Putri Anjungsari (29). Waktu Reureuh di Saung Ranggon, Putri Anjungsari Leungit Teu Pupuguh

- 16 Februari 2023, 05:30 WIB
/

DAUN seureuh, apu, jeung jambe, kitu deui bakona, kabéh sigana meunang milihan nu panghadéna. Wadah seupaheunana jeung tampolongna ogé nu biasa dipaké di karaton.

Pribumi nyahoeun kitu nu nyémah téh kulawarga karaton, ceuk Ranah di haténa, hanjakal pribumi awéwéna henteu maturan, mun maturan mah rek ditanyakeun.

Waktu keur jongjon nyeupah kadenge sora talapok kuda. Putri Anjungsari jeung Ranah bareng ngalieuk ka pakarangan imah.

Baca Juga: Karajaan Rajagaluh Jaman Prabu Cakraningrat Dipedar dina Babad Cirebon

Katempo, di jalan Olot Kaya, Rait, pribumi lalaki, jeung saurang lalaki sapantar jeung Béna leumpang bari narungtun kuda.

Disidik-sidik kudana lain kuda nu dipaké saméméhna, tapi kuda anyar jeung calangker.

Teu lila, Olot Kaya, Rait, pribumi anjog ka pakarang imah. Olot Kaya jeung pribumi mah arunggah ka tepas. Bena dibaturan ku Rait jeung ku lalaki nu sapantar mah ngarilikan kuda.

“Kabeneran, ituna bogaeun kuda nu kawilang aralus,” ceuk Olot Kaya ka Putri Anjungsari.

“Daékkeun ditukeurkeun?” Ranah nu nanya téh.

Baca Juga: Karajaan Ragaluh nu Diadegkeun ku Dewa Niskala, ceuk Kuncen Leuweung Prabu Siliwangi, Lain Dongeng

“Daékkeun, ngan kudu nambahan,” témbal Olot Kaya bari ngarongkong poci, caina dicicikeun kana cangkir, Leguk diinum.

“Kudana geus lindeuk?”

“Enya. Kuda nu geus biasa dipaké nyanyabaan.”

“Ning bogaeun kuda nu alus?”

“Teu tetelepek.”

“Sok nyadiakeun kuda jualeun, kabeneran kudana aya genep. Kateuing bawa ti mana. Teu apal daratangna,” ceuk pribumi mairan.

Baca Juga: Karajaan Rajagaluh Diadegkeun ku Dewa Niskala, Raja Manten di Karajaan Galuh

“Kami moal lila di dieu. Rék neruskeun lalampahan,” ceuk Olot Kaya.

“Har, moal meuting?” témbal pribumi bari mencrong Olot Kaya.

“Moal, kami kudu buru-buru tepi ka nu dituju.”

“Mani rurusuhan.”

“Karunya di ditu bisi deudeueupeun,” témbal Olot Kaya.

“Ari engké saré di mana? Geus burit kieu. Mun lalaki wungkul mah teu nanaeun,” ceuk pribumi siga nu mangmelangkeun.

Baca Juga: Karajaan Galuh jeung Karajaan Sunda Ngadeg Sabada Karajaan Tarumanagara Runtag

“Masing cawéné ogé geus biasa nyorang lalampahan peuting,” témbal Olot Kaya bari ngarérét ka Ranah.

“Nya atuh ari moal bisa diandeg mah,” ceuk pribumi.

Olot Kaya ngarérét kana seupaheun, kana wadahna, jeung kana tampolong. Tarangna rada ngariut.

“Dia boga seupaheun alus. Tempatna oge hade,” pokna.

Pribumi siga nu ngaranjug, malah bangun nu rampang-reumpeung. Laju ngalieuk ka Olot Kaya. Sakedapan papencrong-pencrong. Putri Anjungsari milu merhatikeun pribumi.

Olot Kaya ujug-ujug ngalieus kawas nu henteu kuateun nadah sorot panon pribumi. Ngarasa diperhatikeun ku Putri Anjungsari, pribumi ngarérét. Ngan karek sajorélat paadu panong jeung Putri Anjungsari, pribumi langsung tungkul.

Putri Anjungsari ngarénghap.

“Mun teu rusuh mah kami hayang meuting di dieu,” pokna make sora asli.

Baca Juga: Kawali Jadi Puseur Karajaan Sunda Galuh, Ngahiji jeung Karajaan Sunda Puseur Karajaan Pindah ka Pakuan

Pribumi unggut-unggutan bari angger tungkul.

Putri Anjungsari ngalieuk ka Olot Kaya nu keur molohok pédah Putri Anjungsari nyarita hayang ngéndong jeung nyaritana make sora asli.
Dirérét ku Putri Anjungsari, Olot Kaya surti. Putri Anjungsari ngajak sangkan kudu buru-buru amitan.

“Kami amitan. Kami kapaksa nolak pangangken dia,” ceuk Olot Kaya ka pribumi.

Pribumi ngalieuk ka Olot Kaya.

“Kami ngarti kana kaayaan nu keur disanghareupan ku andika,” ceuk pribumi. “Mangka ariatna di jalan.”

Putri Anjungsari cengkat, dituturkeun ku Ranah. Putri Anjungsari nincak golodog, Olot Kaya karék nangtung. Pribumi oge milu turun, sarta nangtung teu jauh tina golodog.

Béna jeung Rait masih memener sadel jeung tali eles kuda. Anu rék ditumpakan ku Putri Anjungsari mah dibebenerna téh teu cukup ku sakali. Kitu deui nu rék ditumpukan ku Ranah.

*

Baca Juga: Kawali, Puseur Karajaan Galuh Embaran ti Prasasti Kawali I jeung ti Carita Parahyangan

WANCI janari leutik, Putri Anjungsari nyarandé kana tihang saung ranggon nu teu jauh ti jalan. Gigireunana nangkarak Ranah, sirahna diganjel ku dua leungeunna.

Nyorang lalampahan sapeuting jeput, bari henteu ngaso lila, Putri Anjungsari jeung Ranah carapéeun. Kudu ngayonan hawa nu sakitu nyecepna, jeung ngayonan katunduh nu hésé disinglarna.

Olot Kaya, Béna jeung Rait mah rareureuhna handapeun saung ranggon. Kudana ditunda teu jauh ti saung ranggon. Elésna diaalaan heula, ambeh jongjon bisa nyaratu.

Rait mah nguat-nguatkeun manéh supaya henteu ngalenggut. Mun saré kébah saha nu nalingakeun kaayaan. Leuwih-leuwih geus jauh pisan ti Pakuan Pajajaran, rék asup ka wewengkon nu kungsi dipaké tapel wates Sunda jeung Galuh.

Keur jongjon rareureuh, kadenge rungkun saliara ngagorobas, malah siga saterusna sada nu lumpat ngajauhan. Kuda oge pating hariem jeung rada motah. Bena, Olot Kaya, nu keur sare ngorejat hudang.

Rait nu diuk bari lelenggutan satengah ngalindur luncat ngadeukeutan kuda. Tapi kuda geus henteu motah deui, ukur huluna nu oyag-oyagan.

Baca Juga: Arca Nandi nu Dianggap Arca Kalde, ceuk Legenda mah Jelmaan Sapi Gumarang, Menteri Pertanian Pananjung

Bari rada lulungu, Béna buru-buru naék kana saung ranggon. Barang tepi sakedapan mah colohok, lantaran nu keur ngagoler teh ukur Ranah. Putri Anjungsari teu kasampak.

Bena gigisik, bisi salah tetempoan. Panonna teu sirikna dibelel-belelkeun, tapi keukeuh nu keur nangkarak bengkang teh ukur Ranah nu gigireunna endong.

“Ranah, ka mana Putri Anjungsari,” ceuk Bena bari ngageubig-geubig awak Ranah.

Ranah ngorejat. Diuk. Alak-ilik ka gigireunana.

“Heu-euh nya. Ka mana Putri?” ceuk bari cengkat.

“Ih, ditanya kalah ka nanya,” ceuk Bena bari rarat-reret ka sabudeureun saung ranggon.

Ranah oge nangtung sarta sarua milu nempoan ka sakurilingeun saung ranggon. Tapi nu katempo ukur ngabelegbegna tatangkalan jeung rungkun saliara, kawantu tacan balebat-balebat acan. Ongkoh deuih keur poek bulan jeung langit keur ceudeum ku pihujaneun.

Baca Juga: Batu Kalde Tempat Disumarekeunana Prabu Linggawisesa, Pamingpin nu Kacida Mikanyaahna ka Rahayat

Bena jeung Ranah tarurun ti saung ranggon, nyampeurkeun Olot Kaya nu keur nangtung ngawaskeun ka lebah kuda diteundeun.

“Lot, Putri euweuh,” ceuk Bena haroshos.

“Euweuh?” Olot Kaya ngajenghok.

“Rumasa kami talobeh. Ngalenyap sakeudeung tadi teh,” tembal Ranah bari tungkul.

“Boa-boa…,” ceuk Olot Kaya teu kebat lantaran Rait ujug-ujug luncat ka hareupeunana.

“Lot, tadi sada aya ngagorobas, jeung sada aya nu lumpat,” ceuk Rait rada hariweusweus.

“Di deukeut kuda teu nempo Putri?” ceuk Olot Kaya.

“Henteu. Kumaha kitu?” Rait malik nanya.

“Putri euweuh,” tembal Olot Kaya.

“Baruk?” Rait kacida pisan reuwaseunana.

“Gancang teangan,” ceuk Olot Kaya.

Bena jeung Rait teu sirikna simeut ka gebah, laluncatan ka lebah kuda dicangcang. Rait mah terus lumpat muru lebah sora nu ngagorobas. Katempo rungkun saluara teh siga anu tas katincak.

“Aka, hayu susud,” ceuk Rait ka Bena,

Baca Juga: Batu Kalde di Pananjung Pangandaran, Titinggal Jaman Prasejarah jeung Jaman Sejarah

Bena gancang nyampeurkeun Rait. Rait nuduhkeun rungkun saliara anu parites. Ku duanana terus dipapay, dikira-kira anu luncat atawa nu lumpat teh ka lebah mana.

Katempo tapak nu leumpang beuki ngeureupan malah sigana leuwih ti saurang nu lumpatna teh. Bena jeung Rait gagancangan nuturkeun rungkun salira nu rarubuh tapak nu lumpat.

Tepi ka tegalan, sigana paranti ngangon, Bena jeung Rait culang-cileung. Leungiteun tapak. Duanan leumpang ngurilingan tegalan. Neangan deui tapak nu lumpat tapi weleh teu katimu.

Bane jeung Rait sajongjongan nangtung bari ngawas-ngawas kaayaan sakurilingeunana. Keur kitu ujug-ujug ngabelesat pangpung nu dilempagkeun ka lebah Rait.

Rait ngagiwar sarta leungeunna newak eta pangpung. Pangpung teh diilikan, geus kitu luncat ka lebah holna pangpung, dituturkeun ku Bena, ka beulah kaler.

Rada jauh ti sisi tegalan, katempo Putri Anjungsari keur nangtung nyanghareupan saurang lalaki nu keur ngadayagdag kana tangkal badag, beuheungna ngulapes siga nu kapaehan.

Meh bareng Bena jeung Rait luncat ka lebah Putri Anjungsari.

“Putri…,” ceuk Bena.

Putri Anjungsari ngareret.

“Panghudangkeun,” ceuk Putri Anjungsari bari nunjuk ka lalaki nu teu empes-empes teh.

“Tiwas?” ceuk Bena bari ngadeukeutan eta lalaki.

“Henteu. Kapiuhan sigana,” tembal Putri Anjungsari.

Baca Juga: Mataram Kungsi Sisirikan ka Banten, Pedah Raja Banten Dileler Gelar Sultan ku Raja Arab

Bena nyengkatkeun sirah eta lalaki. Diilikan. Budak katempona mah, umur welasan taun. Renghapna mah masih kadenge. Pigeulang leungeunan dirampa, keteg jantungna masih karasa. Taya nu tatu.

“Putri, ku naeun ieu lalaki téh?” ceuk Bena ngawani-wanikeun nanya.

“Kami tadi kadenge aya nu ngadeukeutan kuda. Ku kami disampeurkeun. Lumpat. Diudag. Bisi ngalawan ku kami diketig lebah puhu ceulina,” ceuk Putri Anjungsari ku sora mamalihan.

Bena teu nyarita deui. Ramona ngarampa kana handapeun puhu ceuli eta jajaka, rada didedetkeun sababaraha kali. Teu lila eta jajaka teh ngagurubug lilir.

Gancang ku Bena leungeuna dicekel pageuh pisan. Eta Jajaka rarat-rérét ka Bena, ka Rait jeung ka Putri Anjungsari. Paromanana siga nu reuwaseun, jeung siga nu tacan kumpul kabeh pangacianana.*** (Hanca)

Janari leutik: jam 2 peuting

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah