Khansa Syahla Aliyah: ’Bandera Merah Putih nu Ngelebet di Ponclot Gunung Elbrus, Hiber Kabawa Angin’

- 29 Agustus 2023, 18:06 WIB
Khansa Syahla Aliyah jadi narasumber dina kagiatan 'Journalist Camp PRMN x Eiger' di Sari Ater Campervan Park, Subang, 24 Agustus 2023.*
Khansa Syahla Aliyah jadi narasumber dina kagiatan 'Journalist Camp PRMN x Eiger' di Sari Ater Campervan Park, Subang, 24 Agustus 2023.* /PRMN/

Sataun ka tukang, pancegna 17 Agustus 2022, Khansa jeung bapana geus hasil nalukkeun ekspedisina ka gunung pangluhurna di benua Eropa. Gunung nu dimaksud nyaéta Gunung Elbrus di Rusia, deukeut perbatasan Georgia. Éta gunung téh kaasup 7 ponclot (puncak) pangluhurna di dunya.

“Bingahna, abdi sareng Ayah tiasa ngélébétkeun bandéra Merah Putih di ponclot Gunung Elbrus, meneran kaping 17 Agustus 2022, tabuh 10.45 waktu Rusia. Bingahna binarung reueus, dina pendakian abdi nu harita tos 77 pendakian, meneran pisan lumangsung dina Milangkala ka-77 Republik Indonesia. Éta mangrupi kado ti abdi sareng ti Ayah kanggo Indonesia,” ceuk Khansa Syahla, nyawang sataun ka tukang.

Ngélébétkeun bandéra di ponclot Gunung Elbrus, mungguh henteu mulus. Aya unsur dramatikna. Mungguh kitu nu kaalaman ku Khansa jeung bapana. Kasawang tuda, éta gunung téh luhurna 5.642 mdpl. Beuki luhur, angin beuki tarik pisan, oksigen gé beuki ngipisan. Bandéra Merah Putih anu kakara pisan ditancebkeun di ponclot, atuh hiber kabawa ku angin. Can deuih anginna dibarengan ku salju anu terus-terusan ngeprul murupuy. Suhu harita ngahontal minus 15 darajat. Atuh Khansa gé dijaket tepi ka 5 rangkepna.   

“Persiapan harita, saleresna tos ti taun 2021 kénéh,” pokna.  

Ekspedisi ka Elbrus tangtu merlukeun persiapan anu enya-enya asak. Lain saukur pédah hayang naék gunung tuluy jig. Kudu aya adaptasi awak kana suhu atawa cuaca, kondisi, jeung luhurna gunung sakumaha anu tadi diguar. “Janten kedah aya strategi pendakian heula sateuacan summit (naék ka ponclot, pen). Waktos naék ka ponclot Elbrus gé, tujuh dinten saeuacanna nyorang heula latihan,” pokna.

Baca Juga: Singanaga Beureum Bodas

Aya 4 kali latihan aklimatisasi (nyaluyukeun awak atawa adaptasi ka tempat anu luhur) anu disorang ku Khansa jeung bapana pikeun naék ponclot Elbrus téh. Dua kali disorang di Indonesia, nyaéta di Gunung Slamet, 3 poé saméméh pendakian, jeung 2 deui disorang di Rusia. Ti mimiti 2.300 mdpl, 3.100 mdpl, 3.600 mdpl, tepi ka 4.500 mdpl, saméméh tepi ka 5.000 mdpl. Éta hal disorang lantaran ponclot Elbrus téh luhurna leuwih ti 5.000 mdpl. Jadi, éta latihan pikeun nyaluyukeun diri.

Béda jeung sataun ka tukang, di mana dina Milangkala ka-77 Kamerdékaan RI Khansa ngélébétkeun Merah Putih di ponclot Gunung Elbrus di Rusia, taun 2023 ieu mah Khansa ngélébtkeun bandéra jeung upacara kamerdékaan di ponclot Gunung Wilis di Tulungagung, Jawa Timur.  

“Ieu téh Ekspedisi Eiger, ekspedisi 17 tim wanita pendaki ka 17 gunung di Pulo Jawa. Tah, abdi kalebet salasawios tim anu naék ka Gunung Wilis, anu luhurna 2.264 mdpl. Tah, di ponclotna pisan, abdi sareng tim ngélebétkeun bandéra Merah Putih sareng upacara kamerdékaan. Ah, pokona mah seru banget, deh!” pokna, bari teu weléh ngumbar imut nu nyari.***

Baca Juga: Sumber Energi Anyar, Dibangun deui Instalasi Panas Bumi Kapasitas 55 MW

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x