Putri Anjungsari (31), Anjog ka Pameuntasan Citarum, Bena Lengiteun Laratan Putri Anjungsari

18 Februari 2023, 05:30 WIB
/

 

AKA jung wae ti heula. Uing nyusul,” ceuk Suba.

“Ludeung kitu?” tembal Bena bari panonna nuturkeun lumpatna kuda nu ditumpakan ku Putri Anjungsari.

“Uing geus biasa leumpang nanjak mudun. Unggal sore unggal isuk turun unggah pasir,” ceuk Suba.

“Na di mana dumuk?” Rait milu nanya.

“Di Winduraja, deukeut Situ Wangi, ngan ayeuna sok maturan aki di pasir Raksa Bumi?”

“Raksa Bumi?” Bena mencrong ka Suba.

“Enya. Kungsi ka ditu?”

“Encan. Ukur ngadenge. Ceuk beja bareto mah tempat dipeuseuhna calon raja.”

“Enya ceuk aki oge kitu.”

Bena malik ka Rait. “Aka ti heula, dia nyusul,” pokna bari ngareret ka Suba, malik deui ka Rait bari panonna keukeureuceuman.

“Engke panggih di mana?” ceuk Rait.

“Di warung. Teangan wae engke, ngan ulah nyurigakeun,” tembal Bena bari ngeyed eles kudana. Beretek kudana lumpat, mapay jalan nu mudun.

Rait ngalieuk ka Suba. ”Aka ti heula,” pokna.

Suba ukur seuri. Babatek laju ngalengkahkeun sukuna. Ku sabab mudun, Suba rada lumpat malah mah acleng-aclengan, ngan mindeng ngarandeg. Kuda nu ditumpakan ku Rait jeung Bena mah geus teu katempo.

Kungsi ngadenge kuda hihieman. Ngan diilikan teh taya nu numpak kuda, boh nu papaliwat boh nu ti tukang. Mindeng deuih kadenge sora nu ngorosok, ngan ku Suba dianggap sato nu kagebah.

Bena sanggeus jauh ti tempat tadi eureun, pangangguran nitenan jalan nu diliwatanana. Bena heraneun pisan sabab tapak anyar talapok kuda, tapak nu karek ngaliwat, henteu loba.

Diitung-itung teh ukur tapak dua kuda. Apan nu anyar ngaliwat ka ieu jalan mah tiluan, Putri Anjungsari, Ranah jeung Olot Kaya. Ka mana saurang deui?

Boa-boa Putri Anjungsari…..gerentes Bena. Kudana leuwih dilumpatkeun, bari angger sok nitenan kaayaan jalan. Beuki deukeut ka sisi walungan oge angger tapak anyar talapok kuda teh henteu leuwih ti dua.

Geus rek anjog ka sisi pameuntasan mah ku sabab tapak kudana loba Bena henteu bisa deui mastikeun sabaraha hiji kuda nu anyar ngaliwat.

Anjog ka sisi walungan pameuntasan, alatan geus sareupna henteu pati rame. Parahu dicarangcang di sisi walungan, lolobana karosong. Muatanana geus diakut ka pilemburan nu aya di pagunungan.

Sababarah hiji parahu muatanana teh daun tarum nu engkena dipake keur ngawarnaan kaen. Tangkal tarumna diparelakna di sapanjang wewengkon sisi walungan. Meureun eta sababna walunganana dingaranan Citarum.

Rakit ngajajar, tukang rakitna dariuk teu jauh ti sisi walungan. Di sisi walungan beulah ditu oge tembong sababaraha hiji rakit, ditambat dina darmaga.

Taya nu meuntas, meureun pedah geus sareupna, keur padumuk nu tadina kaereh ka Karajaan Galuh atawa ka Karajaan Sunda pantrang indit-inditan atawa ngalaksanakeun pagawéan. Sanggeus sareupna karek  migawe deui hancana masing-masing, sakalian sangkan henteu sare sore-sore.

Warung mah baruka keneh, masih keneh loba nu dariuk bari barangdahar. Bena neangan warung anu sakira dipake reureuh ku Putri Anjungsari, Ranah, jeung Olot Kaya. Tapi dipapay ka unggal warung weleh teu manggih tiluanana.

Antukna blus ka hiji warung anu rada jauh ti darmaga, warung nu pangahirna dipapay. Kudana ditunda di tempat anu geus disadiakeun ku tukang warung. Rada anggang, ngan tembong ti jero warung, sabot dadahar teh bisa bari ngawaskeun kuda.

“Sampurasun,” ceuk Bena bari asup ka jero warung.

“Rampes,” tembal tukang warung.

Ukur aya limaan nu keur dariuk di dinya teh, lalaki kabeh, keur ngalobrol uplek pisan, sakapeung mah ting baratak seuri. Bena diukna dina bangku nu masih kénéh kosong, nyanghareupan bale-bale nu dijieun tina awi.

Dina bale-bale ngajagrag kendi jeung bekong paranti nginum nu dijieun tina batok kalapa, aya oge nu dijieun tina ruas awi.

Tukang warung hideng nyodorkeun kadaharan. Aya nu diwadahan kana pipiti aya oge nu diwadahan kana piring nu dijieun tina kai.

Hiji di antarana, nu diawadahan kana piring kai teh siki paranjang laleutik numpuk jeung narapel, alasna diamparan daun cau, warnana bodas semu hawuk. Ku Bena ditelek-telek lantaran kakara manggih harita.

“Kejo,” ceuk tukang warung bari ngadeukeutkeun piring bieu ka lebah Bena.

“Dijieun tina naeun?” ceuk Bena panasaraneun.

“Tina pare. Ngeunah geura,” tembal tukang warung.

Bena ngarongkong piring kai. Anu barodas semu hawuk teh rek dicagap.

“Nyokotna dicomot. Sibanyo heula, ambeh teu narapel kana ramo,” ceuk tukang warung bari nyodorkeun batok kalapa, eusina cai herang.

Bena nurut kana omongan tukang warung. Sanggeus sibanyo nyomot kejo, am dihuapkeun, digayem bari dirarasakeun. Euweuh rasana.

“Kudu jeung deungeunna. Tah, aya lauk meunang meuleum jeung rendos cengek,” ceuk tukang warung deui, sanggeus sosodor mah ngaleos ka deukeut hawu.

Bena daharna mani ngalimed. Ponyoeun pisan. Keur lapar, heg manggih kadaharan nu anyar panggih, jeung rasana sakumaha ceuk tukang warung, ngeunah.

Sapiring metung siki barodas nu hipu teh sakoteap oge geus beak. Beuleum lauk nu  gedena tilu ramo beak dua. Cowet wadah rendos cengek oge tepi ka herang. 

Tukang warung nyampeurkeun deui.

“Nambah?” pokna.

Bena gideug.       

“Ki Silah, daharna tong nambah, tong seubeuh teuing,” ceuk saurang lalaki nu diukna teu pati jauh jeung Bena.

Bena ngalieuk. “Naha?” pokna bari seuri.

“Bisi keuna ku teluh?” ceuk eta lalaki deui.

“Piraku?” ceuk Bena rada reuwaseun.

“Dia mah aya wae-wae,” ceuk tukang warung ka lalaki tadi bari memeres urut dahar Bena. Wawadahana dibawa ka dapur, rek dikumbah.

“Seubeuh dahar kejo mah sok babari tunduh, ngalenggut, ker wae sare. Teluh kejo, ngaranna,” ceuk lalaki tadi ditungtungan ku seuri.

“Baruk?” ceuk Bena bari ngaleguk ciherang haneut.

Lalaki tadi nyampeurkeun Bena. “Karek ngasaan kejo?” pokna bari diuk gigireun Bena, rada anggang.

“Enya,” tembal Bena.

“Paingan atuh…. Dia rek ka mana?”

“Keur nyaba. Rek ka kaler.”

“Asal ti mana?”

“Ti kulon,”

“Sorangan?”

“Kajeueungna jeung saha?”

“Dia asup ka warung mah sorangan,” tembal eta lalaki bari luak-lieuk. “Arek neruskeun lalampahan atawa rek ngendong di dieu? Geus burit.” 

“Kumaha engke wae. Kami rek reureuh heula. Ari dia rek ka mana?”

“Kami tas iang tarum,” ceuk eta lalaki bari nangtung. “Kami nempo heula parahu,” pokna. Leos ka luar, ngajugjug parahu nu ditambat di sisi walungan.

Panon Bena nuturkeun eta lalaki. Pikiranna mah kumalayang ka Putri Anjungsari, Ranah jeung ka Olot Kaya. Make jalan mana? Ka mana heula? Dipapay di unggal warung euweuh.

Rait mah can datang oge kaharti, lantaran sina nalingakeun Suba nu leumpang bari jeung ulah kanyahoan. Sagancangna leumpang moal bisa mapakan lumpatna kuda.

Pikiran ngacacang ka mana-mana, Bena teu karasaeun ngalenggut, panonna karasa beurat rek beunta teh, heuay merelek.

Ongkoh deui meunang sababaraha poe kurang wae sare, sarena ukur sakerejep-sakerejep, jeung mun kudu meuting di jalan, kabagean reureuh oge tara jongjongeun, meus-meus ngagorejag.

Rasa tanggung jawabna gede keur ngajaga Putri Anjungsari, najan aya Rait, Olot Kaya jeung Ranah nu dina bela dirina hese tandingna.

Kahayangna mah ngagoler, meureun sare teh tibra, ngaguher. Ngan apan ka warungna lain rek reureuh. Najan tunduh oge Bena maksakeun cengkat. Tukang warung  nyampeurkeun.

Bena nyodorkeun perak nu masih keneh herang boborelakan. Tukang warung oge tepi ka rada colohok, kageteun Bena bogaeun perak nu aralus keneh. Sanggeus ditampanan teh dialak-ilik heula.

“Utang-itungna engke wae. Sakalian keur parab kuda, pangmarabkeun,” ceuk Bena, “Kami rek leuleumpangan heula.”

“Arek meuting di dieu?” ceuk tukang warung.

“Kumaha engke wae,” tembal Bena.

“Mun rek meuting diajangkeun tempatna.”

“Ah, tong teuing. Kami sare mah di mana wae ogé bisa. Nu penting tunduh,” ceuk Bena bari seuri. Leos kaluar.

Wanci geus reupreupan. Di hareupeun unggal warung oncor geus ngagebur, caangna asup ka jero warung. Bena leuleumpangan deui bari sakalian nempoan warung jeung tempat  neundeun kuda.

Tapi weleh teu manggih kuda nu ditumpakan ku Putri Anjungsari, Ranah jeung Olot Kaya. Atuh di jero warung teu nempo Putri Anjungsari, Ranah atawa Olot Kaya.

“Ka marana? Rait oge teu embol-embol deuih,” ceuk Bena ngagerentes dina jero hatena. Leumpangna ayeuna mah muru ka darmaga tempat rakit dicangcang. Katempo tukang rakitna, duaan, keur ngalobrol.

Nempo aya nyampeurkeun, tukang rakit ngaralieuk, laju nangtung.

“Arek meuntas?” ceuk salahsaurang tukang rakit basa Bena geus deukeut.

“Moal waka,” tembal Bena bari diuk dina bangku nu dijieun tina awi.

“Aya nu didagoan?” ceuk tukang parahu bari dieuk deui.

“Henteu, arek reureuh heula.”

“Arek meuting di dieu?”

“Kateuing kumaha engke wae,” tembal Bena.

“Katempona mah dia siga anu keur bingung,” ceuk tukang rakit bari mencrong Bena.

Ngadenge omongan tukang rakit kitu, Bena ukur seuri.

“Bakating ku cape wae,” tembal Bena bari mencrong ka na cai walungan anu lebah dinya mah henteu tarik ngalirna.

“Atuh reureuh heula, tong neruskeun lalampahan,” ceuk tukang rakit. “Aeh, arek ka mana dia?”*** (Hanca)

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler