Ngahaleuangkeu Dua Lagu Sania Ngahipnotis nu Ngaluuhan HUT ka 45 FKPPI Jabar di Gedung Sate

- 12 November 2023, 19:34 WIB
Sania Siti Tuti Susilawati jadi bintang tamu acara milangkala ka 45 FKPPI di palataran Gedong Sate, Ahad, 12 November 2023.
Sania Siti Tuti Susilawati jadi bintang tamu acara milangkala ka 45 FKPPI di palataran Gedong Sate, Ahad, 12 November 2023. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Penyanyi Siti Tuti Susilawati, nenehna Sania jadi bintang tamu dina acara Milangkala ka 45 Forum Komunikasi Putra Putri Purnawirawan dan Putra Putri TNI-Polri (FKPPI) Provinsi Jawa Barat di palataran Gedung Sate, Jalan Dipenogoro Kota Bandung, Ahad, 12 November 2023.

Dina ieu acara Sania ngahaleuangkeun dua lagu nu kungsi hit dina mangsana: "Cintai Aku Lagi " jeung "Santai Saja" mampuh ngahipnotis ratusan nu lalajo jeung pamilon senam aerobik di palataran Gedong Satè. Anu lalajo milu ngahaleuang jeung rèrèngkènèkan marengan Sania.

"Simkuring minton di dieu nyumponan pangulem FKPPI. Alhamdulillah dibagèakeun paonongton luar biasa. Aranjeunna emuteun kènèg lagu simkuring di era 90-an, " ceuk Sania satutas manggung.

Baca Juga: Tumorojog ka Victory Waterpark Sadu Kabupaten Bandung, Caleg DPR RI Sania Siti Tuti Susilawati Dipalotret

Sania ngaku ngarasa gumbira loba kènèh nu ingeteun ka dirina. Basa ngaronghèap jeung ninggalkeun èta patempatan pada ngarurubung marènta diparoto bareng.

"Luar biasa ngabagèakeunana para panongton. Simkuring ogè ngawilujengkeun ka FKPPI nu milangkala ka 45. Mugia FKPPI langkung nanjung, " pokna.

Ketua Keluarga Besar FKPPI Jawa Barat Dadang Rahmat Hidayat nyebutkeun, kagiataan ngareuah-reuah milangkala ka 45 FKPPI di palataran Gedung Sate dieusi ku hiburan, sepedah santai, senam, lomba ngagambar pikeun barudak, bakti sosial donor darah, jeung nu sèjènna.

"Tujuanana kanggo langkung mageuhan tatali silaturahmi papada anggota FKPPI ti saban daerah, sareng langkung ngawanohkeun FKPPI ka masarakat, " ceuk Dadang.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x