Jaroh Tengah Peuting ka Makam Syeh Baing Yusuf, Dibaturan ku Angin Ngahiliwir

- 30 Agustus 2023, 06:00 WIB
Lawang asup ka cungkup makam Syeh Baing Yusuf di tukangeun Masjid Baing Yusuf Kota Purwakarta.
Lawang asup ka cungkup makam Syeh Baing Yusuf di tukangeun Masjid Baing Yusuf Kota Purwakarta. /Nanang S/Galura.co.id


GALURA.CO.ID -"Make kareta api Commuter Line Bandung Raya (385) Cicalengka - Purwakarta nu ti Stasiun Bandung miang jam 21:30 WIB," ceuk Ki Sobat waktu bebeja hayang jaroh ka makam Syeh Baing Yusuf di Purwakarta tengah peuting.

Makam Syeh Baing Yusuf teh pernahna di Kota Purwakarta, di tukangeun Masjid Baing Yusuf, masjid nu nyanghareup ka Alun-Alun Purwakarta. Ieu masjdi dibangun jaman bupati Purwakarta dicangking ku Deddy Mulyadi.

Ti Stasion Purwakarta, stasiun pamungkas kareta api Commuter Line Bandung Raya (385) relasi Cicalengka - Purwakarta, ka makam Syeh Baing Yusuf teh bisa leumpang bisa naek ojeg online atawa ojeg offline. Teu jauh cenah. Leumpang oge moal meakkeun satengah jam.

Baca Juga: Khansa Syahla Aliyah: ’Bandera Merah Putih nu Ngelebet di Ponclot Gunung Elbrus, Hiber Kabawa Angin’

Diturut. Miang Salasa peuting. Meuli karcis tina aplikasi Kai Acces. Harga karcis Rp7 rebu. Ti Stasiun Bandung ka Stasiun Purwakarta kareta api Commuter Line Bandung Raya (385) Cicalengka - Purwakarta meakkeun waktu tilu jam. Ari dina kareta api antar kota mah kurang leuwih sajam satengah.

Kareta api Commuter Line Bandung Raya (385) anjog ka Stasiun Bandung teh jam 21:00 WIB. Eureun 30 menit ngaganti kareta pembangkit atawa ngaganti lokomotif.Miangna deui jam 21.30 WIB.

Kangaranan kareta api commuter, kareta eureun di unggal stasiun, boh stasiun leutik boh stasiun badag. Eureunna teh di Ciroyom, Cimindi, Cimahi, Gadobangkong, Padalarang, Cilame, Sasaksaat, Maswati, Rendeh, Cikadongdong, Plered, Sukatani, Ciganea, pamungkas di Stasiun Purwakarta.

Kareta peuting mah kosong, ongkoh deuih lain ahir atawa awak pekan. Dina bangku bisa gogoleran malah sare. Moal kaliwatan ieuh, lantaran relasi karetana tepi ka Purwakarta.

Baca Juga: Galih Donikara: ‘Liputan di Alam Bebas kudu Siap Sagala Rupana’

Ongkoh unggal kareta rek eureun di stasiun kondukter sok ngabejaan. Satpam oge mun rek tepi ka Purwakarta sok ngabejaan jeung ngagudagkeun panumpang nu kapulesan.

Anjog ka Stasiun Purwakarta teh jam 00:30 WIB. Reureuh heula di warung nu aya di hareupeun stasiun. Sanggeus pangacian ngumpul deui karek leumpang ngajujug ka makam Syeh Baing Yusuf.

Ti Stasiun Purwakarta asup ka Gang Dahlia 2 nu tembusna ka Jalan RE Martadinata, mengkol ka kenca. Meuntas. Sanggeus minimarket, mangkol ka katuhu, mapay jalan Muhtar Kusumaatmadja. Ukur memenitan tepi ka Alun-Alun Purwakarta.

Sabada ngaliwat Lapas, mengkol deui ka kenca. Breh Masjid Baing Yusuf. Henteu dipager masjid teh. Iraha wae bisa asup. Ngan masjidna mah dikonci. Peuting mah nu solat teh dina teras masjid. Toilet jeung paranti wudu mah teu dikonci.

Baca Juga: Piknik ka Curug Cipanji di Desa Tenjolaya, Kecamatan Pasirjambu, Kabupaten Bandung, Nyeuseup Hawa Seger

Ti masjid ka makam Syeh Baing Yusuf teh teu kudu kaluar heula. Aya lawang. Basa asup ka cungkup makam Syeh Baing Yusuf aya sababaraha urang keur mendeko hareupeun makam Syeh Baing Yusuf nu dikulambuan.

Minyak seungit kaangseu. Harita mah taya nu meuleum menyan atawa dupa. Ukur kadenge nu gegerendengan wirid.

Karasa angin ngahiliwir. Matak seger kana awak. Ku sabab Purwakarta mah hawana panas, tirisna halodo teu karasa, teu kawas di Priangan. Ceuk nu jaga, loba nu jaroh ka dinya teh bulan Mulud, beurang peuting. Ngan anu jarohna tengah peuting mah arang.***

 

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x