Dr. H. Irfan Nur Alam, SH, MH Kapilih Jadi Ketua Dewan KORPRI Kabupaten Majalengka Periode 2023 - 2028

- 7 Desember 2023, 10:30 WIB
Kepala BKPSDM Kabupaten Majalengka, Dr. H. Irfan Nur Alam, SH, MH mupuhuan kandaga KORPRI Kabupaten  Majalengka periode 2023 - 2028.
Kepala BKPSDM Kabupaten Majalengka, Dr. H. Irfan Nur Alam, SH, MH mupuhuan kandaga KORPRI Kabupaten Majalengka periode 2023 - 2028. /Ayank Sambara/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Dewan Pengurus Korps Pegawai Republik Indonesia (KORPRI) Kabupaten Majalengka ngagelar Musyawarah Kabupaten (Muskab), tempatna di Fitra Hotel Majalengka, Rebo ( 06/12/2023).

Agenda Muskab: milih jeung netepkeun Ketua jeung Dewan Pengurus (DP) KORPRI Kabupaten Majalengka periode 2023-2028 sakaligus netepkeun program kerja KORPRI masa bhakti 2023-2028.

Kagiatan dibuka langsung ku Bupati Majalengka Dr. H. Karna Sobahi, M. M.Pd, diluuhan ku Sekda Kabupaten Majalengka, wawakil KORPRI Jawa Barat, ketua unit KORPRI Perangkat Dinas jeung kecamatan nu aya di Kabupaten Majalengka.

Baca Juga: Disdik Majalengka Masrahkeun Hadiah keur Siswa Juara FTBI Jawa Barat, nu Narimana Diwakilan ku Guruna

Bupati Majalengka nyebutkeun panyalagraan Muskab dipiharep ngahasilkeun sababaraha kaputusan nu mangpaat luyu jeung tujuan Muskab KORPRI.

"Tujuanna: ngaronjtkeun profesionalisme KORPRI, tiasa nangtayungan sareng ngaraharjakeun anggota sarta tiasa janten tauladan oge role model kangge ASN. Janten standardna kedah langkung dironjatkeun,”ceuk Bupati Majalengka.

Luyu jeung agenda Muskab, ceuk Bupati Majalengka, sababaraha kakurangan nu aya bisa dihadean. Satuluyna jadi bahan evaluasi dina rumusan program kerja pikeun lima taun kahareup.

"Susun program kerja nu tiasa ngungkulan satiap pasualan dina kapengurusan samemehna oge ngawaler tangtangan kapayunna dina ngawujudkeun peran KORPRI," ceuk Bupati Majalengka.

Baca Juga: Hari Guru Nasional, Bupati Majalengka: Salila 5 Taun 1.324 Ruang Kelas Dibangun

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x