Bupati Bandung Medalkeun Buku Pancasila dan Kewarganegaraan

- 8 Agustus 2023, 18:00 WIB
Bupati Bandung ngalaunching buku Pancasila dan Kewarganegaraan di Gedung Moch Toha Komplek Pemkab Bandung, Soreang, Senen (07/08/2023).
Bupati Bandung ngalaunching buku Pancasila dan Kewarganegaraan di Gedung Moch Toha Komplek Pemkab Bandung, Soreang, Senen (07/08/2023). /Sopandi/Galura

GALURA -Bupati Bandung Dr. HM. Dadang Supriatna medalkeun buku Pancasila dan Kewarganegaraan. Buku nu kandelna 400 kaca teh dilaunching di Gedung Moch Toha Komplek Pemkab Bandung, Soreang, Senen (07/08/2023).

Waktu launching di Soreang harita, Bupati Bandung nyebutkeun buku Pancasila dan Kewarganegaraan leuwih neueulkeun kana kontek riwayat, sejarah tepi ka implementatif dina kahirupan sapopoe

Ka nu ngaluuhan launching di Gedung Moch Toha Komplek Pemkab Bandung, Soreang, Bupati Bandung nembrakeun kayakinana lamun nu geus paham eusi buku Pancasila dan Kewarganegaraan, kahirupan sapopoe baris luyu jeung ètika, utamana dina ngajalankeun demokrasi, pulitik, pamarentahan, jeung birokrat.

Baca Juga: Hari Sungai Nasional Bupati Bandung jeung Pandawa Grup Ngaberesihan Walungan

Kasang tukang pangna nulis buku Pancasila dan Kewarganegaraan, waktu masih kènèh sakola ya nu ngaranna penataran atawa pendidikan P4 (Pedoman, Penghayatan dan Pengamalan Pancasila).

"Saatos reformasi, ampir teu aya P4. Simkuring hariwang murang kalih urang ilang jatidirina," ceuk Bupati Bandung. Inyana miharep buku Pancasila dan Kewarganegaraan jadi buku nu gede mangpaatna.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x