Hari Guru Nasional, Bupati Majalengka: Salila 5 Taun 1.324 Ruang Kelas Dibangun

- 30 November 2023, 07:06 WIB
Bupati Majalengka masrahkeun tanda pangajèn ka guru nu mibanda prestasi.
Bupati Majalengka masrahkeun tanda pangajèn ka guru nu mibanda prestasi. /Ayank R Sambara/galura.co.id

GALURA.CO.ID  -Pamarentah Kabupaten Majalengka lebah dieu Dinas Pendidikan (Disdik) Kabupaten Majalengka mieling Hari Guru Nasional (HGN ) jeung Persatuan Guru Republik Indonesia (PGRI ) ka-78 Taun 2023 ngalaksanakeun upacara nu dipingpin ku Bupati Dr. H. Karna Sobahi, M.M.Pd , tempatna di lapang GGM Majalengka, Saptu (25/11/2023 ).

Hadir dina eta kasempetan, Wakil Bupati, Sekda , Ketua DPRD Majalengka, Forkopimda, Ketua PGRI, sakumna staf ahli, sakumna asiten, sakumna kepala OPD, camat katut ondangan lianna.

Rebuan guru ti 26 kecamatan di Kabupaten Majalengka hadir minuhan lapangan GGM. Marake salendang Palestina minangka wujud solidaritas keur warga Palestina sakaligus penggalangan dana keur disumbangkeun ka Palestina.

Baca Juga: Pokalna Maya Berlin. SMPN 1 Majalengka Milmkeum Kaarifan Lokal

Bupati Majalengka, netelakeun taun ieu taun panungtungan pikeun jadi bupati jeung wakil bupati ngareuah-reuah Hari Guru Nasional jeung mieling HUT PGRI ka-78.

"Margi 19 Desember 2023 dinten panungtungan simkuring sareng Pa Tarsino ngajabat bupati sareng wakil bupati taun 2019 - 2023," ceuk Karna Sobahi.

"Hal ieu ngajantenkeun sim kuring duaan ngaraos bersyukur kahadirat Allah SWT. Oge ngahatur nuhunkeun ka sadaya guru nu tos janten tulang punggung dina ngawangun pendidikan di Kabupaten Majalengka," ceuk Bupati Karna.

"Simkuring yakin tur optimistis  Kabupaten Majalengka bakal ngajanggelek janten Kabupaten Pendidikan," ceuk Bupati.

Ngabangun ruang kelas

Sanajan 5 taun dina mingpin Majalengka, saparona  ngungkulan pandemi Covid -19, Bupati  jeung rengrenganana  mampuh ngawujudkeun komitmen politik anggaran pikeun ngawangun pendidikan di Kabupaten Majalengka.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x