Pilkades Lain dina Poè Perè Ketua DPRD Kabupaten Bandung Hariwangeun Masarakat Seutik nu Datang

- 29 September 2023, 20:54 WIB
Ketua DPRD Kabupaten Badung, Sugianto (kenca), Kepala Dinas Badan Pemberdayaan Masyarakat Desa Kabupaten Bandung, Tata Irawan (katuhu).
Ketua DPRD Kabupaten Badung, Sugianto (kenca), Kepala Dinas Badan Pemberdayaan Masyarakat Desa Kabupaten Bandung, Tata Irawan (katuhu). /Sopandi/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID- Ketua DPRD Kabupaten Bandung, Sugianto hariwangeun ngan saeutik warga masarakat nu aub kana Pemilihan Kepala Desa (Pilkades) serentak di Kabupaten Bandung. Kituna tèh ku sabab Pilkades dilaksanakeun tanggal 11 Oktober 2023, lain poè perè.

"Pilkades dilaksanakeun dina dintenan damel, tangtos aya rasiko tumali kamungkinan teu hadirna masarakat ka TPS," ceuk Sugianto di Sorèang, Juma'ah (29/9/2023).

Sugianto nyebutkeun utamana masarakat nu gawè di swasta jeung pabrik industri bakal mikir dua kali lamun kudu bolos gawè mun ngingetkeun rasiko nu bakal disanghareupan tina tempat gawèna.

Baca Juga: Nyinglar Pacèngkadan Sakumna Calkades di Kabuaten Bandung Ngajomantarakeun Deklarasi Damai

Tina kituna Sugianto meredih ka Pemkab Bandung sangkan sagancangna narékahan, upamana ngaluarkeun surat dispensasi pikeun masarakat nu gawè di sektor swasta jeung pabrik industri, husus keur masarakat nu desana rèk ngalaksanakeun Pilkades serentak.

Tapi, lain deui numutkeun Kepala Dinas Badan Pemberdayaan Masyarakat Desa Kabupaten Bandung, Tata Irawan.

"Moal lah. Apanan Pilkades-Pilkades sateuacanna ogè teu welèh digelar dina dintenan damel. Buktosna tingkat partisipasi publik teu welèh luhur," ceuk Tata.

Pamanggih Tata kitu tèh sabab cenah unsur kadeuheusan antara Calon Kades jeung pamilihna leuwih luhur mun seug dibandingkeun Pilkada atawa Pileg.

Baca Juga: Ngungkulan Rawan Pangan, Kabupaten Bandung Meunang Bantuan Beas Sabulanna 2.140 Ton keur 214.070 KPM

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah