Putri Anjungsari (25), Pribumi nu Someah Hade ka Semah

- 12 Februari 2023, 05:30 WIB
/

HASAN ngusap beungeutna. Cengkat. Jrut turun. Kalantang-kulinting. Ngilikan gentong, bisi caina béak. Ngahaja nyadiakeun cai dina gentong sisi jalan téh, nyadiakeun keur inumeun nu lalar liwat.

Lain ukur dirina nu nyadiakeun cai dina gentong sisi jalan téh. Tatanggana nu imahna paaranggang ogé sarua nyadiakeun cai sisi jalan.

Réngsé nempo cai dina gentong, Hasan ka pipir, nempoan kuda nu sanggeus karaman kabur jadi nambahan dua.

Geus kitu cat deui unggah ka tepas. Ayeuna mah kekedengan, ngan henteu saré. Panonna neuteup lalangit imah. Asa hayang ngandeg urang Pajajaran, sina bumén-bumén di lemburna.

Nyingkahan panarajang urang Banten ulah ka tempat jauh, nyamuni di nu caang sarta teu jauh ti Pakuan Pajajaran. Ngan kawasna urang Pajajaran moal daékkeun, pengkuh kénéh ka sabda raja.

*

PANGAJAK dia, pangangkeun dia ku kami ditarima pisan. Hayang mah hayang terus cicing di dieu téh. Tapi kami teu wani baha kana pancén. Kami kudu tepi ka nu dituju kalawan salamet. Nya ari geus tepi ka nu dijugjug mah, ké dipikiran deui,” ceuk Olot Kaya.

Hasan unggut-unggutan. “Kami méméh pok ogé geus nyangka daria moal waka narima kana pangajak kami. Kami apal pisan kana pengkuhna daria kana pancén, kawas bapa kami,” pokna bari neuteup Olot Kaya.

Sakedepan taya nyarita deui. Harita wanci balebat. Putri Anjungsari, Ranah, Olot Kaya, Béna jeung Rait dariuk di patengahan. Réngsé mumuluk.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x