H. Wisma Lesmana Indra Sadewa Nataharkeun Program Unggulan jeung Kelas Smater

- 12 Februari 2024, 11:20 WIB
 Drs. H. Wisma Lesmana Indra Sadewa, M.MPd., M.Si., SH., Ph.D.
Drs. H. Wisma Lesmana Indra Sadewa, M.MPd., M.Si., SH., Ph.D. /Cecep KS/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Kurikulum Merdeka mawa parobahan kana cara ngajar jeung diajar. Can kabéh sakola mampu ngigelan eta program. Tapi, keur Pupuhu SMA Pasundan 3 Kota Bandung, Drs. H. Wisma Lesmana Indra Sadewa, M.MPd., M.Si., SH., Ph.D., di rohangan gawéna, Saptu (03/02/2024) wakca balaka ka Galura, parobahan téh geus jadi pameredih zaman, najan kumaha wae rupana.

Patali jeung dilarapkeunana Kurikulum Merdeka, pas timu kana pasualan pendidikan nu remen karandapan ku sakumna lembaga pendidikan. Haji Nena, kitu nénéhna, dina cara ngungkulanna boga cara nu mandiri. Sangkan diajar téh pikaresepeun ka murid, pikabungaheun ka guru.

Teu ngabibisani, ceuk Haji Nena, yén bangbaluh Kurikulum Merdeka nu karasa ku guru téh perkara nambahan pagawéan. Lantaran kudu ngabiasakeun ngamangpaatkeun pakakas digital dina ngalarapkeun cara diajar interaktif.

Baca Juga: SMA Pasundan 3 Kota Bandung, Prestasi Akademik jeung Olahragana Nyongcolang

Tangtu nu gejed mah asa pakojot antara ngalaksanakeun kawajiban jeung diajar deui kana hal-hal jaman kakiwarian. “Prinsip Ki Hadjar Dewantara mah sadayana téh guru. Jadi, teu kudu ngarasa éra papada diajar deui. Da dina mangsa kiwari mah, guru kudu motékar,” pokna.

Kurikulum Merdeka, ceuk Haji Nena, meredih guru kreatif jeung binekas dina matéakeun pembelajaran ngaliwatan teknologi digitalisasi nu udaganana keur ngaronjatkeun kualitas pendidikan. Matakna, ceuk ieu Kepala manten SMK Pasundan 2 jeung SMK Pasundan 4 Kota Bandung, eungeuh kana kamajuan jaman, proses pembelajaran di ieu sakola kiwari ngagunakeun platform aplikasi digital.

“Proses pembelajaran jadi leuwih interaktif, gampang diakses ku sakumna siswa, digitalisasi jadi beunghar ku materi pembelajaran nu narik minat siswa didik,” pokna.

Ngan, sakumaha udagan mapakan jaman era revolusi industri 4.0, metoda pangajaran konvensional, ku Haji Nena teu dileungitkeun. “Metoda tatap muka penting, moal bisa diropéa ku model pembelajaran nu kumaha gé,” cenah.

Baca Juga: Dr. H. Dadang Mulyana, M.Si, Ketua YPDM Pasundan: Kuciwa Guru PPPK Teu Balik Deui

Ngan, ku ieu nonoman Majalengka nu gumelar 04 Oktober 1964, mapakan digitalisasi pendidikan pembelajaran di sakola, sakumna guru kudu ngawasa TIK keur ngaronjatkeun kompetensina. “Apan program digitalisasi pendidikan, guru pisan nu nangtukeun hasil jeung henteuna, program pendidikan nu diunggulkeun.”

Dijungjung jadi Pupuhu di ieu sakola, kalawan mupujuhkeun konsep pembelajaran ku cara digitalilasi, témbong hasilna, tatalépa pabéja-béja tepi ka émpér-émpér. Warga masarakat di sabudeureun sakola ngarasa reueus, ngabagéakeun nguniangna deui kualitas pendidikan di ieu sakola nu leubeut ku prestasi seni jeung olahraga téh.

Teu ngabibisani, PPDB taun ajaran 2022-2023 nu kalarung, siswa anyar nu daftar di kelas X, ngahontal 12 kelaseun. Kumaha ketak PPDB keur taun ajaran 2024-2025?. Gepyak, carogé Dra. Yani Rahmawiani, M.Si. ngajawab, moal jauh sarua kawas taun kamari, diséngsarkeun keur 12 rohangan keur siswa anyar. Fasilitas Laboratorium MIPA jeung Komputer, Perpustakaan, sarana olahraga, masjid, kantin, jeung sarana séjén nu diperlukeun siswa jeung guru, diwedelan, dieuyeuban.

Atuh, kasangtukang hirupna nu sarwa prihatin mangsa keur budak di lemburna, mingkin ngandelan jiwa sosial Haji Nena nu ngahontal gelar Ph.D. ti hiji paguron luhur di Malaysia, ngalahirkeun program Kelas Smater atawa Kelas Jarak Jauh.

Baca Juga: SMA Pasundan 7 Kota Bandung jeung SMA Pasundan 3 Kota Cimahi, Sakola Unggulan jeung Nyiptakeun Atlit Petingan

Éta Kelas Smater diancokeun keur para santri nu keur tolabul ilmu di sawatara pasantrén. “Para santri gé boga hak nu sarua, pikeun diajar di sakola umum, potensina kudu mekar ulah kasengker ku sual biaya, ku sim kuring digratiskeun biaya pendidikanna,” pokna

Saban sakola nu kungsi dipingpin ku ieu anak kolong téh, sakumna kulawedetna teu weléh ngarasa kaleungitan. Ana ditanyakeun, konsep kapamingpinanana, inyana leuwih kana nyiptakeun manajemen kolaborasi antara warga sakola, ti mimiti pupuhu, guru, jeung karyawan tepi ka siswa, sarindek-saigel babarengan ngawangun kamajuan sakola, henteu aing-aingan.

Nyarita préstasi akademik jeung lulusan SMA Pasundan 3 Kota Bandung, loba nu geus maranggung di tingkat dayeuh tepi ka tingkat nasional. Atuh, saban taun lulusan téh aya nu ditarima di sawatara PTN, jalur Seleksi Nasional Berdasarkan Prestasi (SNBP), jalur Seleksi Nasional Berdasarkan Tes (SNBT), jeung jalur mandiri.

“Alhamdulillah, muji syukur ka Nu Ngersakeun, pendidikan di ieu sakola aya tapakna. Nu teu katarima di PTN, neruskeun ka PTS, di antarana di Universitas Pasundan, aya ogé nu terus hirup macakal jadi wiraswasta atawa digawé di pausahaan,” pokna.

Haji Nena kasinugrahan dua budak. “Nu saurang jadi dokter gigi, lulusan Unpad, ngaranna drg Ratih Sri Noviani. Nu saurang deui, insinyur, lulusan ITB, ngaranna Ir. M. Pringadi Lesmana Putra. Geus digarawe. Geus mere incu. Balik ti sakola tara ka mana-mana, ngurus incu bae,” pokna bungah.

Anu pasti, Haji Nena taya reureuhna ngajurung para guru neruskeun studina, keur mapakan pameredih jaman jeung keur nyumponan tungtutan profésina. “Jadi guru kudu tangguh jeung profésional, tahan banting, kuat méntal, beunghar ku ide jeung inovatif, kréatif mandiri,” pokna.***  Cécép Ks.

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x