Putri Anjungsari (67), Di Sisi Leuweung Dipegat ku Opat Lalaki nu Samagreng ku Pakarang

- 26 Maret 2023, 03:00 WIB
Putri Anjungsari
Putri Anjungsari /

“Ari tadi nu limaan saha?” ceuk tukang jaga kuda bari mencrong ka nu tarumpak kuda nu sanggeus di jalan jajahan kudana diberetekeun. Tukang jaga ngahuleng. Teu lila nyerengeh seuri bari unggut-unggutan. Leos ka pipir warung, ngelol kana panto tukang sarta cacarita sakeudeung jeung tukang warung.

Ti dinya  leumpang mapay jalan satapak nu dihapit ku tatangkalan jeung rungkun saliara. Teu lila, aya kuda nu ditegarkeun ti lebah jalan satapak. Kudana kaasup hade, sabanding jeung nu ditarumpakan ku Putri Anjungsari, Bena jeung Rait. Anu tumpakna make totopong warna biru. Kakalerkeun.

Kawantu dilumpatkeunana leuwih tarik, Putri Anjungsari, Bena jeung Rait kasusul.  Mimitina mah nu tiluanana raga kageteun aya nu nyusul teh. Tapi tiluanana satuluyna siga nu teu kapangaruhan. Kudana angger henteu pati ditegarkeun. Tarumpak kudana teh siga anu nyaralse, kawas nu keur ulin, ngider lembur.

Tiluanana disalip. Nu tumpak kuda ngareret bari seuri, terus leuwih ngalumpatkeun kudana tepi ka teu sababara lila teu katempo deui, dina tikungan, tungtung lembur.

“Aka, saha eta, nya? Bangun nu rusuh…,” ceuk Rait ka Bena sanggeus kudana rada deukeut kana kuda nu ditumpakan ku Bena.

“Teu nyaho,” tembal Bena.

“Moal kitu balad Carbon? Rek ngabejaan baturna, rek megat urang?” ceuk Rait deui.

“Nya kudu taki-taki,” tembal Bena.

Jalan geus kaluar ti pilemburan nu kawilang gegek. Ayeuna mah kenca katuhu jalan lolobana tatangkalan, jeung rungkun saliara, beulah ditueun huma, nu ngatapel wates jeung pasir ipis. Geus harieum beungeut, ciri geus maju ka peuting. Katempo lalay mimiti rabeng. Sora uir  nu ngadaplok dina tatangkalan patembalan 

Basa anjog ka sisi leuweung nu rembet keneh ku kakayon, katempo, saurang nu keur tumpak kuda keur diriung ku opat urang lalaki. Dina cangkeng ngagaplek bedog panjang. Kabehanana make totopong hideung. Tembong saurang ti nu opatan, sigana gegedugna, siga nu keur barang tanya ka nu tumpak kuda.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x