Kabayan Ngalanglang Jaman (5): Leungiteun nu Dipikaasih

- 6 Mei 2023, 05:00 WIB
/Desain: REA /

 

SABOT Sekretaris RT paciweuh mareuman seuneu, torojol Satpam Budi mani hariweusweus.

"Pa... Pa RT... hhh... hhh... haduh... haduh..."

"Aya naon, Pa Satpam, aya naon...?" Pa RT kalah milu hariweusweus.

"Itu... itu... hh... hhh... di pengkér..." Satpam Budi tutunjuk ka tukang.

"Di tukang...? Aya naon...?" Bu RT gé teu tinggaleun milu hariweusweus.

"Itu... itu..."

"Lain itu-itu baé. Pok-pok nyarita!" Pa RT béak kasabaran.

"Itu... itu... Bu Iteung... hhh... hhh... aya di pengkér..."

"Euh, sugan téh aya naon. Tuda nyarita téh mani ngagareuwahkeun kitu. Nya syukur atuh aya di tukang mah..."

"Éh, sanés 'syukur', Pa RT. Ieu mah 'innalillahi'..."

Pa RT jeung Bu RT curinghak. Kitu deui nu séjénna gé ting caruringhak.

"Eu... maksud Pa Satpam téh... maot?" Sekretaris RT pipilueun nanya.

"Sanés, da aya napasan kénéh. Rupina mah kapiuhan," omong Satpam Budi, geus teu hariweusweus deui.

"Beu, masih kénéh bisa disebut syukur atuh ari kitu mah, lain innalillahi...," omong Pa RT.

"Ah, saur Ustad Aa Gema ogé, ka sakur nu cilaka atanapi ka nu kamusibatan mah urang téh kedah ngucapkeun innalillahi, Pa RT..."

"Heueuh ari kitu téa mah, tapi pan..."

"Éta, éta, Apana... kalah hayoh diskusi!" Bu RT ngagebés. "Hayu atuh urang téang ka tukang, diantep lila-lila mah bisi teu katulungan kéh!"   

Bring baé nu ting rariung di dapur téh muru ka pakarangan tukang.

Enya baé, kasampak Mamih Iteung keur ngalempréh teu empés-empés.

Nu kapiuhan téh geuwat baé dirarubung. Leungeun jeung tarangna nu rarenung ku karinget badag téh dirampaan ku Bu RT, karasa tiis.

Sanggeus Pa RT paparéntah ka sakur nu aya di dinya, regeyeng baé Mamih Iteung dipayang digolérkeun dina sofa di rohang tengah.

Teu kudu nunggu paréntah ti Pa RT atawa Bu RT, Satpam Budi geuwat mawa halsduk jeung cai dina baskom.

 

**

 

DUA

 

TATAR Sunda, jaman Bandung Purba. Kira-kira taun 2000 saméméh Masehi.

Ti saprak Dayang Sumbi nampik cintana, Sangkuriang gawéna ukur huleng jentul baé.

Sangkuriang asa teu nyangka ku nasib diri. Ongkoh baréto Dayang Sumbi téh kungsi kedal jangji, mun Sangkuriang bisa nohonan paméntana, Dayang Sumbi rék pasrah-lilah dipihukum ku dirina.

Tapi ayeuna?

Béhna mah ukur lalambé.

Béhna mah ukur mamanis nu nyésakeun papait taya kendatna.

Sangkuriang inget, baréto basa munggaran tepung jeung Dayang Sumbi sanggeus sakitu lilana ngalalana pédah ditundung ku nu dipicangcam, nyatana ku nu nyebut dirina indung manéhna, haté téh bet leyur ku teuteupna nu liuh. Lir teuteupna hiji indung ka anak. Kebek ku kaasih. Kebek ku kadeudeuh. Kebek ku kanyaah.

Jiwana nu leungiteun kanyaah indung, béhna jadi sagara rasa nu ngagalura dina dada, antukna ngawujud dina rasa cinta anu rosa, rasa asih anu matri.

Lain cinta hiji budak ka indung.

Enya, lain! Tapi, cinta jajaka ka hiji mojang anu ngemu kaasih patumpang-tindih jeung rasa birahi, anu antukna hayang ngapimilik.

Dina ciciptan Sangkuriang, Dayang Sumbi téh lain indungna, tapi hiji wanoja anu salila ieu aya dina implenganana, dina panyileukanana, wujud kaasih anu ngajanggélék gambaran indungna.

Nya wajar baé mun seug manéhna hayang ngawin Dayang Sumbi téh, minangka wanoja anu ceuk angkeuhanana lain indung tegesna, tapi miboga "saripati" indungna, hiji hal anu mungguh diangen-angen ti baréto, ti saprak manéhna leungiteun kanyaah indung.

Tapi béhna, cinta téh nyésakeun kapeurih anu leuwih jero.

Jamparing asih mémang geus niruk jajantungna, tepi ka manéhna kokoléaban néangan puntangeun, sanggeus anu dipikaasihna jalir pasini.     

"Lamun enya anjeun keukeuh baé hayang mihukum kuring, bari jeung saenyana mah kuring téh indung teges anjeun, heug teu nanaon. Tapi anjeun kudu nohonan paménta kuring," masih kénéh karasa héabna napas Dayang Sumbi dina daun ceuli, basa ahirna dirina teu bisa hojah nyanghareupan peta Sangkuriang anu sakitu keukeuh-peuteukeuhna.

"Paménta? Sok geura wakca, satungtung kuring mampuh, satungtung kasubadanan ku kuring, mo burung ditohonan."

"Pangbendungkeun situ, tapi kudu dipigawé sapeuting jeput."

Rada kagét ogé Sangkuriang ngadéngé kitu mah.

Beu, beu, ku aya-aya baé paménta téh.

Tapi ku lantaran dibekelan ku rasa cintana anu rosa ka Dayang Sumbi, ongkoh deui manéhna boga wadyabalad siluman Guriang Tujuh anu bisa dikeprak pikeun mantuan pagawéanana, nya ahirna éta paménta téh lah-lahan disanggupan.

Kabuktian, ku ngeprak siluman Guriang Tujuh mah ngabendung situ téh méh bisa anggeus tengah peuting gé.

Ngan hanjakal, Dayang Sumbi boga perdaya séjén.

Méméh Sangkuriang nganggeuskeun pagawéan dina waktuna, geuwat Dayang Sumbi ngélébétkeun Boéh Rarang di Wétan, anu katénjona ku saréréa siga fajar keur balebat.

Pamustunganana, Sangkuriang dianggap teu bisa nohonan paménta Dayang Sumbi, sarta ku kituna bolay ngajodo. 

Ras ka dinya, haténa mungguh mentegeg.

Geus genep puluh kali bulan purnama éta kajadian téh, tapi ceuk rarasaan mah asa cik kénéh pisan. Atuh da beungeut Dayang Sumbi anu geulisna lir widadari téh angger kokolébatan dina kongkolak panonna. Imutna anu nyari, sorot panonna anu linduk, réngkak jeung rindatna anu piindung, teu weléh ngalangkang dina juru-juru batinna anu gudawang.

Ayeuna, sanggeus genep puluh kali bulan purnama, Sangkuriang angger marudah haté.

Nya di dieu pisan, di batu lampar handapeun tangkal loa nu baréto kungsi dipaké ngedalkeun jangji pasini antara duaan, Sangkuriang ngaraga meneng, nyacapkeun panineunganana. 

"Reup peuting, bray beurang... Beurang kasilih peuting, peuting baganti beurang... Hhh, teu karasa... waktu téh bet asa nyérélék baé, tapi ieu batin angger nyeuit kénéh baé. Padahal geus genep puluh kali bulan purnama, haté angger teu lubar-lubar. Hhh...," Sangkuriang norowéco sorangan.

Leng deui pikiranana uleng.

Saking uleng teuing pipikiranana, tangka aya nu datang gé teu kapireng.

"Kaula duaan dongkap, Nun," ceuk Ki Amuksaketi ti tukangeunana bari cedok sumembah.

"Enya, Nun, kaula duaan nyanggakeun sembah pangabakti ka salira," Ki Amuksalaksa teu tinggaleun, cedok sumembah gigireun baturna.*** Lajengkeuneun

Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (6): Nu Tunggara Manah, Midangdam Katresna

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x