Leuwi Asba Walungan CI Jolang, Kungsi Dipake Liliwatan Pasukan Siliwangi

11 Februari 2023, 20:30 WIB
Warga numpak rakit basa meuntas walungan CI Jolang , di tapel wates Kuningan-Ciamis. Rakit di walungan CI Jolang Kiwari tinggal panineungan.* /AJUN MAHRUDIN/

GALURA-Leuwi Asba katelahna teh leuwi Jaludin, ngan tisaprak aya warga nu ngaranna Asba tikelebuh nelah nepika kiwari Leuwi Asba.

Leuwi Asba kungsi jadi liliwatan tentara Siliwangi nu tas hijrah ti Jogya.

Desa Bangunjaya baheulana kaasup wilayah Desa Subang minangka markas tentara.

 

Baca Juga: Rakit di Walungan CI Jolang, Kiwari Tinggal Panineungan

Dina waktu harita nu eta anu markasna di Kecamatan Subang nyaeta pasukan ti batalyon U. Rukman nu dipingpin Wa Danyon Kapten Samiraharja .

Salian eta aya oge pasukan Tentara Pelajar (TRIP) Batalyon 400 pimpinan Salamun AT ti Cirebon.

Maranehna ngayakeun operasi di Kecamatan Subang nu markasna di imah Somawisastra di Desa Subang.

 

Baca Juga: Ngawanohkeun Deui Batik Kuningan, Ika : Batik Kuningan Masih Keneh Aya

Dina waktu eta , tentara Siliwangi Para pelajar Subang nu sakolana di Sekolah Menengah (SM) nu ngagabung jadi anggota Tentara Pelajar di antarana Sukandi, Ramlan, Sutadi, Zainal Arifin, St. Sukaesih jeung Oon Suyatman.

Kagiatan nu dilakonan di Kecamatan Subang harita nya eta Sekolah Polisi Darurat nu dipingpin ku Inspektur Polisi Aruman Wirananggapati ti Desa Legokherang, Kecamatan Subang."***

 

Editor: Ajun Mahrudin

Terkini

Terpopuler