Karajaan Munggaran di Cirebon nu Ngadegkeunana Walangsungsang, Rundayan Galuh Kawali

3 Februari 2023, 10:30 WIB
Karaton Kasepuhan Cirebon. Karajaan munggaran di Cirebon diadegkeun ku Walangsungsang, rundayan Galuh, seuweu Sri Baduga Marahara. /

GALURA - Dina sejarah lisan jeung dina Babad Cirebon, dipedar nu ngabangun wewengkon Cirebon téh Walangsungsang, seuweu (anak lalaki) Sri Baduga Maharaja ti praméswari Subanglarang nu geus ngagem agama Islam.

Subanglarang, biangna Walangsungsang, teh santri Syeh Quro, Karawang, siwi (anak awéwé) Ki Gedeng Tapa. Ki Gedeng Tapa taya lian ti seuweuna Prabu Niskala Wastukancana, adi téréna Ningrat Kancana, raja Galuh nu ngaganti Prabu Niskala Wastukancana.

Ki Gedeng Tapa téh syahbandar di palabuan Muharajati, teu jauh ti Gunung Jati jeung di Gunung Sembung. Ngahaja disina nyekel palabuan téh pikeun kapentingan Karajaan Galuh-Sunda. Walangsungsang ka Ki Gedeng Tapa teh aki.

Baca Juga: Palabuan Sunda Kalapa, Kecap Kalapa asalna tina Karapa, Ngaran Wewengkon di Suku Maya

Ti Subanglarang, Sri Baduga Maharaja mibanda tilu urang turunan: Walangsungsang, Larasantang, jeung Sangara.

Sejarah lisan di Rajadésa Ciamis, nyebutkeun tiluanana lunta ti Pajajaran, lantaran teu betaheun cicing di Pajajaran. Babakuna pédah ageman nu diajarkeun ku Subanglarang béda jeung ageman umumna urang Pajajaran harita.

Walangsungsang jeung adi-adina ku Subanglarang diwanohkeun kana ajaran agama Islam. Saditinggalkeunana ku Subanglarang, tiluanana lunta ti Pajajaran.

Subanglarang tilar taun 1441 Maséhi, Walangsungsang jeung adi-adina tambah teu betaheun cicing di karaton Pajajaran téh. Ngarasa taya tuturkeuneun lantaran beda ageman jeung urang Pajajaran.

Baca Juga: Haji Hasan Mustapa; Birokrat, Sastrawan Sufistik, jeung Ulama “Mahiwal” nu Sosobatan jeung Snouck Hurgronje

Ceuk dina legéndana, méméh anjog ka Cirebon, Walangsungsang jeung adi-adina di antarana kungsi cicing di Gunung Marapi nu kiwari kabawah ka Désa Rajadésa, Kecamatan Rajadésa, Kabupatén Ciamis.

Walangsungsang jeung adi-adina meunang sawatara waktu ngalap elmu ti Danuwarsih. Anu dianggap patilasan Danuwarsih di Gunung Marapi masih kénéh aya, jeung mindeng dijarohan ku urang Cirebon.

Sanggeus ngarasa masagi ngalap élmuna di Gunung Marapi, Walangsungsang jeung adi-adina miang deui. Dumasar pituduh Danuwarsih nu dijugjugna téh Amparan Jati, neuleuman agama Islam ka Syéh Nurjati.

Walangsungsang ka Tatar Kalerna dibarengan ku bojona, Nyi Endang Geulis, siwina Danuwarsih. Di Tatar Kaler Walangsungsang ngababakan sarta babakanana dina waktu anu singget jadi rame.

Walangsung ngadegkeun pamarentahan jeung ngadegkeun karaton. Karajaanana henteu misah ti Pajajaran, tapi bawahan Pajajaran.***

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler