Warga Desa Mekarrahayu Kabupaten Bandung Butuh Cator Sangkan Gancang Ngakut Runtah

- 3 November 2023, 19:34 WIB
Caleg DPR RI Siti Tuti Susilawati Sania bulusukan ka lembur Sawahlega Desa Cinanggelan Pacet Kabupatem Bandung narima bangbaluh warga.
Caleg DPR RI Siti Tuti Susilawati Sania bulusukan ka lembur Sawahlega Desa Cinanggelan Pacet Kabupatem Bandung narima bangbaluh warga. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Ayana Tempat Pengolahan Sampah Terpadu (TPST) Oxbow Cicukang, mangpaat pisan pikeun warga Desa Mekarrahayu Kecamatan Margaasih Kabupaten Bandung, sabab teu susah nyiar tempat miceun runtah.

Kituna ditètèlakeun ku Kepala Desa Mekarrahayu, H. Iip Syaripulloh dina lolongkrang Sosialisasi Optimalisasi Kinerja Oprasional TPST Cicukang Oxbow nu digelar ku Dinas Lingkungan Hidup kabupaten Bandung di Aula desa Mekarrahayu, Kamis, 2 Nopember 2023.

TPST Cicukang Oxbow bisa nampung 20, 20 ton runtah. Ngan, numutkeun Iip Syaripulloh, aya hahalang kana gancangna ngakut runtah ti imah warga, alatan loba gang paranjang. Ku kituna , ngawakilan masarajat H. Iip miharep aya bantuan beca motor (cator).

Baca Juga: Lèngkah DLH Samèmèh TPST Oxbow Cicukang Mekarrahayu Disèrènkeun ka Pemda Bandung

"Di Desa Mekarrahayu aya 28 RW sareng 177 RT, seueur bumi lebet gang, janten upami patugas nu nyandak runtah ti bumi warga peryogi aya cator supados enggal, " ceuk H. Iip.

Salila ieu ngakut runtah teu bisa gancang, lantaran, ceuk H. Iip ku cara armada mobil roda 4 nungguan di sisi jalan, patugas ngangkut runtah kudu leumpang mapay gang. "Ieu meryogikeun waktu lami, ku margi runtah dipanggul, sareng teu cekap sabalèn atanapi dua balèn, " ceuk H. Iip.

Sakurangna, ceuk H. Iip aya 4 cator jang 28 RW. "Cator-cator lebet ka gang, mobil bak roda 4 ngantos di jalan. Janten mung sabalèn ngangkut runtah di gang, " pokna. *** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x