasti bakal perang.

Nu ngaranna perang tangtu ngabalukarkeun karusakan jeung bakal aya korban, leuheung mun unggul, mun éléh rugina manglipet-lipet.

Komo deuih jumlah prajurit Sumedanglarang harita moal leuwih ti dua ratus urang, ari pasukan Cirebon réana aya kana dua rébu urangna.

Baca Juga: Palabuan Sunda Kalapa, Kecap Kalapa asalna tina Karapa, Ngaran Wewengkon di Suku Maya

Di sagigireun prajurit biasa, Cirebon ogé mibanda prajurit élit nu geus asak pangalamanana di médan perang, kaasup waktu bareng jeung pasukan Banten ngaburak-barik Pakuan Pajajaran taun 1579.

Angkawijaya dina jero haté mutuskeun rék mikeun Sindangkasih waé, ditukeurkeun jeung surat talak ngarah bisa kawin ka Harisbaya.

Saméméh nepikeun putusanana, Angkawijaya ngajak babadamian heula jeung pinisepuh katut kulawarga karaton. Kabéh satujueun, batan kudu perang mah.

Taun 1586, wilayah Karajaan Sumedanglarang ngawengku Kabupatén Sumedang ayeuna, katambah ku Limbangan jeung Majalengka. Kaéréhna Sindangkasih ka Sumedanglarang jaman raja Satyasih, biangna Angkawijaya.

Baca Juga: Agama Sunda, Ceuk Pantun Bogor, Geus Aya Jauh Samemeh Urang India Daratang ka Nusantara

Jaya Perkosa, salahsaurang kapercayaan Angkawijaya, ogé teu baha. Jaya Perkosa teh salahsaurang ti opat kandaga lante nu diutus ku raja Pajajaran pikeun masrahkeun Makuta Binokasih Sanghyang Pake ka Angkawijaya.

Harita, Pajajaran geus meh-mehan runtag alatan terus-terusan digempur ku Banten jeung salahsaurang mantrana biluk ka Banten.

Jaya Perkosa jeung tiluan kandaga lante sejenna henteu mulang deui ka Pajajaran. Opatanana matuh di Sumedanglarang. Jaya Perkosa jadi kapercayaan Angkawijaya, babakuna dina militer.

Jaya Perkosa nguntup bisa ngéléhkeun panglima perang Cirebon. Ngan ari kudu nyanghareupan sakitu réana prajurit élit Cirebon mah, bakal kasoran, komo deuih prajurit Sumedanglarang kurang pangalaman.

Baca Juga: Lalakon Bioskop Pasifik Sumedang nu Kiwari Jadi Tempat Usaha, Sajarahna Lain Lalawora

Haté Jaya Perkosa sabenerna nyongkab panas. Wewengkon Sumedanglarang nu diharepkeun neruskeun kajayaan Pajajaran, kudu tepi ka leungiteun daérah, ditukeurkeun ku wanoja.

Kalayan disaksian ku kulawargana jeung ku pihak Cirebon, Angkawijaya narima surat talak sarta masrahkeun daérah Sindangkasih ka Kasultanan Cirebon.

Harita téh meneran bulan Séptémber taun 1586. Ku ditukeurkeunana Harisbaya jeung Majalengka, Cirebon teu jadi ngarurug Sumedanglarang.

Tilu bulan sanggeus meunang surat talak, sanggeus lubar idah, bulan Nopémber, Angkawijaya kawin ka Harisbaya. Cinta nu geus pegat téh nyambung deui.

Ti Harisbaya, Angkawijaya boga anak lalaki nu lahir taun 1588, ngaranna Suriadiwangsa alias Rangga Gempol. ***

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah