Dr. Eki Baihaki: Ngabebenah Ci Tarum, Lir Memeres Beunang nu Pajeulit

- 15 Oktober 2023, 07:04 WIB
TNI jeung masarakat keur meresihan sisi situ Cisanti, sungapan Citarum, walungan pangpanjangna di Jawa Barat. Baheula mangpaat Citarum karasa pisan.
TNI jeung masarakat keur meresihan sisi situ Cisanti, sungapan Citarum, walungan pangpanjangna di Jawa Barat. Baheula mangpaat Citarum karasa pisan. /Cecep KS/Galura

GALURA.CO.ID -Ci Tarum walungan pangpanjangna di Jawa Barat, sungapanna di Cisanti Gunungwayang, Kecamatan Kertasari, Kabupaten, Bandung. sékéna, aya tujuh. Ieu walungan ngamalir ngaliwatan, Kabupaten Bandung, Bandung Barat, Cianjur, Purwakarta, Subang, Karawang, Bekasi, Karawang, sarta ngamuara di laut Jawa.

Gedé pisan mangpaatna keur kapentingan tatanén, miara lauk, jeung listrik, Ci Tarum teh. Hanjakal pisan Ci Tarum geus kakeumeuhan ku rupa-rupa kokotor, antukna jadi walungan nu pangkotorna sa alam dunya. Tong boro dipaké kaperluan rumahtangga dalah nyeueungna ogé geus sareukseuk.

Kiwari Citarum keur dibersihan, keur dibebenah, ngarah genah ditempona. Cohagna malar karasa deui mangpaatna ku balaréa. Nu jadi luluguna papamréntah pusat, malah dijejeran langsung ku Présidén, kalawan ngaubkeun TNI jeung POLRI.

Baca Juga: Siberli jeung Korupsi di Jawa Barat, Ceuk KPK, Jawa Barat ti 2004-2021 Provinsi Pangkorupna

Sanajan geus digederkeun ngaliwatan program Citarum harum, hasilna can pati katara. Masih kénéh jauh kana hérang ngagenclang, ieu téh alatan can nguniang rasa miduli ti sakumna masarakat.

Tumuwuhna kasadaran masarakat kacida pentingna, babakuna masarakat nu panganjrekanna aya di sabudeureun walungan. Masarakat kudu diaubkeun miara walungan Citarum.

Ceuk Ketua Citarum Institute, Dr. Eki Baihaki, kiwari geus nguniang rasa miduli miara cai, hudangna rasa miduli perlu diapresiasi. “Miduli ngandung harti daék ngariksa, sabab ngarawat, ngarumat Citaru, teu bisa ngan ukur ku Pamaréntah, meresihan Citarum pancen gawe sakumna masarakat,” pokna.

Dipiharep tokoh masarakat umajak ka masarakat singkil babarengan ngajaga jeung ngariksa Citarum, sangkan isuk jaganing géto Citarum harum karasa, karampa mangpaatna ku sakumna masarakat.

Baca Juga: Bupati Bandung Rembug Bedas di Tilu Desa Masrahkeun Bantuan keur Nganggeuskeun Lapang jeung keur Ambulan

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah