Salasahiji titinggal nu jadi ikon di Pusdikpal teh nyaeta munara nu jangkungna kira 30 meter kalawan pucukna lir Monas atawa granat, nu katelah Tugu Kecap.
Ku warga Cimahi sok oge disebut munara Beletin nu ngaluarkeun sora sirene nalika adan Magrib jeung waktu saur lagu bulan puasa.
Baca Juga: Ngomean Lingkungan Ruksak Unggal Lembur kudu Boga Daerah Resapan Cai
Padahal saenyana sumber sora sirene teh ain ti eta munara, tapi ti munara sejenna nu leuwih leutik tapi dilengkepan pangeras sora.
Tah, dina mangsa TNI, ieu instalasi antukna dijadikeun tempat pendidikan peralatan.
Sakumna jenis alat perang di TNI nyampak di dieu, ditalungtik teknologina, diulik mekanisasina, tepi ka sakur prajurit Peralatan mampuh-tapis ngomean mun aya nu ruksak.
Baca Juga: Tarekah Ngomean Lingkungan Ruksak Nambahan Daerah Resapan Cai
Matak teu heran mun di Pusdikpal mah aya rupaning jenis kendaraan tempur jeung senjata.
Ti mimiti Panser Anoa, Tank M113, tepi ka Leopard.
Senjatana aya pestol Glock, MP5, AK-47, sarta SPR 1 buatan Pindad ge aya di dieu.
"Ieu jelajah wisata teh mungguh leubeut ku rupaning elmu kayaning arsitektur, teknologi senjata, jeung sejenna. Kuring saparakanca ngahaturkeun nuhun ka Komandan Pusdikpal kalih rengrengan nu geus ngidinan Tjimahi Heritage ngadongdon Pusdikpal. Insyaallah kahareupna baris aya deui kagiatan samodel kieu," ceuk Machmud Mubarok, sesepuh Tjimahi Heritage. ***