Teu Waè ku Propinsi Jambatan Roda Dua Rancamanyar Antukna Dibangun tina APBD Kabupaten Bandung Rp7,5 Milyar

- 11 Oktober 2023, 08:23 WIB
Bupati Bandung  Dadang Supriatna  mernahkeun batu munggaran dimimitianana  ngawangun jambatan roda dua Rancamanyar  di Kampung Cilebak Desa Rancamanyar Kecamatan Baleendah Kabupaten Bandung, Salasa (10/10/2023).
Bupati Bandung Dadang Supriatna mernahkeun batu munggaran dimimitianana ngawangun jambatan roda dua Rancamanyar di Kampung Cilebak Desa Rancamanyar Kecamatan Baleendah Kabupaten Bandung, Salasa (10/10/2023). /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID- Sakuduna ngawangun sasak (jembatan) roda dua (husus keur motor) di Rancamanyar teh ku Pamarèntah Provinsi Jawa Barat. Ngan ku lantaran  warga kacida pisan perlu ayana jambatan alternatif anyar, nya Pamarèntah Kabupaten Bandung gancang ngawujudkeun sasak bieu ngagunakeun APBD taun 2023 Rp 7,5 Miliar.

Ieu tèh ditepikeun Bupati Bandung Dadang Supriatna dina acara mernahkeun batu munggaran dimimitianana ngabangun sasak roda dua Rancamanyar di Kampung Cilebak Desa Rancamanyar Kecamatan Baleendah, Kabupaten Bandung, Salasa (10/10/2023).

Ceuk Bupati Bandung, pihakna geus mindeng ngajukeun ka Balai Besar Wilayag Sungai (BBWS) sangkan sagancangna dibangun jambatan anyar di Rancamanyar. Teu aya waè lajuning ketakna, ceuk babasanana mah geus lieuk beuheung sosonggeteun.

Baca Juga: Tilu Desa di Kecamatan Kutawaringin Kabupaten Bandung Walurat Cai Beresih

Ari warga  kacida merlukeun jalan alternatif keur ngurangan macetna patalimarga nu beuki dieu beuki parna. "Nya ti dinya simkuring nugaskeun Kadis PUTR pikeun saenggalna nganggarkeun dina APBD taun 2023 (keur ngabangun jambatan dua Rancamanyar)," pokna.

Waragad pangwangunan sasak  kana Rp7,5 milyar. Bupati Bandung miharep
bisa sagancangna rèngsè katut kualitasna hade. "Simkuring miharep ka pihak pelaksana pagawèanana luyu jeung timeline nu tos dipanujuan. Punten dijagi ieu kaperyogian masarakat," pokna.

Bupati ogè ngusulkeun deui ka pihak Pemprov Jabar, sangkan dibangun jambatan roda opat di Rancamanyar, jeung jambatan Dayeuhkolot. Ceuk Dadang pihakna geus ngajukeun surat.

"Nuju dikonsultasikeun, kumargi kawenanganana aya di Pemprov. Simkuring badè nyobiaan nyorong terus ngalangkungan Dana Alokasi Khusus (DAK), kumargi duanana meryogikeun anggarana nu kalebet ageung," ceuk Dadang.

Marengan Bupati Bandung, Kepala Dinas PUTR Zeis Zultaqawa nyebutkeun  proyek jambatan roda dua teh solusi pikeun masarakat Kabupaten Bandung, lantaran danget ieu Rancamanyar kakoncara  ku macetna.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x