Dadang Supriatna: Lain Mieling Hari Kesaktian Pancasila mun Upacarana Teu Tanggal 1 Oktober

- 1 Oktober 2023, 12:55 WIB
Pemda Bandung ngagaler upacara peringatan Hari kesaktian Pancasila, 1 Oktober 2023 di Soreang..
Pemda Bandung ngagaler upacara peringatan Hari kesaktian Pancasila, 1 Oktober 2023 di Soreang.. /Sopandi/Galura.co.id

GALURA.CO.ID- Hari Kesaktian Pancasila hiji sajarah nu moal jeung eu bisa dipopohokeun ku sakumna bangsa urang tepi ka iraha wae oge. Dina tanggal 30 September 1965 kajadianana Gerakan 30 September (G30S) nu didalangan ku PKI.

Nya tanggal 1 Oktober dipièling Hari Kesaktian Pancasila lantaran G30S PKI bisa dipareuman sarta pahlawan Revolusi nu gugur alatan kejemna anggota PKI bisa kapanggih di Lubang Buaya

"Upami upacarana sanès tanggal 1 Oktober, hartosna sanès mieling Hari Kesaktian Pancasila. Kumargi kitu, sanaos dinten perè urang ngalaksanakeun upacara mièling Hari Kesaktian Pancasila," ceuk Bupati Bandung, Dadang Supriatna.

Baca Juga: Pagelaran Yogaswara Sunandar Giriharja 3 Putra, salasahijina Teu Meunang Dilalajoan

Bupati Bandung nepikeun hal eta satutas jeung rèngrèngan Forkopimda Kabupaten Bandung katut sakumna ASN di wewengkon pamarèntah Kabupaten Bandung ngalaksanakeun upacara bandèra Hari Kesaktian Pancasila Tingkat Kabupaten Bandung taun 2023 di Lapangan Upakarti Komplek Pemkab Bandung, Soreang, Ahad (1/10/2023).

Dina dasarna, ceuk Dadang Supriatna, saban warga negara Indonesia kudu bisa ngalarapkeun falsafah nu aya dina Pancasila dina kahiruapan sapopoè. Dadang Supriatna nyebutkeun inyana geus nulis buku keur umum jeung keur paguron luhur.

"Judulna Pancasila dan Kewarganegaraan. Simkuring ngadamel ieu buku  kumargi dasarna kahirupan urang aya dina Pancasila. Dina butir-butir Pancasila, kari urang kumaha ngamalkeunana," pokna.

Ceuk Dadang Siupriatna pikeun nguatkeun pendidikan Pancasila di sakola, barang dirina dilantik jadi Bupati Bandung, nya aya dua pendidikan muatan lokal di sakola.

Baca Juga: Jadwal Manggung Dadan Sunandar Sunarya Putra Giri Harja 3 Bulan Oktober 2023

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah