Kabayan Ngalanglang Jaman (8): Jaman Bandung Purba

- 9 Mei 2023, 05:00 WIB
/Desain: REA/

PROFÉSOR Kabayan ukur gogodeg, bari teu maliré omongan jalma hareupeunana.

Ari Ki Amuksaketi ukur silirérét jeung baturna katut dununganana. 

“Ku naon ditanya téh bet gogodeg?” Ki Amuksalaksa ngéngklokan pananya baturna.

Tina ngahuleng jeung gogodeg, Profésor Kabayan ahirna unggut-unggutan.

Nu tiluan beuki teu ngarti waé.

Tapi saméméh nu tiluan pok nyarita, Profésor Kabayan miheulaan.

“Euh, kaharti, kaharti ari kitu mah...”

“Kaharti kumaha? Ari keur kaula tiluan mah, weléh teu kaharti,” omong Sangkuriang teugeug.

“Cik, kaharti teu ku arandika?” omongna deui, ka badégana nu duaan.

“Boro-boro, Anom!” Témbal Ki Amuksaketi, sanggeus papelong-pelong heula jeung baturna.

“Boro-boro, Anom!” Ki Amuksalaksa kawas sasarina ngéngklokan. “Tong boroning ku kaula duaan, dalah geuning ku Anom gé teu kaharti.” 

“Tah, heueuh kitu, teu kaharti. Teu kahartina téh, lantaran ka ieu leuweung jol-jol aya manusa anu boh polahna boh cara papakéanana teu ilahar jeung kaula tiluan. Kari-kari andika geus ngaruksak ieu leuweung anu ti baheula dipupusti sangkan euweuh anu ngagunasika. Boa andika téh jurig nyiliwuri, nya? Atawa meureun andika téh siluman anu rék ganggu kana katingtriman kaula?! Tapi kétah, lamun enya andika siluman, siluman nu ngageugeuh leuweung mana? Da ceuk rarasaan mah, kabéh siluman gé di ieu leuweung mah geus taluk ku kaula.”

“Ke heula, Nun. Ulah waka boga pikiran nu lain-lain. Kami téh bener-bener manusa, lain jurig nyiliwuri lain siluman bungkeuleukan. Apan tadi gé geus disebutkeun, ngaran kami téh Kabayan...”

“Tapi...”

“Ke heula, ulah waka ‘tapi’...,” Profésor Kabayan ngagebés Ki Amuksaketi nu geus calangap-calangap baé rék nuluykeun omonganana. “Jadi, andika téh enya Sangkuriang? Ari ieu nu duaan deui, saha?” 

“Enya, kaula Sangkuriang! Ari ieu nu duaan, badéga kaula anu satia. Ieu Ki Amuksaketi, anu ieu mah Ki Amuksalaksa.”

Profésor Kabayan deui-deui unggut-unggutan. Tambah yakin ayeuna mah, manéhna téh enya keur nyanghareupan Sangkuriang. Tambah yakin baé, yén manéhna geus dibawa ku mesin waktuna ka jaman Bandung Purba, jaman anu salila ieu ukur aya dina dongéng-dongéng atawa literatur sajarah purba.

Tina unggut-unggutan, Profésor Kabayan tuluy gogodeg. 

“Beu, na nyasar téh bet jauh temenan...,” Profésor Kabayan ngagerendeng.

“Nyasar?” Sangkuriang kerung, bari rét ka badégana nu duaan. Nu duaan ting polohok. 

“Nyasar?” Omong Ki Amuksaketi.

“Nyasar? Nyasar kumaha maksud andika?” Ki Amuksalaksa panasaran nanya.

“Enya, sok dongéngkeun ka kaula tiluan. Nyasar téh nyasar kumaha?” Sangkuriang gé kabawakeun panasaraneun.

Profésor Kabayan ngarénghap jero naker. Panonna rarat-rérét néangan tempat nu bisa dipaké rinéh pikeun ngadadarkeun pangalamanana ka jalma-jalma anyar pinanggih ti béda jaman.

Geus manggihan mah, gék baé diuk dina akar caringin anu umurna duka geus sabaraha ratus atawa rébu taun, da geuning tangkalna mani badag-badag teuing, ditangkeup ku jalma opatan gé kawasna moal katepi.

Sangkuriang jeung badégana anu duaan gé nuturkeun, gék dariuk pahareup-hareup jeung Profésor Kabayan.

“Kieu mun didongéngkeun mah...,” ceuk Profésor Kabayan sanggeus ngabebenah tempat. “Saenyana mah kami téh hirup di abad ka-20. Kami geus hasil nyiptakeun mesin waktu nu bisa mawa saha baé ka jaman ka tukang atawa ka jaman jaganing géto. Teu di nangka teu di ganas, ku éta alat kami kalah dibawa nyasar ka dieu... ka jaman Bandung Purba, ka alam milik arandika tiluan...”

“Ké, lanan... Naon teu di nangka teu di ganas téh?” ceuk Ki Amuksaketi nyela omongan.

“Enya, bet kalah mamawa bubuahan andika mah!” Ki Amuksalaksa ngéngklokan.

“Hus, arandika mah bet nyela-nyela omongan. Sisindiran nu kitu téh. Hartina, teu disangka teu dinyana.”

“Beu, atuh ulah sok sindir-sampir, barina gé. Togmolkeun wé, da jeung Anom mah bébas merdéka,” ceuk Ki Amuksaketi, teu riuk-riuk.

Sangkuriang méré isarah jempé ka nu duaan.

“Mangké heula... Bieu disabit-sabit andika téh hirup dina abad ka-20. Tah, naon maksudna ari éta?” pokna ka Profésor Kabayan.

“Nu dimaksud ku kami, nyaéta rébuan taun sanggeusna taun ayeuna. Jadi, mun andika hirup dina jaman ieu, kami mah hirup dina jaman jaganing géto... Ké, ari ayeuna pancegna taun sabaraha?” Profésor Kabayan malik nanya.

“Duka teuing. Da teu nyaho kana itungan taun, kaula mah,” témbal Sangkuriang.

“Abad kasabaraha atuh?”

“Duka teuing deuih. Pokona, ka kaula mah tong nanyakeun masalah nu karitu. Teu nyaho!”

“Geus wé, lah, supaya singget mah... jaman tikotok dilebuan wé kituh!” ceuk Ki Amuksaketi.

“Hus, bet ku aranéh ari andika!” témpas Ki Amuksalaksa. “Jaman tikotok dilebuan mah atuh jaman baheula béh ditueun baheula. Bet teu lumrah jaman ayeuna disebut jaman tikotok dilebuan.”

“Ih, ari taeun téh. Jaman ayeuna téh ceuk urang, da ari ceuk Ki Kabayan mah jaman baheula béh ditueun baheula. Enya... jaman tikotok dilebuan téa, da urang mah teu kungsi apal taun, lin? Jeungna deuih, keur naon pusing-pusing mikiran itungan taun barina gé!”

 “Geus, sual éta mah teu penting! Rék tikotok dilebuan, rék tai munding didaun-waruan, teu kudu digunemcaturkeun. Teu penting!” Sangkuriang ngagebés ka nu duaan, bari tuluyna pok ka Profésor Kabayan. “Kaula mah keukeuh can ngarti kénéh baé. Naha andika nu hirup di jaman jaganing géto, bet bisa nganjang ka jaman kaula anu ceuk andika mah lumangsung rébuan taun saméméh jaman andika. Teu ngarti, puguh. Teu katepi ku pikir, teu kahontal ku akal!”   

“Apan tadi gé ku kami geus disebutkeun, kami téh geus hasil nyiptakeun mesin waktu anu bisa mawa sing saha baé ka jaman ka tukang atawa ka jaman jaganing géto. Ku éta mesin, kami gé bisa ngalanglang tempat-tempat nu mibanda ajén sajarah.”

“Atuh mun kitu mah, andika téh leuwih ngora ti kaula. Tapi ku naon andika katempona bet jiga leuwih kolot?”

“Hésé mun diterangkeun sacara logika mah...”

“Logika?” Sangkuriang tarangna tangka kerung-kerung baé.

“Akal sehat. Kawajaran,” Profésor Kabayan nerangkeun. “Mémang jaman nu kaalaman ku urang téh béda naker. Bédana ge jauh kacida. Rébuan taun téa atuh lain pikiraneun, atawa bisa jadi puluhan rébu atawa ratusan rébu taun. Umur manusa mah, utamana di jaman kami, paling lila gé ngan salapan puluh taunan. Aya sih anu umurna tepi ka saratus taun atawa leuwih sababaraha taunan, tapi teu loba. Kungsi --kira-kira 70 - 75 taun saméméh jaman kami, aya hiji panyajak nu awongan-awongan hayang hirup tepi ka sarébu taun deui...”

“Panyajak?” 

“Tukang nyanggi sajak.”

“Sajak?”

“Puisi.”

“Naon ari puisi téh?”

“Lah, hésé atuh mun diterangkeun tepi ka bubuk leutikna mah. Kuring mah da lain ahlina atuh ari kudu nerangkeun perkara puisi mah. Pokona mah sabangsaning karangan wé...,” témbal Profésor Kabayan bari garo-garo teu ateul.*** Lajengkeuneun

Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (9): Mantuan Sangkuriang, Néangan Dayang Sumbi

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x