Putri Anjungsari (67), Di Sisi Leuweung Dipegat ku Opat Lalaki nu Samagreng ku Pakarang

26 Maret 2023, 03:00 WIB
Putri Anjungsari /

PUTRI Anjungsari, Bena, Rait kaluar ti warung, leumpang ka tempat kudana dicangcang. Kari kuda na nu  ditungguan ku tukang jaga teh, kuda sejenna geus euweuh.

Tukang kuda hideng nerapkeun tali eles.

“Kuda nu tadi di dieu ka mana?” ceuk Bena bari nampanan eles kuda.

“Nu bogana tadi di warung, mariang deui,” tembal tukang kuda.

“Anu limaan?” Rait nembrong.

“Enya.”

“Ka mana miangna?”

“Ka kaler,” ceuk tukang jaga kuda.

Memeh arindit, Rait ngeupeulan tukang jaga kuda. Atoheun pisan tukang jaga kuda teh, komo basa ngilikan duit perakna weuteuh keneh. Bari ngeupeul duit perak, panonna merhatikan Putri Anjungsari, Bena jeung  Rait nu mancal kana kudana sewing-sewangan. Sanggeus amitan, tiluanana ngenyed tali elesna.

“Ari tadi nu limaan saha?” ceuk tukang jaga kuda bari mencrong ka nu tarumpak kuda nu sanggeus di jalan jajahan kudana diberetekeun. Tukang jaga ngahuleng. Teu lila nyerengeh seuri bari unggut-unggutan. Leos ka pipir warung, ngelol kana panto tukang sarta cacarita sakeudeung jeung tukang warung.

Ti dinya  leumpang mapay jalan satapak nu dihapit ku tatangkalan jeung rungkun saliara. Teu lila, aya kuda nu ditegarkeun ti lebah jalan satapak. Kudana kaasup hade, sabanding jeung nu ditarumpakan ku Putri Anjungsari, Bena jeung Rait. Anu tumpakna make totopong warna biru. Kakalerkeun.

Kawantu dilumpatkeunana leuwih tarik, Putri Anjungsari, Bena jeung Rait kasusul.  Mimitina mah nu tiluanana raga kageteun aya nu nyusul teh. Tapi tiluanana satuluyna siga nu teu kapangaruhan. Kudana angger henteu pati ditegarkeun. Tarumpak kudana teh siga anu nyaralse, kawas nu keur ulin, ngider lembur.

Tiluanana disalip. Nu tumpak kuda ngareret bari seuri, terus leuwih ngalumpatkeun kudana tepi ka teu sababara lila teu katempo deui, dina tikungan, tungtung lembur.

“Aka, saha eta, nya? Bangun nu rusuh…,” ceuk Rait ka Bena sanggeus kudana rada deukeut kana kuda nu ditumpakan ku Bena.

“Teu nyaho,” tembal Bena.

“Moal kitu balad Carbon? Rek ngabejaan baturna, rek megat urang?” ceuk Rait deui.

“Nya kudu taki-taki,” tembal Bena.

Jalan geus kaluar ti pilemburan nu kawilang gegek. Ayeuna mah kenca katuhu jalan lolobana tatangkalan, jeung rungkun saliara, beulah ditueun huma, nu ngatapel wates jeung pasir ipis. Geus harieum beungeut, ciri geus maju ka peuting. Katempo lalay mimiti rabeng. Sora uir  nu ngadaplok dina tatangkalan patembalan 

Basa anjog ka sisi leuweung nu rembet keneh ku kakayon, katempo, saurang nu keur tumpak kuda keur diriung ku opat urang lalaki. Dina cangkeng ngagaplek bedog panjang. Kabehanana make totopong hideung. Tembong saurang ti nu opatan, sigana gegedugna, siga nu keur barang tanya ka nu tumpak kuda.

Putri Anjungsari ngeureunkeun kudana. Kitu deui Bena jeung Rait. Tiluanana nyarisi, ambeh teu katempoeun ku nu opatan.

“Keur naraeun, nya, Ka?” ceuk Rait ka Bena.

Bena teu ngawalon. Panonna manco kana keur ngariung nu tumpak kuda. Diperhatikeun ku Bena nu opatan teh siga nu lain rek ngarogahala, rek ngarampog upamana.  Malah nu opatan saterusna mere jalan ka nu tumpak kuda. Anu tumpak kuda neruskeun deui lalampahanana. Ari nu opatan laju narangtung sisi jalan.

“Kumaha, Putri?” ceuk Bena ka Putri Anjungsari.

Memeh ngajawab, Putri Anjungsari ngahuleng sakeudeung.

“Miang deui,” tembal Putri Anjungsari bari ngenyed tali eles kudana.

Bena jeung Rait oge ngenyed eles kudana sewing-sewangan. Tiluanana patutur, Rait panghareupna, Putri Anjungsari di tengah, ari Bena ti tukang. Kuda angger henteu dilumpatkeun teuing. Ngadenge sora kuda ngadeukeutan nu opatan curinghak, terus malencrong ka lebah datangna kuda, angger narangtung sisi jalan.

Basa geus deukeut ka nu opatan, Putri Anjungsari, Bena jeung Rait ngendorkeun lumpatna kuda. Ngaliwat ka nu opatan, tiluanana arunggeuk bari seuri. Nu opatan rengkuh, ngan siga nu teu wanieun neuteup ka Putri Anjungsari, anu dipencrongna teh Bena jeung Rait. Bena ngusapan beuheung kudana sabaraha balikan.

Anu siga pamanggulna seuri ka Bena. Bena ngacungkeun leungeun kencana. Panon nu opatan nuturkeun lumpat kuda nu ditumpakan ku Putri Anjungsari, Bena jeung Rait tepi ka tempona pisan. Sanggeus teu katempo deui gura-giru nu opatan laleumpang ka kulonkeun. Di tungtung leuweung, mengkol ka kenca, ka huma.

“Ka urang mah henteu megat,” ceuk Rait ka Bena.

“Meureun maranehna ngahaja megat nu tadi numpak kuda,” tembal Bena.

“Naha dipegat, nya?”

“Nya teu apal,” ceuk Bena.

“Keur naraeun make caricing di sisi leuweung wayah sareupna? Kawas wae karaman”

“Ngamankeun urang meureun,” tembal Bena bari seuri.***Nyambung

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler