Identitas Sunda, Jatidiri Sunda, Adeg-adeg jeung Tangtungan Sunda

- 3 Oktober 2023, 09:49 WIB
Sasak rawayan (jembatan gantung) di Desa Kanekes (Baduy), Banten.  Urang Kanekes dianggap sumber rujukeun keur nangtukeun identitas Sunda.
Sasak rawayan (jembatan gantung) di Desa Kanekes (Baduy), Banten. Urang Kanekes dianggap sumber rujukeun keur nangtukeun identitas Sunda. /

GALURA.CO.ID -Sawala ngeunaan adeg-adeg jeung tangtungan Sunda mindeng dilaksanakeun, dina raraga nyindekkeun nu jadi kakuatan jatidiri urang Sunda. Saenyana jati diri Sunda ti bareto baheula geus aya, tinggal ngarumuskeun sangkan bisa dijalankeun luyu jeung pajamanan.

Adeg-adeg Sunda jeung tangtungan Sunda, nyokona kana jengléngan anu sipatna fisik, ari tangtungan nyokona kana hal-hal batiniah (psikis), bisa dirumuskeun leuwih ringkes jadi idéntitas Sunda.

Idéntitas téh ciri atawa kayaan husus anu dipiboga ku hiji jalma, boh anu sipatna fisik atawa lahir, boh psikis atawa jiwa atawa batin. Bisa dilegaan deui, tumerapna teu ngan ka saurang, tapi jalma jenuk.

Baca Juga: Dadang Supriatna: Lain Mieling Hari Kesaktian Pancasila mun Upacarana Teu Tanggal 1 Oktober

Larapna bisa ka komunitas, saturunan, atawa sakocoran karuhun, sabeungkeutan, profési, sapadumukan di hiji wewengkon, sakayakinan jeung sajabana.

Identitas Sunda tangtuna tumerapna ka urang Sunda, idéntitas anu nyoko kana hal-hal anu sipatna psikis sok disebut jatidiri, anu éta téh bisa kagambar dina ucap jeung paripolah, katut sakur anu dihasilkeunna, rék anu dianggap hadé, rék anu dianggap goréng.

Éta minangka indikator pikeun ngukur jatidiri téh. Jatidiri Sunda, éta téh ciri husus anu dipiboga ku urang Sunda. Sok sanajan dina kanyatannana mah geus loba anu paselup atawa bias, naha ieu téh Sunda atawa lain.

Mun nyaritakeun jatidiri Sunda, éta téh ciri husus anu dipiboga ku urang Sunda atawa lain. Mun nyaritakeun jatidiri Sunda, tangtu maksudna lain ka hiji jalma, tapi kum kaurang Sunda. Jatidiri anu sipatna batin nyampakna dina moral, karakter, jeung spiritualitas.

Baca Juga: Warga Heraneun, dina Nelesan di Desa Nagarapageuh Kabupaten Ciamis, Banda Budaya Diberesihan ku Urang Luar

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah