Kalungguhan Barang Pusaka Mungguh Budaya Sunda

28 Januari 2023, 09:30 WIB
Kujang hasil Guru Teupa Kujang di Bogor. /

GALURA -Di Sunda anu kiwari disebut barang pusaka téh tadina ukur asésoris, ukur papaes. Lain barang nu dianggap mibanda kuatan gaib. Diberesihanana oge iraha wae, teu kudu bulan Mulud.

"Asa geus lila teu meresihan barang pusaka. Urang beresihan bisi geus karatan," kitu ceuk Ema Bratakusuma waktu keur jumeneng kénéh ka budayawan jeung seniman nu keur ngariung di imahna sakumaha nu dicarirakeun ku Etti RS ka wartawan Galura sawatara waktu ka tukang.

Ema Bratakusuma nu asli ti Tatar Galuh (Ciamis) téh kaimpungan ku seniman jeung budayawan Sunda. Inyana mibanda rupa-rupa barang pusaka.

Baca Juga: Ka Marongge Sumedang Rea Keneh Nu Jarah, Aya nu Neangan Pelet, Angka Togel, jeung Meunang Gawe

Ema Bratakusuma nu ngantunkeun taun 1984. Di padumukunana, di Bandung, réa barang pusaka pakarang jaman baheula; keris, tombak, pedang jeung sajabana. Meresihanana téh teu maneuh, waktuna iraha waé jeung teu maké ritual.

Pakarang kuna atawa barang pusaka diberesihanana maké jeruk purut atawa calingcing. Jeruk jeung calingcing ngandung zat asam nu mangpaatna keur nyegah karat (tai hiang). Geus kitu diunun luhureun beuleum menyan jeung diolésan ku minyak seungit.

Najan sanggeus barang pusaka diberesihan terus meuleum menyan, jauh tina mistis.

Pangna dikebulan maké haseup menyan, keur ngagaringkeun pakarang kuna, sangkan, mun ceuk basa Malayu mah, kedap air, teu gampang kapangaruhan zat cai nu aya di hawa. Ngarah teu gampang karatan. Diminyak seungitan, ngarah seungit waé éta mah.

Baca Juga: Ngalongok Situs Karamat Singaperbangsa di Gunung Babakan Kota Banjar

Budayawan jeung seniman nu deuheus ka Ema Bratakusuma sarua kamandangna kana nu disebut barang pusaka teh. Pedang, tumbak, keris jeung sajabana henteu diistiméwakeun.

Meresihan barang pusaka iraha waé, gumantung kana kereteg haté atawa pédah ngarasa geus lila teu diberesihan.

Pangna di tokoh-tokoh Sunda kana pakarang kuna warisan ti luluhurna saperti kitu, lantaran di Sunda nu disebut pusaka ukur dijadikeun asésoris, ukur dijadikeun simbol atawa lambang. Kakuatan henteu aya dina barang, tapi dina diri manusa sorangan.

Urang Sunda aya nu ngayakeun ritual meresihan barang nu dianggap pusaka, kapangaruhan ku budaya Jawa. Di Wanaraja Garut, aya patilasan Sunan Papak. Di dinya maneuh diayakeun ritual meresihan barang pusaka. Ceuk riwayatna Sunan Papak téh teureuh Mataram.

Baca Juga: Karaton Karajaan Sukapura kari Waasna, Titinggalna Diteundeun di Museum Alit Luluhur Sukapura

Kampung adat di Sunda nu sok ngayakeun ritual meresihan barang-barang nu dianggap pusaka téh di Kampung Dukuh Garut. Ceuk asal-usulna, Dukuh diadegkeun ku tokoh agama nu kungsi mancén di Karaton Sumedanglarang. Ari Sumedanglarang nu pangheulana kapangaruhan ku Mataram.

Di kampung adat di Tatar Sunda séjénna, najan bisa jadi mibanda barang-barang pusaka teu kacatur aya tradisi ritual meresihan barang pusaka.

Kitu deui di Kanekes (Baduy), Kacamatan Leuwidamar, Kabupatén Lebak, Banten. Tara kacaritakeun ngayakeun upacara meresihan pusaka. Di Kampung Kuta, jeung di Kampung Naga oge teu kacatur aya ritual ngumbah barang pusaka.

Cirebon nu unggal Mulud ngayakeun Panjang Jimat ogé kandel pangaruh Mataramna. Aya tradisi Nyangku di Panjalu Ciamis, meresihan pakakas kuna nu dinggap titinggal luluhur Panjalu, sabab anu nyebarkeun agama Islam di Ciamis Kalér, kaasup di Kawali jeung di Panjalu, téh Pangéran Usman nu asalna ti Cirebon.***

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler