Ceuk Babad Tanah Jawi Nu Ngadegkeun Majapahit teh Putra Padjadjaran

- 14 Januari 2023, 07:17 WIB
Candi Bajang Ratu, salahsahiji titinggal Karajaan Majapahit. Karajaan Majapahjit ceuk Babad Tanah Jawi diadegkeun ku urang Sunda.*
Candi Bajang Ratu, salahsahiji titinggal Karajaan Majapahit. Karajaan Majapahjit ceuk Babad Tanah Jawi diadegkeun ku urang Sunda.* /

SALAHSAHIJI naskah nu holna ti Jawa, Babad Tanah Jawi, nerangkeun nu ngadegkeun Majapahit téh urang Padjadjaran.

Nu matak, ceuk sawatara budayawan, kaharti Prabu Hayam Wuruk embungeun nalukeun Karajaan Sunda.

Babad Tanah Jawi, naskah kuna nu holna ti Jawa Tengah nyaritakeun asal-usul Pulo Jawa jeung raja-rajana.

Baca Juga: Alun - Alun Singaparna Ayeuna Ginding Kacida, Beda Pisan Jeung Baheula, Ridwan Kamil : Ruang Publik Tumaninah

Di jujut ti Nabi Adam tepi ka Sultan Agung, panguasa karajaan Mataram Islam. Ceuk ieu babad mah, Majapahit oge diadegkeun ku urang Pajajaran, ku urang Sunda.

Dina Babad Tanah Jawi disebutkeun nu nyakrawati ngabahu denda di Padjadjaran téh Kuda Laléyan, seuweuna Panji nu kawin ka putri Kediri.

Prabu Laléyan boga seuweu nu ngaranna Banjaran Sari nu terus ngarundaykeun Munding Wangi.

Seuweu Munding Wangi ngaranna Sri Pamekas nu boga anak Arya Bangah jeung Radén Sesuruh.

Baca Juga: Buah Gedong Gincu, Dipelak di Jatigede, Sumedang, Ku Bandar Disebut ti Majalengka

Arya Bangah jadi raja di Galuh, ari Radén Sesuruh atawa disebut ogé Jaka Sesuruh digadangkeun jadi raja di Padjadjaran.

Caturkeun di Gunung Padjadjaran, di wilayah Karajaan Padjadjaran, dumuk tukang tatapa, ngaranna Ajar Cempaka. Sakti, luhung élmuna, jeung nyaho ka nu bakal kajadian.

Hiji mangsa raja Padjadjaran hayang nyoba kaluhungan élmu Ajar Cempaka. Sang Raja ngutus patihna keur nguji Ajar Campaka bari mawa selir Raja.

Baca Juga: Jaroh ka Situs Karamat Sunan Pada di Karedok Jatigede

Ku raja Padjadjaran selirna téh dititah api-api reuneuh. Dina jero bajuna, lebah beuteungna, diasupan bokor, ngarah siga bener-bener keur kakandungan.

Patihna sina nanya ka Ajar Cempaka naha anak nu keur dikandung selir raja téh awéwé atawa lalaki. Najan Ajar Cempaka nyaho keur diuji ku raja, tapi ngajawab anak nu dilahirkeunana selir raja téh lalaki.

Sang Raja nganggap Ajar Cempaka lain tukang tapa nu luhung élmuna. Tapi waktu bajuna dibuka, bokor leungit sarta selirna ujug-ujug kakandungan.

Sang Raja ngambek jeung bingung kana éta kajadian, terus maréntahkeun sangkan Ajar Cempaka dipaéhan.

Baca Juga: Pituduh ti Sutradara Aris Nugraha, dina Preman Pensiun 8, Irin 'Jadian' jeung Sukanta, Roy Musuh Kang Mus?

Sanggeus Ajar Cempaka palastra, kadéngé sora tanpa wujud: Héh, Raja Pajajaran, isuk jaganing géto, kula bakal males ka di dinya. Mun geus aya nu ngaranna Siyung Wanara, di dinya kula bakal males pati.

Caturkeun Karajaan Padjadjaran keuna ku sasalad kasakit, loba rahayatna nu tiwas. Sang Raja ngumpulkeun tukang taroh keur ngungkulan sasalad kasakit.

Sanggeus menekung mujasmédi, tukang nujum nitah Sang Raja dahar dahareun nu ngarareunah, geus kitu dititah saré jeung selirna. Sang Raja nurut.

Selirna kakandungan sarta ngalahirkeun orok lalaki. Raja Padjadjaran ingeteun kana supata Ajar Cempaka, orokna téh terus diracun tapi teu mempan. Waktu rék dicacag, ku para embanna teu dibikeun.

Baca Juga: Bupati Ciamis Masrahkeun Bantuan keur Korban Angin Lilimbungan di Panawangan

Ku sabab Sang Raja keukeuh hayang maéhan orok, ahirna jabang bayina téh diasupkeun kana peti terus dipalidkeun ka Walungan Karawang.

Saterusna caritana méh teu béda jeung legénda Ciung Wanara nu geus dipikawanoh ku urang Priangan. Ngan dina Babad Tanah Jawi anu nimu orokna ngaranna Ki Buyut Karawang waktu keur nguseup.

Gumbiraeun pisan nimu orok téh lantaran teu bogaeun anak. Dipasrahkeun ka pamajikanana, ka Nyi Buyut. Dirorok hadé pisan, teu béda ti ka anak pituin.

Geus gedé, anakna téh katelah ku ngaran Siyung Wanara pédah waktu keur aya di leuweung manggih monyét (wanara) jeung manuk siyung. Siyung Wanara ahirna milu jeung tukang panday di puseur Karajaan Padjadjaran.

 

Siyung Wanara nu parigel nyieun pakakas alatan kasaktianana ku Raja Padjadjaran diangkat jadi anak.

Ngaranna dirobah jadi Arya Banyak Wide, dibéré rajakaya mangrupa tanah nu legana 1000 karya. Banyak Wide dibéré wewenang keur ngahukum sakitan.

Sanggeus jeneng Banyak Wide ngumpulkeun tukang panday, sina nyieun ranjang beusi nu aya lawang sakéténgan. Sanggeus réngsé, ranjangna dihias terus dibawa ka imahna.

Hiji mangsa Karajaan Padjadjaran diserang musuh, tapi bisa diéléhkeun. Banyak Wide nepungan Raja Padjadjaran sarta nyebutkeun dirina cacarékan mun unggul perang, Sang Raja rék diajak dahar kadaharan ngarareunah.

Sang Raja nurut, bérés dahar terus ningalian ranjang beusi. Ku Banyak Wide disebutkeun ranjang téh boga hasiat ngaleungitkeun kacapé.

Sang Raja hayang nyobaan terus saré dina éta ranjang. Ku Banyak Wide, lawang ranjang ditutupkeun sarta dikonci. Banyak Wide maréntah prajuritna sangkan mawa éta ranjang ka sisi Walungan Karawang.

“Baréto waktu kuring keur orok, ku di dinya dipalidkeun ka ieu walungan, ayeuna di dinya nu rék dipalidkeun,” ceuk Banyak Wide.

Raja Padjadjaran jeung ranjangna dibalangkeun ka Walungan Karawang. Nasib raja Padjadjaran kitu kadéngéeun ku Radén Sesuruh, anak raja Padjadjaran.

Raden Sesuruh ngumpulkeun prajuritna, terus ngarurug Banyak Wide, tapi kasoran. Radén Sesuruh keuna ku tombak Banyak Wide, tepi ka bajuna morosot, Radén Sesuruh ngejat.

Radén Sesuruh nyumput di hiji imah nu nyicinganana geus randa di Kali Gunting. Nyi Randa cicing jeung dulur-dulurna, Ki Wira, Ki Nambi jeung Ki Bandar.

Sanggeus Radén Sesuruh kabur, Banyak Wide jadi raja di Padjadjaran sarta maréntahkeun teu meunang méré ombér ka Radén Sesuruh. Saha waé nu nyamunikeun Radén Sesuruh bakal ditabanan hukum beurat.

Nyi Randa kacida pisan sieunana. Nyi Randa jeung duduranana ahirna milu kakaburan jeung Radén Sesuruh. Anu milu jeung Radén Sesuruh téh aya kana saratus urangna.

Anu dijugjugna téh Gunung Kumbang, tempat Ajar Cemara Tunggal tatapa nu kajaba luhung élmuna ogé pamingpin mahluk halus di Pulo Jawa.

Ceuk Babad Tanah Jawi, Ajar Cemara Tunggal saenyana mah putri Padjadjaran nu narah dipaksa kawin ka lalaki nu teu dipakahayangna. Ieu putri Padjadjaran téh kaceluk kageulisanana.

Loba raja nu mileuleuheungkeun, tapi ditolak waé. Ahirna mah putri Padjadjaran kabur ti karaton, dumuk di Gunung Kumbang.

Di Gunung Kumbang aya tangkal cemara nu ngan hiji-hijina. Putri Padjadjaran saterusna katelah ku sebutan Ajar Cemara Tunggal, pakéan jeung wandana niron-niron lalaki.

Waktu Radén Sesuruh anjog di Gunung Kumbangna, Ki Ajar Cemara Tunggal nu saenyana mah kaasup éyangna Radén Sesuruh nembongkeun jati dirina: putri nu geulis.

Radén Sesuruh kapentang birahi sarta nyoba-nyoba rék nyekel leungeunna éta putri. Tapi sang putri ngadadak ngaleungit.

Teu lila mucunghul deui, ngan balik deui ka asal, jadi Ki Ajar Cemara Tunggal. Radén Sesuruh sujud ménta dihampura. Geus kitu mah Ki Ajar Cemara Tunggal méré pituduh ka Radén Sesuruh.

Ajar Cemara Tunggal nitah sangkan Radén Sesuruh terus leumpang ka Wétan. Mun geus manggih tangkal Maja nu buahna ngan hiji-hijina sarta rasana pait, Radén Sesuruh kudu ngababakan, nyieun désa.

Radén Sesuruh nurut, jeung para pangiringna leumpang ka Wétan bari teu weléh ngilikan ciri nu disebutkeun ku Ajar Cemara Tunggal.

Méméh Radén Sesuruh miang, Ki Ajar Cemara Tunggal nyebutkeun dirina hiji mangsa bakal panggih deui jeung Radén Sesuruh, lamun Radén Sesuruh geus jadi raja sa-Tanah Jawa.

Ki Ajar ogé nyebutkeun dirina bakal pindah ka luat, ngarajaan sagala rupa mahluk halus. Karaton di Pamantingan bakal dipindahkeun ka puseur karajaan nu dicekel ku Radén Sesuruh.

Radén Sesuruh diparéntah ngadegkeun karatonna di kuloneun karaton Pamantingan, kiduleun Gunung Merapi. Ajar Cemara Tunggal ngamanatkeun sing saha waé nu boga kakawasaan di Pulo Jawa alusna kawin ka Ki Ajar Cemara Tunggal.

Ki Ajar ogé ngamanatkeun mun Radén Sesuruh karerepetan sambat waé Ki Ajar Cemara Tunggal.

Hiji mangsa, Radén Sesuruh anjog ka hiji leuweung sarta manggih tangkal Maja nu ngan satangkal-tangkalna jeung buahna ogé ngan hiji-hijina.

Radén Sesuruh nitah ngala éta buah, dipesék, barang diasaan buahna téh pait. Radén Sesuruh ahirna ngababakan di éta tempat, sarta tempatna dingaranan Majapait.

Babakan téh gancang pisan mekarna, anu dumuk di Majapait ahirna lain ngan ukur pangiring Radén Sesuruh.

Lila ti lila, Majapait jadi karajaan nu gedé, kuat, jeung kakoncara. Radén Sesuruh jadi rajana. Raja-raja sa-Nusantara tunduk ka Majapahit.***

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x