GERAK Majalengka: Ditahanna INA Diduga Aya Muatan Kapentingan Pulitik

- 1 April 2024, 03:00 WIB
Koordinator GERAK Majalengka
Koordinator GERAK Majalengka /Ayank/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID - Kejaksaan Tinggi (Kejati) Jawa Barat  nahan AN jeung INA dina dugaan kasus proyek Pasar Cigasong, Majalengka.

Koordinator relawan GERAK, Ari Sobari, S.E., nyebutkeun, ditahanna INA  diduga kuat ngandung muatan kapentingan pulitik. Dina kituna Kejati kudu wani nahan jelema anu disebut-sebut AN ngaliwatan kuasa hukumna.

"Mun disebutkeun ditahanna INA teu ditunggangan alatan unsur pulitik,  Kejaksaan Tinggi kedah wantun saenggalna nahan M katut marios E kana dugaan gratifikasi anu ngalir ka anjeunna," ceuk Ari.

Baca Juga: Pj Bupati Majalengka Masrahkeun Sertifikat Tanah Program PTSL keur 2.900 Warga Kecamatan Malausma

Munculna ngaran E jeung M dina kasus pasar Cigasong kaluar tina pangakuan AN nalika dilaksanakeun pamariksaan ku tim penyidik Kejati Jabar, Salasa, (19/3/24).

Hal eta saperti disebutkeun kuasa hukum AN, Dede Kusnandar, sarengsena klienna eta dipariksa tim penyidik Kejati Jabar salila kurang leuwih dalapan jam jeung langsung ditahan.

Disebutkeun Kuasa Hukum AN, rengse meunang lelang, aya inisiatif ti PT PGA masrahkeun sajumlah duit ka Pemda jeung INA.

"Kangge ka Pemda (Bupati) oge kangge Pa INA, (pamasihan ti PT) ditolak," tegas Dede Kusnadar.

INA ditetepkeun jadi tersangka jeung ditahan Kejati Jabar, Salasa, 26 Maret 2024.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x