Para Pakar nu Nangtukeun ‘Terbaik’ dina FFWI 2023

- 25 Oktober 2023, 16:00 WIB
Ketua Juri Akhir Festival Film Wartawan Indonesia (FFWI), Adisurya Abdy (pangkatuhuna) jeung para juri séjénna (ti mimiti katilu ti katuhu, ka kencakeun) Ilham Bintang, Susi Ivvaty, Daniel Irawan, katut Nurman Hakim, dipotrét jeung Ketua Umum Panitia FFWI Wina Armada (kadua ti katuhu).*
Ketua Juri Akhir Festival Film Wartawan Indonesia (FFWI), Adisurya Abdy (pangkatuhuna) jeung para juri séjénna (ti mimiti katilu ti katuhu, ka kencakeun) Ilham Bintang, Susi Ivvaty, Daniel Irawan, katut Nurman Hakim, dipotrét jeung Ketua Umum Panitia FFWI Wina Armada (kadua ti katuhu).* /Dok. FFWI/Galura/

 

 

GALURA.CO.ID. - Dina hajat badag Festival Film Wartawan Indonesia (FFWI) 2023 bulan ieu, panitia geus ngabentuk Dewan Juri Akhir anu diwangun ku lima penggiat jeung kritikus film pikeun milih nu baris meunangkeun Anugerah Gunungan.

Wartawan film senior Ilham Bintang, anu ogé produser film kolosal Fatahillah (1997), ngagabung jadi juri dina ahir taun ieu di tengah kagiatanana minangka Ketua Dewan Penasehat PPPFI. Ilham, anu ogé anggota Komite Seleksi Film Indonesia pikeun Piala Oscar, ngabogaan pangalaman anu asak jadi juri pikeun rupa-rupa festival film.

“Juri Akhir bakal ngutamakeun sawala (diskusi) dina ngajén sadaya unggulan anu tos disusun ku Juri Awal,” ceuk Ilham Bintang.

Pengumuman pikeun nu nyangking “Terbaik” (Piala Gunungan) téh bakal dilaksanakeun dina acara puncak di Gedung Pusat Perfilman Haji Usmar Ismail (PPHUI), Kuningan, Jakarta, 27 Oktober 2023. Pamasrahan Piala Gunungan baris dilaksanakeun dina dua sesi, beurang jeung peuting.

Baca Juga: FFWI XIII: 5 Film Laga Marebutkeun Piala Gunungan nu Munggaran

Anggota juri saterusna nyaéta sutradara film Nurman Hakim. Karyana geus loba nu nyangking penghargaan tur kapilih dina kompetisi film internasional.

Ieu penulis éséy film jeung kabudayaan dina sawatara média nasional téh, ogé calon doktor Antropologi Universitas Indonesia sarta dosén tetap di Fakultas Film dan Televisi Institut Kesenian Jakarta (IKJ).

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah