Adjie Esa Poetra: Kudu Aya Gubenur nu Nawujudkeun Provinsi Sunda

- 31 Januari 2024, 06:00 WIB
Adjie Esa Putra:  Kudu Aya Gubenur nu Nawujudkeun Provinsi Sunda.
Adjie Esa Putra: Kudu Aya Gubenur nu Nawujudkeun Provinsi Sunda. /Asep GP/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID -Ngaran “Sunda”  penting keur ngabentuk  jati diri, ka­pribadian,  karakter. Ka­rak­ter ceuk para ahli penting keur nangtukeun  mangsa ha­reup. Lamun Jawa Barat teu diganti ngaran jadi Provinsi Sunda atawa Tatar Sunda, moal maju-maju. Ceuk Guru Besar Fakultas Ekonomi & Bisnis (FEB) Unpad   Prof. Dr. Hj.Ernie  Tisnawati Sule, Jawa Barat teu boga local branding.

Sabagean gede para inohong Sunda aya karep ngaganti ngaran Provinsi Jawa Barat ku Provinsi Sunda. Dasarna dimeunangkeun ku Undang-Undang sarta ngaran “Sunda” teh identitas budaya, mawa harga diri jeung martabat urang Sunda.

Lain primordial atawa sukuisme, tapi ku ngaran Sunda, etnis Sunda bakal leuwih ngahiji, jadi energi, mandiri, bisa mere sumbangsih milu ngahayeuk dayeuh ngolah nagara  demi ngawujudna Sunda Mulya Nusantara Jaya.

Baca Juga: Palanggeran Etika dina Naskah Sunda, Dipahing pisan Hianat ka Nu Geus Boga Jasa

Salasaurang budayawan Sunda anu getol merjuangkeung ngelebetna Pro­vinsi Sunda teh Adjie Esa Poetra. Adjie Esa Poetra teh lian ti dipikawanoh jadi guru vocal  anu ti taun 1975 nepi ka kiwari medalkeun  para penyanyi moyan kelas nasional internasional 0ge aktip jadi Pembina Paguron Silat Tadjimalela jeung  kawentar tarik gorowokna ngiritik  kaayaan politik, ekonomi jeung sosial di Indonesia, utamana Jawa Barat.

“Kuring seja ngageuing dulur-dulur  bangsa Indonesia utamana para politisi,  cik atuh  politik mah ulah dianggap heu­reuy,  tapi kudu ngabudaya,  kudu  nga­bu­dayakan budi,” ceuk Adjie basa ditepungan ku Galura di studio Sekolah Vokalna Jalan Moch. Ramdhan 110   Bandung.

Ceuk Adjie urang Sunda kurang daya saingna di sarakanana. Urang Sunda anu diuk di DPRD wae ukur 25%,   padahal ceuk survey BPS (Biro Pusat Statistik),   pamukim Jawa Barat  75% na urang Sunda.  Urang Sunda geus leungiteun jatidirina, teu diarajenan deui, ukur dianggap bagean ti Jawa. Ku kituna ceuk Adzie ngaran Jawa Barat kudu diganti ku  Provinsi Sunda atawa Provinsi Tatar Sunda. Merjuangkeun ngaganti ngaran teh geus ti   taun 1956 (Kongres Pemuda Sunda).

Ngaran “ Sunda”  penting keur ngabentuk  jati diri, kapribadian,  karakter. Karakter nurutkeun para ahli penting keur nangtukeun mangsa hareup. “Lamun Jawa Barat teu diganti ngaranna moal maju-maju, “ ceuk Adjie.

Baca Juga: Pj Bupati Dedi Supandi Bakal Ngabantu Pangrajin Anyaman Awi Sangkan Tetep Nanjeur

Urang Sunda di Jabar ceuk pangrasa Adjie ukur   jadi anak bawangna Jawa, dimomorekeun. Buktina RAPBD  Jawa Barat pasti nomer 3 padahal pamukimna leuwih loba (48 juta), tapi basa ngancokeun pamekaran daerah tara disaluyuan.

Bandingkeun jeung Jateng anu pamukimna ngan 39 juta jiwa tapi loba pisan pamekaran daerahna. Alhasil,  “Lamun desana  saeutik nya otomatis dana desa bantuan ti APBN ge saeutik, “ ceuk Adjie keuheuleun.

Adjie kungsi nguping dongeng   Ceu Popong nalika naros  ka pihak nu aya pakaitna, ku naon  bantuan ka Jabar saeutik, ari jawabanana teu ka pikangeunaheun:   Jabar mah  geus diwakilan ku Jateng jeung  Jatim. Padahal Jabar daerah penyangga ibukota,  kuduna Jabar  leuwih berdaya leuwih hebat. Kapanan ku  Provinsi Banten ge eleh.

Persentase penduduk miskinna ge eleh ku Banten anu asup  10 besar (data BPS  Maret 2023: 6,7%)  Sangkilang Banten jadi  provinsi anyar dina taun 2000. Banten ge keur tatahar nyieun sasak laut anu nepungkeun  Pulo Jawa- Sumatera,  Merak jeung Bakaheuni Lampung, sok sanajan kateug.

Baca Juga: Nyanghareupan Puncak Usum Hujan Pemkab Bandung Umajak Masarakat sing Leuwih Ariat

“Janten urang mah kedah maksakeun,  pami urang Sunda hoyong maju kedah gentos ngaran Jawa Barat.  Ieu cara-cara out of the box , margi ku lengkah biasa ti kapungkur urang teu maju-maju, moyodok tah. Sareng mung ukur ku jalur  gubernur anu tiasa ngarobih name mah,  katut  DPRDna. Saluyu prosedurna  Permendagri Nomor 30 Tahun 2012, ngaganti ngaran kedah ngaliwatan  usulan gubernur diancokeun ka DPR” ceuk  Adjie tandes. 

Hal ieu geus sababaraha kali diancokeun ku  Adjie jeung para inohong liana ka  gubernur tapi taya  balesan.  Padahal  naskah akademikna geus munel, malah mah kiwari beuki tohaga ku ayana tesis “Analisis Argumentasi Secara Historis Fisosofi Yuridis dan sosiologis Terhadap Usulan  Perubahan Nama Provinsi Jawa Barat,” nu dijieun ku Aulia Nurhikmah, mahasiswa Pasca­sar­jana Hukum Tata Negara UIN Sunan Gunung Djati Bandung.

Parobahan ngaran kudu  jadi cara out of the box,  lantaran salila ieu cara-cara standar Jabar welasan taun gagal, da lamun tinekanan mah tangtu ti baheula  Jabar maju dina rupa-rupa widang, kaasup atikan, jeung ekonomi. 

Dina kanyataanana lamun nyoko kana    tujuan NKRI  ge gagal. Upamana dina pasualan mere panyalindungan ka  masarakat, kapan kabuktian anu demontrasi ge ditareunggeulan. Terus stunting (gizi anak)  parna pisan, tacan loba kasus kekerasan terhadap perempuan anu dilaporkeun ka Komnas HAM.  

Baca Juga: Kriya di Ciamis, Mibanda Potensi ngan Tacan Dipalire ku Pamarentah

Komo lingkungan hidup mah geus ruksak, lingkungan pamukiman di urang pangkumuhna. Atawa eta we lamun nganco kana tujuan NKRI kahiji, melindungi bangsa dan seluruh tumpah darah,  ancur.  Terus dina hal kabudayaan,  300  kasenian tradisional tum­pur kari catur,  kaaripan lokalna ilang, tacan tingkat kacerdasanana anu di sahandapeun standar.

Atikan di urang ge matak salempang, anu kuliah  ukur 25% di usia kuliah, SMA leuwih parah deui ukur 32%, persentasena eleh ku Papua jeung Banten.

Keur ngaronjatkeun karaharjaan  rayat,  PDB (Produk Domestik Bruto)  handap, rankingna   teu asup 10 besar, teu raharja. Pasalna ceuk Adjie pasualan ekonomi, lantaran urang teu boga   daya saing. Lamun boga  daya saing mah, sakola teu haratis ge urang bakal mampuh, lantaran boga duit.

Jatidiri Urang Sunda

Jauh saacanna aya ngaran  Indonesia jeung Nusantara, kapuloan anu aya di sakuliah Indonesia ieu ngaranna “Sunda”.  Pulo-pulo Gede  (Sunda Besar) ngawengku Sumatera, Jawa, Madura, jeung Kalimantan sarta pulo-pulo leutij (Sunda Kecil), Bali, Nusa Tenggara, jeung Timor.

Ceuk Adjie, saacanna dirobah Walanda jadi West Java,  sakuliah Nusantara ieu dipikawanoh ku urang-urang  barat salaku Sundaland. Ngaran Sunda dirobah ku  Walanda taun 1925 jadi Jawa Barat, sabab Sunda dianggap ngabahlakeun, jalmana palinter jeung hese  ditalukeunana. 

Baca Juga: Nyawalakeun Adeg-adeg jeung Tangtungan Sunda, Perlu Dirumuskeun deui

Hal eta  memang ditandeskeun ku Tome Pires, sala­saurang  bangsa Portugis anu nga­lalana balayar ka Kapuloan Nusantara abad ka- 15  (1513), anu   muji urang Sunda minangka “Satria  Jujur jeung Gagah Berani”.

Bagalna,   Sunda baheulana bangsa nu unggul, lemah caina kacida legana, gemah ripah loh jinawi, rea ketan rea keton, sepi paling towong rampog,  budayana luhung, jalmana palinter, jujur jeung ludeungan.  Kiwari Sunda kari sa­kumpulan seler  anu nyicingan we­weng­kon kulon pulo Jawa jeung disebut Jawa Barat. Memang etnis kadua panglobana  di Indonesia tapi kurang daya saingna.

Keur malikeun deui Sunda sangkan unggul, gemah ripah loh jinawi, perlu out of the box (cara sejen ), sabab ku cara-cara standar anu salila ieu dipake teu ngahasilkeun kamajuan, Jawa Barat diapilainkeun.Carana  taya deui nyaeta ku jalan ngarobah nagaran Jawa Barat jadi Provinsi Sunda atawa Tatar Sunda.

Jadi intina robahna ngaran jadi Provinsi Sunda teh aya pakaitna jeung  jatidiri sarta daya saing. Hal ieu mangrupa   cara out the box  anu tacan dilakukeun samemehna jeung kudu dipilampah. Ganti ngaran teh salasahiji solusi sangkan teu terus-terusan jadi provinsi pangmoyodokna di sagala widang. Sabada ganti ngaran, lajuninglakuna baris digarap ku Majelis Adat Istiadat Sunda.

“Gentos ngaran ge bakal otomatis  ngangkat  kaaripan lokal , sareng urang Sunda bakal boga kareueus deui ka dirina,  bakal cacarita deui ku  basa Sunda,  gaduh  tangtungan deui,  bakal napak ajeg kana Catur Watak: Urang Sunda kukuh kana jangji, Urang Sunda leber wawanen,  Urang Sunda Silih wawangi, medangkeun kamulyaan”  ceuk  Adjie.

Anu utama mah, ceuk Adjie  di Jawa Barat kudu aya  gubernur anyar jeung wawakil rayat (anggota DPRD) anu pro parobahan ngaran minangka cara out of the box,  sabab  ku cara eta  bisa  nangtukeun  daya saing, eusina aya jatidiri. 

Ulah nepi ka Jawa Barat moyodok terus, eleh maju, tinggaleun ku  provinsi lianna, padahal urang Jawa Barat pararinter SDM na hade, loba kaum intelektualna, paguron luhurna ge onjoy ti batur,  kelas jagat.*** Asep GP

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah