Jalan Santai jeung Khitanan Massal Ngagumebyarkeun Hari Jadi ka 533 Kabupaten Majalengka

- 5 Juni 2023, 15:00 WIB
Pemkab Majalengka ngagelar Jalan Santai jeung Khitanan Massal di  wilayah Selatan Majalengka dina raraga mieling Hari jadi ka 533 Kabupaten Majalengka.
Pemkab Majalengka ngagelar Jalan Santai jeung Khitanan Massal di wilayah Selatan Majalengka dina raraga mieling Hari jadi ka 533 Kabupaten Majalengka. /Ayank/Galura

"Majalengka kagungan rayat, kabagjaan kagungan rayat, ku kituna hayu urang ngucap syukur dina gumebyarna mieling Hari Jadi ka 533 Kabupaten Majalengka. Ieu sadayana ieu kangge masarakat di Kab.Majalegka," ceuk Bupati Majalengka.

"Dinten ieu dikawitan ku gerak Jalan Santai di wilayah Selatan, saterasna kaping 14 Juni di wilayah Tengah, kaping 25 Juni di wilayah utara. Ieu kagiatan kangge mieling sareng ngareuah-reuah mieling Hari jadi ka 533 Kabupaten Majalengka," ceuk Bupati Majalengka.

Ketua Panitia Hari Jadi ka 533 Kabupaten Majalengka, H. Agus Susanto nu oge Kadinkes Mahalengka, rengse miluan acara khitanan masal di RSUD Talaga, nyebutkeun runtuyan kagiatan Hari Jadi ka 533 Kabupaten Majalengka, panitia geus ngalaksanakeun sababaraha kagiatan boh bakti sosial, pelayanaan kasehatan boh palombaan.

Baca Juga: Dina Pemilu 2024 Kuwu di Kabupaten Majalengka, Ngaleut jadi Bacaleg keur DPRD Kabupaten Majalengka

"Dinten ieu khitanan masal haratis sareng jalan santai kanggo warga di wilayah selatan. Nu ngiring khitanan masal aya 163 murangkalih nu sumebar di 8 Kecamatan wilayah selatan. Dina khitanan masal ngaubkeun tim medis ti 8 Puskesmas di wilayah selatan ," ceuk H Agus.

Nu miluan khitanan masal dibere bingkisan hadiah, panyecep, sarung, baju koko, kopeah jeung sajabana. “Pamugi murangkalih nu disepitan janten murangkalih nu soleh," ceuk H. Agus.*** Ayank R Sambara

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x