SJI Digiatkeun deui, PWI Siap Ngahirupkeun Diklat Jurnalistik pikeun Wartawan

- 26 Oktober 2023, 05:00 WIB
/Dok. PWI Pusat/Galura/

GALURA.CO.ID. - Ketua Umum PWI Pusat Hendry Ch Bangun nandeskeun, PWI bakal sagancangna ngagiatkeun pelatihan jurnalistik pikeun wartawan ka saban daerah.

"Tantangan anu dipayunan ku wartawan sareng jurnalisme ayeuna mingkin  sesah. Ku kituna, sakumna personil anu aya patalina sareng kagiatan pendidikan di PWI kedah sasarengan ngalaksanakeun rupi-rupi pelatihan jurnalistik kanggo wartawan," ceuk Hendry, Senén (23/10/23), basa muka Rapat Gabungan Bidang jeung Komisi Pendidikan PWI di kantor PWI Pusat di Jakarta.

Hadir dina rapat anu diayakeun sacara hibrid téh, Ketua Divisi Pendidikan, M. Nasir, dibarengan ku Wakil Ketua Bidang Pendidikan I GMB Dwikora Putra, Ketua Komisi Pendidikan, Marah Sakti Siregar, jeung anggota Komisi Pendidikan. Di antarana Priyambodo RH, Anas Syahirul, M. Dahkan Abubakar, Eka Nazir Putera, jeung Rizal R. Surya.

Dina struktur kapangurusan anyar PWI, Bidang Pendidikan PWI bakal jadi eksekutif sakabéh program Pendidikan, sarta Komisi Pendidikan bakal jadi tim pemikir (think tank) nu ngarumuskeun, nyusun, ngamonitor, jeung ngawas program pendidikan. Sedengkeun anu jadi pelaksana program nyaéta tim SJI (Sekolah Jurnalisme Indonesia) anu dipingpin ku direktur eksekutif Ahmed Kurnia Soeriawidjaja.

Baca Juga: Para Pakar nu Nangtukeun ‘Terbaik’ dina FFWI 2023 

SJI jeung Diklat Jurnalistik

Hendry satuluyna ngécéskeun, salian ngahirupkeun sababaraha program pelatihan jurnalistik saperti SJI jeung Jurnalistik Safari, PWI ogé baris neruskeun rarancang ngadegkeun paguron luhur jurnalistik gawé bareng jeung paguron luhur atawa sakola jurnalistik di luar Indonesia.

Pikeun informasi, dina bulan Mei 2014, Manajemén SJI-PWI diogan ku Fritz Cropp, Dekan Madya Missouri School of Journalism (MSOJ), Columbia, sabada inyana nganjang ka kantor PWI Pusat.

Dina nganjangna ka kampus MSOJ, dua pihakanana tuluy nandatanganan MoU gawé bareng dina widang pendidikan jurnalistik.

Sual ngahirupkeun deui rarancang pikeun ngadegkeun paguron luhur jurnalistik téh muncunghul dina rapat gabungan ti Bidang Pendidikan dan Komisi Pendidikan PWI.

Di sagédéngeun éta, dina rapat ogé diguar sababaraha hal stratégis patali jeung ngaronjatkeun pendidikan jurnalistik PWI. Contona, nyiapkeun grand design pikeun program pendidikan PWI 2023-2028. Tuluy, ngaguar program turunan jeung tambahanana. Di antarana, pendirian jeung pengembangan Sekolah Jurnalisme Indonesia (SJI) di unggal propinsi, intensifikasi workshop atawa diklat jurnalistik, jeung ngadegna PWI Institute.

Baca Juga: Galura Cetak IV Oktober 2023, Nganti Pamimpin Harendong Papak, Misteri Makam dina Kuta

Ngeunaan SJI, dipiharep ieu program pelatihan téh bisa dimimitian taun ieu, kagiatan bubuka atawa kick off-na dilaksanakeun paling leuir Januari 2024.

Program workshop atawa diklat jurnalistik ogé bakal jadi program unggulan PWI kalawan ngaubkeun sakumna jaringan PWI di daerah. Engké baris disiapkeun linkage antara Bidang Pendidikan PWI Pusat jeung para Wakil Ketua Bidang Pendidikan Provinsi katut Kabupatén/Kota. Ieu modél bisa disebutkeun minangka bottom up, di mana PWI di daerah méré input kumaha hadéna diayakeun workshop jurnalistik anu luyu jeung kaarifan lokal masing-masing daerah.

Sanajan kitu, PWI Pusat tetep anu nyieun konsep diklat. Anapon PWI daerah anu ngalaksanakeunana luyu jeung kondisi katut kamampuh séwang-séwangan. PWI Pusat nyiapkeun konsep, materi, sertifikat, katut narasumber utama, sakaligus ngumpulkeun data jeung pemetaan kualitas wartawan di unggal daerah.

Kagiatan bakal dilaksanakeun sacara periodik. Provinsi atawa daerah anu aya minat bisa nyaluyukeun jadwal anu geus dirancang ku PWI Pusat.

Baca Juga: Dua Taun Noron Kabupaten Bandung Dileler Pangajèn Proklim 

PWI Institute

PWI Institute, direncanakeun minangka hiji program, atawa engkéna mun seug bisa dilaksanakeun tur eksis, baris jadi lembaga husus anu wilayah gawéna bisa leuwih lega tur béda jeung SJI.

PWI Institute mangrupa lembaga atawa organisasi anu diadegkeun kalawan tujuan ngalaksanakeun hiji kagiatan pikeun ngarojong pendidikan, pamikiran/panalungtikan wartawan dina widang jurnalistik, atawa widang nu patali. Contona, dina widang kabudayaan, sosial, jeung persahabatan internasional.

PWI Institute ogé engkéna bakal nyiapkeun béasiswa wartawan pikeun diajar di luar nagri, ngayakeun kompetisi kagiatan jurnalistik, méré penghargaan ka sing saha waé anu dianggap boga jasa dina widang atawa profési kawartawanan, boh ti jero boh di luar nagri.***

Baca Juga: Yayah Rokayah, Wanoja Tunanetra ti Rawamerta Kabupaten Karawang Tapis pisan Tepak Kendang

 

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah