Nyinglar Balai, 18 Warga Désa Margabakti Kuningan Ngungsi

- 12 April 2024, 00:12 WIB
Warga Desa Margabakti ngungsi, nyinglar balai tina musibat alam
Warga Desa Margabakti ngungsi, nyinglar balai tina musibat alam /Pemdés Margabakti/

GALURA-18 jiwa warga di Desa Margabakti, Kecamatan Kadugedé, Kabupaten Kuningan, kapaksa kudu ngungsi.

Kituna téh tarékah pikeun nyingkahan balai, alatan aya kajadian musibat alam lemah neundeut atawa anu disebut pergerakan tanah téa.

Kajadianna téh Kemis, 11 April 2024, kira tabuh 20.00 WIB. 

Kepala Désa Margabakti, Asep nyebutkeun aya 18 jiwa atawa 5 umpi warga di daérahna anu kiwari ngungsi.

Ceuk Asep, ngungsina téh ka imah tatanggana jeung dulurna, di lokasi anu dianggap aman.

Nyatana kulawarga Afin (36),
Sahidi (45), Sahrim (40), Umar (35), jeung Juhana (35), warga di RT 6 RW 7 Dusun Kaliwon.

"Luyu sareng arahan ti BPBD Kuningan, anu dipayunkeun téh ngamankeun heula warga, kanggo nyinglar hal anu teu diharepkeun" ceuk Asep.

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x