Tilu Desa di Kecamatan Kutawaringin Kabupaten Bandung Walurat Cai Beresih

- 11 Oktober 2023, 07:00 WIB
Lahan tatanen di Kecamatan Kutawaringin Kabupaten Bandung teu bisa dipolah alatan tigerat ku cai. Warga Oge walurat ku cai beresih.
Lahan tatanen di Kecamatan Kutawaringin Kabupaten Bandung teu bisa dipolah alatan tigerat ku cai. Warga Oge walurat ku cai beresih. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Warga di tilu desa ti 11 desa di Kecamatan Kutawaringin, Kabupaten Bandung mimiti walurat ku cai beresih. Warga ngajukan bantuan dikirim cai beresih.

Salian ti kakurangan cai beresih, warga teu bisa molah lahan tatanenna. Atuh ratusan heltare lahan tatanen, lolobana sawah, teu bisa digarap.
Camat Kutawaringin, Asep Ruswandi nyebutkeun tilu desa keuna balukar halodo tèh: Desa Jelegong, Desa Padasuka jeung Desa Buninagara.

"Tilu desa bieu kamari tos dikirim cai beresih. Simkuring saparakanca ngajengkeun bantuan cai beresih ka BPBD (Badan Penanggulangan Bencana Daerah), " ceuk Asep di kantorna, Salasa (10/12023).

Baca Juga: Di Lembur Siluman Rawa Onom Kota Banjar Lahir Wayang Geugeus, tina Kaarifan Lokal

Halodo, ceuk Asep, balukarna tumiba ka para patani di Kecamatan Kutawaringin. Arinyana geus teu ngagarap deui lahan tatanen.

Ratusan hektare lahan tatanen, ceuk Asep teu bisa digarap. Saenyana lahan tatanen di Kecamatan Kutawaringin lolobana teu ngandelkeun cai hujan, tapi ti irigasi, ngan ari isuk halodo mah caina teu nyumponan kaperluan.

"Kamampuan irigasi ku kaayaan usum halodo kieu tos teu tiasa nyaian sawah. Debit cai tos kacida ngiranganana," ceuk Asep.

Ceuk Asep, Irigasi Leuwikuray contona debit caina geus kacida orot tepi ka teu bisa nyumponan kabutuhan cai keur lahan tatanen. *** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah