Siberli jeung Korupsi di Jawa Barat, Ceuk KPK, Jawa Barat ti 2004-2021 Provinsi Pangkorupna

- 8 Oktober 2023, 06:00 WIB
Provinsi Jawa Barat geus mibanda siberli katut websitena, tapi tepi ka Mei 2023 Provinsi Jawa Barat pangkorupna sa-Inonesia.
Provinsi Jawa Barat geus mibanda siberli katut websitena, tapi tepi ka Mei 2023 Provinsi Jawa Barat pangkorupna sa-Inonesia. /Nanang S/galura.co.id

GALURA. CO.ID -Ngaranna teh Siberli. Lahir, poe Jumaah isuk-iuk, 5 Juli 2019, pagi, di halaman Gedung Sate, Jalan Diponegoro, Kota Bandung. Harita, gubernur Jabar, Ridwan Kamil, marajian medalna Siberli. Disaksikan ku pajabat Gedung Sate nu beurang peuting mikiran tarekah keur kamajuan Jawa Barat jeung keur karaharjaan masarakat, Polda, kajaksaan, jeung pangadilan sarta undangan sejenna.

Najan sarua tungtungna “li” Siberli lain sato mamalia dulurna surili. Siberli mah singgetan tina Sistem Informasi Sapu Bersih Pungutan Liar, website: www.siberli.jabarprov.go.id. Warga Jawa Barat kana ieu website bisa ngalaporkeun dugaan korupsi, pungutan liar, jeung praktek-praktek nu aya bau-bau korup.

Waktu marajian Siberli, dina biantarana Ridwan Kamil nyebutkeun pamarentah Provinsi Jawa Barat keur jeung rek terus satekah polah ngaronjatkeun kualitas, integritas, pangladen, jeung profesionalisme di jajaran pamarentah Provinsi Jawa Barat. “Siberli dipiharep migkin ngagampangkeun warga nglaporkeun pungutan liar sakaligus ngaleungitkeun pungutan liar di lingkungan Pemprov Jabar,” pokna.

Baca Juga: Cara Ngalarapkeun Peribahasa Sunda dina Kalimat

Ridwan Kamil oge nyebutkeun engke mah moal aya deui pungli di Disdukcapil, perizinan, sekolah, jeung di instansi pamarentah sejenna, lantaran dipocongok ku masarakat jeung masarakat bisa ngagunakeun akses website www.siberli.jabarprov.go.id mun rek ngalaporkeun ayana pungli. “Dipiharep tim langsung verifikasi jeung tindak lanjut kana laporan nu asup,” pokna.

Dina genep taun enam katompernakeun tepi ka bulan Mei 2023, ceuk Ridwan Kamil, Satgas Saber Pungli Jabar ngaujaninglakukeun 60 ribu nu papungli. “Lobana 42 rebu kasus pungli direngsekeun ku Tim Satgas Saber Pungli Jawa Barat, 102 kasus di-OTT. Kabeh oge diajukeun ka pangadilan," ceuk Ridwan Kamil, di akun instagram pribadina (12/5/2023).

Inspektur Provinsi Jabar Eni Rohyani nyebutkeun dina taun 2023 masarakat nu ngamangpaatkeun SiBerli nerekel pisan. Anu kelak ka SiBerli ngahontal 50 persen tina total pangaduan. “Laporan ti masarakat salasahiji sumber informasi keur Satgas Saber Pungli Jabar. Identitas nu lapor bener-bener ditangtayungan. Masarakat aman nepikeun laporan ayana pungli,” pokna.

Salian ti SiBerli, Satgas Saber Pungli Jabar oge mokalan Posko Keliling dina bentuk mobil pelayanan nu dioprasikeun sacara mobile di kantor atawa di tempat pelayanan masarakat.

Baca Juga: Identitas Sunda, Jatidiri Sunda, Adeg-adeg jeung Tangtungan Sunda

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah