Carita Nyambung Putri Anjungsari (94), Tikelebuh di Citarum teh pikeun Miceun Salasah

- 22 April 2023, 07:09 WIB
Patilasan Pecat Dudukuy di Kecamatan Sukadana, Kabupaten Ciamis. Aya patalina jeung Galuh.
Patilasan Pecat Dudukuy di Kecamatan Sukadana, Kabupaten Ciamis. Aya patalina jeung Galuh. /Nanang/Galuh

TAYA nu tunyu-tanya deui. Suba ngojengkang asup ka jero saung sarta korah-koreh kana para seuneu. Manggih beubeutian jeung gula kawung. Beubeutianana diturunkeun, sarta ditunda gigireun hawu. Suba kaluar deui, ngala seuneu tina durukan, mawa pangpung nu geus hurung. Suluhna mah geus nyampak gigireun hawu.

Najan hawuna tiis, jeung lebuna rada beueus, seuneu di hawu bisa gancang hurung. Liang hawuna ditutupan heula ku talawengkar, make kurut gentong nu geus peupeus. Rek naheur cai, Gingin can datang. Meuleum beubeutian, lebuna can loba. Hiji dua beubeutian ku Suba disangray dina luhureun talangwengkar.

Gingin ngarongheap, Suba gancang nyait talawengkar dipindahkeun kana liang hawu beulah tukang. Gen nagenkeun gentong sanggeus dikumbah heula make cai bawa Gingin. Cai tina lodong satuluyna dieurihkeun kana gentong. Sanggeus ngasurkeun seuneu, Suba kaluar. Kasampak, Olot Kaya, Bena jeung Rait geus ngariung deui.

Kabehanana dariuk dina luhureun batu, teu jauh tina durukan. Olot Kaya, Bena jeung Rait keur nyaritakeun lalampahanana basa meuntas di Citarum di Rajamandala. Dibandungan ku Aki Jaya, Asmita, jeung Atus. Gingin oge milu aub.

“Anu ngusulkeunana mah Putri waktu nempo perjurit Carbon sakitu lobana sarta teu weleh nalingakeun nu balawiri. Bena jeung  Rait mah geus tarepi ka darmaga, jadi teu arapaleun,” ceuk Olot Kaya.

“Ngan tiluan atuh nu nyahoeunana?” tempas Aki Jaya.

“Enya. Suba can datang, da leumpang, teu tumpak kuda, embungeun nyorang pudunan tumpak kuda.”

“Laju?” ceuk Aki Jaya panasaraneun.

“Kami ngadagoan heula peuting, cicing di saung ranggon nu rada jauh ti jalan, ngan teu jauh ti sisi Citarum. Kuda mah geus dipeuntaskeun di lebah walungan nu deet, di tempat anu suni.”

“Ari tukang parahu nu meuntaskeunana saha?” ceuk Bena nembrong.

“Nyao teu wawuh. Anu marengan Putri dina parahu  perjurit Pajajaran nu miang ti heula,” tembal Olot Kaya.

“Sarua tugasna ngawal Putri?”

“Enya, ngan arinyana mah bisa disebutkeun nu muka lawangna.”

 “Ari dia jeung Ranah ngada­goan di mana?” ceuk Aki Jaya ka Olot Kaya.

“Teu jauh ti patilasan, bareng jeung balad kami, bari mawa salin keur Putri jeung keur Suba,” tembal Olot Kaya.”Kami nalingakeun ti kaanggangan. Kami percaya Putri moal nanaeun, tapis pisan ngojay. Sanggeus hanjat ka darat, Putri ku balad kami dibawa ka guha deukeut patilasan.”

 “Waktu kajadian, kami can datang. Ngan basa kami anjog nu nareangan nu tikelebuh masih keneh aya,” ceuk Aki Jaya. “

“Kami meunang beja ti Rait, Putri titeuleum teu ieuh percaya. Sakanyaho kami nu geus dilatih kaperjuritan jeung nu boga elmu kasakten luhung tarapis ngojay,” ceuk Bena.

“Kami oge saenyana mah cangcaya. Komo sanggeus ngadenge caritaan Aka waktu siduru di imah nu mawa urang,” ceuk Rait ka Bena.

“Aeh, saha Lot nu mawa kami ka imahna,” Bena  nanya ka Olot Kaya.

“Sarua balad, balad Pajajaran. Memeh kami miang oge geus disiapkeun di tempatna sewang-sewangan, kaasup taktik mun manggih pibahlaeun.”   

“Atuh Putri nu ngusulkeun rek api-api ti teuleum oge geus direncanakeun?” ceuk Bena.

“Kana kitu. Ngan kami teu apal.”  

 “Eta wae, geus aya cawene nu nyiapkeun baju keur salin Putri,” ceuk Bena.  Aeh, panggih di mana jeung eta cawene.”

“Basa kami sanggeus meuntaskeun kuda, ngalanto ka deukut patilasan.”

“Nyahona ti mana inyana balad?” ceuk Aki Jaya.

“Ituna lain cawene sabrongbrong, tina rengkak polah kami, inyana geus bisa neguh kami ti mana, jeung ngedalkeun sababaraha ucapan nu ukur kaharti  ku kami,” tembal Olot Kaya.

“Jadi geus dirancang asak pisan…,” ceuk Aki Jaya.

“Maharaja Sakti oge ngiangkeun dia sabatur-batur jeung geus nugaskeun kapercayaanana di sapanjang jalan nu bakal kaliwatan, ti serek Citarum beulah wetan. Kajaba Suba nu di luar rarancang kami,” ceuk Olot Kaya bari seuri.*** Nyambung

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x