Ku TPS3R Bupati Miharep ka Hareupna Kabupaten Bandung Teu Merlukeun TPA

- 11 Maret 2024, 05:30 WIB
Bupati Bandung ngalaunching program pangurangan jeung pangolahan runtah ti mimiti desa kelurahan, di Kelurahan Rancaekek Kencana, Kecamatan Rancaekek Kabupaten Bandung, Ahad, 10 Maret 2024.
Bupati Bandung ngalaunching program pangurangan jeung pangolahan runtah ti mimiti desa kelurahan, di Kelurahan Rancaekek Kencana, Kecamatan Rancaekek Kabupaten Bandung, Ahad, 10 Maret 2024. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID- Pemerintah Kabupaten Bandung ngalaunching program pangurangan jeung pangolahan runtah ti mimiti desa kelurahan, di Kelurahan Rancaekek Kencana, Kecamatan Rancaekek Kabupaten Bandung, Ahad, 10 Maret 2024.

Dibarengan Bunda Bedas, Emma Dety, Dadang Supriatna ngaresmikeun kawasan minimasi runtah, merenahkeu batu munggaran Tempat Pengolahan Sampah Reduce Reuse Recycle (TPS3R) jeung miangkeun gowes pilah runtah di Kelurahan Rancaekek Kencana.

Sarèngsèna, Bupati Bandung jeung Bunda Bedas ngaedukasi masarakat patali pangolahan runtah organik sèsa kadaharan nu diasupkeun kana lubang cerdas organik (LCO).

Baca Juga: Ratusan APK  Ngahunyud Jadi Runtah di Palataran Kantor Kecamatan Margahayu

Aub kana ieu kagiatan,  Kepala Dinas Pekerjaan Umum dan Tata Ruang (DPUTR) Kabupaten Bandung, Zeis Zultaqawa, Kepala Disperkintan Kabupaten Bandung, Wahyudin, jeung Camat Rancaekek, Diar Hadi Gusdinar.

Dadang Supriatna nètèlakeun, 'Gowes Pilah Sampah' teh tarèkah  DPUTR Kabupaten pikeun ngawanohkeun ka masarakat Kabupaten Bandung ngeunaan ngokolakeun sampah.

Dadang Surpiatna miharep ku program pentahelix sakum pihak sangkan bisa kontribusi tur partisipasi tepi ka urusan runtah bisa rèngsè ti sumberna.

"Dipiharep dua taun ka payun teu meryogikeun deui Tempat Pembuangan Akhir Sampah (TPA). Diwangun TPS3R di masing-masing kecamatan, di masing-masing desa, kelurahan. Engkena pasualan runtah tiasa rèngsè i," ceuk Bupati Bandung.

Ceuk Dadang Supriatna, Pemkab Bandung geus rukun gawè jeung pausahaan-pausahaan nu aya di Kabupaten Bandung keur ngungkulan runtah , nyaèta bakal merlukeun RDF (Refuse Derived Fuel).

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x