Karajaan Rajagaluh Diadegkeun ku Dewa Niskala, Raja Manten di Karajaan Galuh

14 Februari 2023, 11:38 WIB
Patilasan mangrupa batu Alun-Alun Karajaan Rajagaluh di Desa Rajagaluhlor, Kecamatan Rajagaluh, Kabupaten Majalengka. Mitosna sok aya nu nyebut batu karamat, unggal malem Jumaah Kaliwon sok aya we nu nyekar lain ti Rajagluh wae tapi ti Indramayu, Subang, Sumedang, Cirebon jeung sajabana.* /

GALURA -Karajaan Rajagaluh diadegkeun ku Dewa Niskala sabada ngecagkeun kalungguhanana tina raja di Karajaan Galuh. Karajaan Galuh dipasrahkeun ka seuweuna Jayadewata nu sohor ku julukan Sri Baduga Maharaja.

Dewa Niskala ngecagken kalungguhanana di Karajaan Galuh, lantaran kawin ka putri Majapahit nu geus boga tunangan. Harita di Sunda pantrang lalaki kawin ka wanoja nu geus tunangan. Dewa Niskala terus lunta sarta ngadegkeun Karajaan Rajagaluh.

Dingaranan Karajaan Ragaluh teh pedah karajaanana diadegkeun ku urut raja di Karajaan Galuh nu puseur dayeuhna di Kawali. Dewa Niskala teh tadina raja di Karajaan Galuh.

Baca Juga: Cianjur Kungsi Jadi Puseur Kopi di Priangan Nalika Dipupuhuan ku Bupati Aria Wiratanu

Masarakat nu dumuk di Desa Rajagaluhlor, Desa Rajagaluh jeung Desa Rajagaluhkidul, di Kecamatan Rajagaluh, Kabupaten Majalengka, loba nu panasaran, kumaha saenyana Karajaan Rajagaluh teh.

Naha memang ngadegna Karajaan Rajagaluh teh pakta sejarah, bener-bener aya atawa ukur legenda. Tepi ka danget ieu kalungguhan Karajaan Rajagaluh tacan merenah mungguh elmu sajarah mah.

Digolongkeun kana legenda, Karajaan Rajagaluh teh kurang keuna. Ngeunaan Karajaan Rajagaluh jeung sagala rupa kajadian nu kaalaman ku tokoh-tokohna terus dipikawanoh ku masarakat tepi ka danget ieu.

Malah nu dianggap patilasan atawa titinggal Karajaan Rajagaluh masih keneh nyesa, upamana wae batu jangkung di Karangtengah.

Baca Juga: Eyang Mahmud Ceuk Hiji Kaol Tadina Prajurit Mataram nu Seunggah Balik deui ka Mataram

Batu jangkung nu pernahna di Desa Rajagaluhkidul, dianggap urut karaton Rajagaluh. Di hareupeun Bale Desa Rajagaluhlor aya batu nu tadina urut alun-alun.

Kajaba ti eta, Karajaan Rajagaluh oge disabit dina Babad Cirebon jeung sumber-sumber sejarah sejenna ti Cirebon. Malah mah dipake ngaran desa, jeung ngaran kacamatan.

Anu leuwih nguatkeunana, di Desa Pajajar, aya patempatan nu disebut Leuweung Prabu Siliwangi nu oge mindeng disebut Leuweung Pajajaran.

Jaman Pajajaran, Karajaan Rajagaluh teh karajaan bawahan Pajajaran. Naha atuh Karajaan Rajagaluh jarang, malah tara pisan, disabit dina buku-buku sejarah?

Baca Juga: Kangjeng Prebu, Bupati Manten Galuh nu Mampuh Mengkolkeun Jalan Kareta Api

Dina buku-buku sajarah memang meh tara disebut ngaran Karajaan Rajagaluh teh, dina disabitna oge ukur saeutik. Ensiklopedia Sunda (Pustaka Jaya, 2000), kaca 538 dina entri Rajagaluh ukur nyebutkeun ngaran kota leutik, kira-kira 30 kilometer ti Cirebon.

Disebutkeun dina Ensiklodia Sunda, Rajagaluh asalna ngaran nagara leutik jaman baheula, bawahan Karajaan Galuh. Ditetelakeun Rajagaluh teh wilayah nu paling awal diislamkeun ku Sunan Gunung Djati.

Di hiji pasir di deukeut kota Kacamatan Rajagaluh aya kabuyutan mangrupa batu saji nu jangkung, dipikawanoh ku sebutan Kabuyutan Kabayan.

Cenah mah karaton Karajaan Rajagaluh pernahna di ieu kabuyutan. Ukur sakitu-kituna bewara ti Ensiklopedia Sunda teh. Teu dipedar saha nu ngadegkeun Karajaan Rajagaluh, kumaha kaayaanana, saha raja pamungkasna, jeung naon sababna runtag.

Baca Juga: Karajaan Galuh jeung Karajaan Sunda Ngadeg Sabada Karajaan Tarumanagara Runtag

Pangna pedaranana ngan saeutik lantaran sumber-sumber sejarah nu nerangkeun Karajaan Rajagaluh tepi ka danget ieu tacan kapanggih. Di wewengkon Rajagaluh tacan kapanggih prasasti, sumber sejarah primer jeung sumber sejarah nu pangkuatna.

Kitu deui naskah-naskah kuna nu sajaman jeung Karajaan Rajagaluh, paling henteu nu medalna teu lila teuing jeung jaman Karajaan Rajagaluh masih keneh nanjung, sarua tepi ka kiwari tacan kapanggih. ***

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler