Cikao Park, Tempat Wisata Kulawarga Pikaresepeun di Jatiluhur Purwakarta, Hawa Haleungheum Ge Merenah Disungsi

- 11 Februari 2023, 14:30 WIB
Tempat wisata Cikao Park Jatiluhur Purwakarta/Instagram
Tempat wisata Cikao Park Jatiluhur Purwakarta/Instagram /

Ieu tempat wisata konsepna sajaba ti keur healing, piknik, oge mere atikan ka nu nyarungsina. Edukasi nu ditujul nyaeta nu aya patalina heung sasatoan sarta kekembangan.

Pangna kitu, sabab di Cikao Park, sajaba ti aya rupaning wahana keur ulin nu matak resep kayaning kolam renang, imah ilusi jeung nu sejenna, oge aya taman satwa jeung taman bunga.

Di eta dua taman, wisatawan bisa ningali rupaning sasatoan jeung kekembangan nu arendah nu di antarana kaasup langka.

Baca Juga: Ngojay di Sirah Cai Cimincul Subang, Caina Canembrang Herang, Matak Poho Hanjat jeung Mulang, Wisata Murah

Ieu tempat wisata geus kaasup kajojo di Purwakarta.

Buktina, nu arulin ka Cikao Park lain wae urang Purwakarta wae, tapi rea nu ti jauhna kayaning Sumedang, Garut, Karawang, Bogor malah Jakarta.

"Leres, nu ngadeugdeug ka dieu ti ditu ti deui, Kang," cek hiji karyawan Cikao Park ka Galura.

Baca Juga: 3 Tempat Wisata di Cianjur, Merenah Disungsi dina Poe Pere Minggu Ayeuna, Instagramable

Ari rereana, cenah, nu datang ka Cikao Park teh kulawarga nu kumplit jeung barudakna, sarta rumaja atawa ABG.

"Ka dieuna muhun, seuseueurna mah dintenan pere," pokna deui. ***

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah