Tarekah Ngomean Lingkungan Ruksak Nambahan Daerah Resapan Cai

- 10 Februari 2023, 12:30 WIB
Paimahan di lengkob di Kabupaten Majalengka, kudu nambahan daerah resapan cai (Foto: Nanang S.).
Paimahan di lengkob di Kabupaten Majalengka, kudu nambahan daerah resapan cai (Foto: Nanang S.). /

GALURA -Pikeun nyageurkeun lingkungan nu keur gering, keur ngomean lingkungan ruksak ulah ngandelkeun wae pamarentah pusat atawa instruksi presiden. Unggal warga kudu narekahan sangkan daerah resapan cai beuki loba.

Upamana wae, sangkan jadi daerah resapan cai, buruan imah sing hejo ku tatangkalan, buruan imah jadi resapan cai ku cara henteu dipelur kabeh, tapi aya lolongkrang sangkan cai hujan nyerep. Ku cara kitu oge lingkungan ruksak geus diomean.

Nyieun daerah resapan cai ngomean lingkungan ruksak bisa ku cara pakarangan imah kudu mibanda biopori salobana-lobana. Nyieun sumur keur resapan jeung keur cadangan cai, sisina ditembok jeung luhurna ditutupan ku tembok.

Baca Juga: Desa Sirnajaya Rajadesa Ciamis, Mekarkeun Wisata Religi Samida, Tapi Musola wae Teu Dibangun

Ti gigir luhurna make liang keur asup jeung keur kaluar cai hujan mun sumur resapanna pinuh. Ku buruan imah hejo ku tangkal bakal boga cadangan cai mun usum halodo.

“Simkuring oge pipireun rorompok nu kaleresan rada luhur pinuh ku tatangkalan, tangkal kawung oge aya, usum halodo sumur masih keneh aya caian, cekap kanggo sakulawargaeun. Sumur tatangga mah tos saat,” ceuk H. Ohan, urang Cikananga, Desa Selamanik, Kecamatan Cipaku, Kabupaten Ciamis, Jawa Barat.***

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah