Khansa Syahla Aliyah: ’Bandera Merah Putih nu Ngelebet di Ponclot Gunung Elbrus, Hiber Kabawa Angin’

- 29 Agustus 2023, 18:06 WIB
Khansa Syahla Aliyah jadi narasumber dina kagiatan 'Journalist Camp PRMN x Eiger' di Sari Ater Campervan Park, Subang, 24 Agustus 2023.*
Khansa Syahla Aliyah jadi narasumber dina kagiatan 'Journalist Camp PRMN x Eiger' di Sari Ater Campervan Park, Subang, 24 Agustus 2023.* /PRMN/

Kiwari, ieu mojang nyari tur daréhdéh téh keur nuluykeun program "The 7 Longest Indonesia" (7 jalur pendakian gunung pangpanjangna di Indonesia). Genep ti 7 jalur anu jadi target geus disorang ku Khansa, nyaéta Gunung Leuser (Aceh), Gunung Argopuro (Jawa Timur), Gunung Gandang Dewata (Sulawesi Barat), Gunung Patah (Bengkulu), Gunung Kabentonu (Luwu Utara), jeung Gunung Sangar (Lombok).

Resep naék turun gunung, ceuk Khansa, dimimitian ti keur umurna 5 taun kénéh. Mimiti pisan naék téh ka Gunung Bromo di Jawa Timur.

Baca Juga: Tas Ransel Multifungsi, Inovasi Eiger anu Kainspirasi ku Kaarifan Lokal

“Gunung Bromo téh memang gunung wisata, tapi pikeun abdi umur 5 taun kalebet challenging pisan, margi karaos tiris naker, sareng luhur deuih… Tapi pas dugi ka ponclotna, asa resep wé ningal kaéndahan alam ti ponclot. Ti dinya abdi ngawitan resep ka gunung,” ceuk Khansa dina sora nu polos némbongkeun karumajaanana.

Dina umur 7 taun, Khansa diajak ku bapana naék Gunung Rinjani. Ngahaja henteu tepi ka ponclot (puncak)-na, cenah, supaya aya rasa panasaran pikeun engké mun balik deui ka dinya bisa naék tepi ka ponclotna.

Taun 2012, di bioskop diputer film 5 Cm, karya sutradara Rizal Mantovani. Éta film nyaritakeun impian jeung tantangan 5 rumaja anu sosobatan. Meneran 17 Agustus, maranéhna ngayakeun lalampahan ka ponclot Gunung Semeru, gunung pangluhurna di Pulo Jawa (3.676 mdpl). Hiji lalampahan anu pinuh ku perjuangan pikeun ngélébétkeun bandéra Merah-Putih di ponclot Semeru, ngajadikeun maranéhna mingkin micinta Indonesia. Perjuangan pikeun ngawujudkeun impian.

Baca Juga: Galih Donikara: ‘Liputan di Alam Bebas kudu Siap Sagala Rupana’

Éta film anu diaktoran ku Pevita Pearce, Herjunot Ali, Fedi Nuril, Igor Saykoji, Raline Shah, jeung Denny Sumargo téh mungguh jadi inspirasi pikeun Khansa pikeun tuluy mikaresep jeung micinta gunung.

“Tina film éta abdi jadi kabita ogé kanggo naék Gunung Semeru. Ahirna abdi sasanggem ka Ayah supados diwidian naék Semeru. Harita Ayah maparin dua syarat, sok baé ka gunung tapi nilai pelajaran kedah saé, ogé kedah aya persiapan anu leres-leres asak,” ceuk ieu 7 sumitters wanoja pangngorana sa-Indonesia satutas naék ka ponclot Carstensz Pyramide 4.884 mdpl (7 ponclot pangluhurna di Indonesia) dina taun 2017 téh.

Anu dimaksud “Ayah” ku Khansa téh taya lian bapana, Aulia Ibnu, anu ngajarkeun inyana micinta alam ti bubudak.

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x